Home Warta Katumbiri Milangkala ka-28, SMPN 3 Darangdan Ngagelar Cerdas-Cermat Basa Sunda
Katumbiri

Milangkala ka-28, SMPN 3 Darangdan Ngagelar Cerdas-Cermat Basa Sunda

Share
Share

Purwakarta-Dina raraga nguatan adeg-adeg basa Sunda di lingkungan barudak, SMPN 3 Darangdan Kabupatén Purwakarta, ngagelar Cerdas-cermat Basa Sunda (CCBS). Éta kagiatan téh pikeun ngareuah-reuah “Milangkala SPENTIDA” nu ka-28 taun 2025.

Demi nu jadi pamilon CCBS téh murid SD sa-Korwil VII Kacamatan Darangdan jeung Bojong. Nu hadir dina éta acara Kepala Bidang Pembinaan Dasar Disdik Purwakarta Ervin Aulia Rahman, M.M., Ketua Korwil VII Yuswan Indrawiredja, M.Pd. Ketua Komite Sakola sareng réngréngan guru SD-SMP sabudeureun Kacamatan Darangdan.

Jirangan ngayak dimimitian poé Salasa, 22/4/2025. Piunggul kahiji dina jirangan ngayak maju ka babak final dina poé Kemis 24/4/2025. Ketua PGRI Kacamatan Darangdan, S.W. Mulyadi (Mumu) nu nyakséni dina babak final kalintang kataji ku kamahéran jeung pangawasa barudak SD dina nyangkem basa Sunda. Anjeunna ngaaprésiasi lumangsungna acara final kalayan daria.

“Mugia ieu kagiatan CCBS langkung ngaronjat pamilonna sareng aweuhanana, supados basa Sunda dipikaresep ku balaréa. Haté jeung pikiran barudak, mangrupa tatapakan anu weweg pikeun mageuhan acining basa Sunda dina kahirupan sapopoé.” Ceuk Ketua PGRI dina kamandang sabada lomba.

Minangka piunggul CCBS 2025, nyaéta: Piunggul 1 SDN 1 Linggamukti, Piunggul 2 SDN 1 Sawit, jeung Piunggul 3 SDN 2 Darangdan. (YK/Agus)*

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Katumbiri

Ngagelar Resital Nasional Angklung 2025, PPAI Mawa Tradisi Mapakan Jaman

Kota Bandung – Angklung téh kasenian tradisional Jawa Barat nu kasinugerahan Warisan...

Katumbiri

Ngagelar Wisuda Semester Genap 2024/2025, ISBI Bandung Tigin Ngawangun Generasi Motékar Tur Ngabudaya

Kota Bandung – Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI) Bandung ngagelar prosési Sidang...

Katumbiri

Ngadeukeutkeun Aksés Pendidikan ka Masarakat, Endut Miharep Aya SMA Negeri di Désa Mekarwangi

Kabupatén Bandung – Warga Désa Mekarwangi kudu nyorang lalampahan nu jauh sangkan...

Katumbiri

Legislator Tia Fitriani Medar Solusi Ngungkulan Pasualan Kulawarga

Kabupatén Bandung – Pangwangunan désa dimimitian ku kulawarga nu tohaga. Ngan sawatara...