Bandung-Geopark Ciletuh jadi bagian tina jaringan geopark dunya atawa Unesco Global Geopark (UGG). Diresmikeunana UGG Ciletuh téh mangsa Jawa Barat dipimpin ku Gubernur Ahmad Heryawan. Salila Gubernur Ridwan Kamil mah bangun nu taya guam dina mekarkeun poténsi géopark di Jabar téh. Padahal ahli géologi Indonésia kalolobaan ngariung di Bandung. Aya harepan nu mucunghul ti gubernur anyar, Dedi Mulyadi. Angot Kang Dedi Mulyadi micinta kana budaya, nu mana budaya téh salah sahiji tina mangpaat nu kaala tina ayana géopark.
Hal éta ditétélakeun ku Ketua Perkumpulan Pemandu & Interpreter Geowisata Indonesia (PERPIGI) Dr. Ir. Heryadi Rahmat, M.M. Nurutkeun Heryadi, upaya nu dilaksanakeun ku komunitas sarta kum nu miduli géopark, aweuhanana karasa kurang upama teu dirojong ku pamaréntah. Lantaran aya hal-hal nu medalna kudu tina kawijakan pamaréntah.
“Aspiring Géopark di Jawa Barat téh seueur. Mung teu acan aya pangrojong ti pamaréntah. Ketak mah aya ti komunitas sareng masarakat. Cara PERPIGI nu teras nyeukeutan kamampuh pemandu géowisata, janten nalika ngajanggélék géopark téh, di Jawa Barat mah moal kakirangan SDM,” ceuk Heryadi ka Manglé (18/1/2025).
Heryadi ngémbohan yén gunung-gunung nu ngalingkung Bandung téh mibanda tilu pilar Geopark, nyaéta: Karageman Géologi (Geodiversity), Karageman Hayati (Biodiversity), jeung Karageman Budaya (Cultural Diversity). Hartina Bandung dikurilingan Geopark, nyaéta Geopark Sunda.

Lian ti Geopark Sunda, ceuk Heryadi, aya sababaraha wewengkon aspiring géopark nu terus ditarékahan ku sakumna pihak. Saperti Geopark Galunggung, Geopark Pangandaran, Geopark Lembah Cisaar. “Gumantung pamaréntah. Ciletuh janten UGG jaman Kang Aher. Mugia baé ku Kang Dedi Mulyadi, Geopark di Jawa Barat tiasa nambihan deui. Kang Dedi micinta budaya, geopark téh adumanis ngokolakeun alam sareng budaya,” ceuk Heryadi bangun miharep.
Dosén Polikteknik Energi dan Pertambangan, Oman Abdurahman nétélakeun yén Jawa Barat téh tas miboga dua géopark, nyaéta Unesco Global Geopark Ciletuh – Palabuanratu, jeung Geopark Nasional Bogor Halimun Salak. Laju Geopark Lembah Cisaar Jatigede Sumedang keur dikembangkeun sangkan jadi Geopark Nasional. Kitu deui jeung Geopark Galunggung ngawengku pakidulan Tasikmalaya nepi ka Cipatujah.
“Wewengkon Bandung gé tiasa lebet kawasan Géopark. Ngawengku Tangkuban Parahu, Gunung Burangrang, jajaran Gunung Patuha dugi ka Papandayan,” pokna.
Ku ditetepkeun jadi géopark mah, ceuk éta aktivis Ikatan Ahli Geologi Indonesia (IAGI), aya luang nu lega pikeun miara alam, ngamumulé budaya, sarta ningkatkeun ékonomi masarakat. Oman nandeskeun yén ngokolakeun geopark téh maké konsép holistik nu ngawengku panyalindungan, atikan, panalitian, sarta pangwangunan nu mayeng.***
Leave a comment