Home Atikan Budaya Miéling Poé Basa Indung Sadunya, Waktuna Sunda Mageuhan Idéntitasna
Budaya

Miéling Poé Basa Indung Sadunya, Waktuna Sunda Mageuhan Idéntitasna

Share
Diskusi budaya dina poé kahiji kagiatan Saréséhan Budaya (18/2/2025). (foto: SC yt: infoburinyay
Share

Rumah Aspirasi Berdaya kalayan rukun gawé jeung Manglé ngagelar acara ‘Saréséhan Seni Budaya Sunda’ dina raraga Miéling Poé Basa Indung Sadunya, nu dilaksanakeun di Padépokan Seni Mayang Sunda, Jl. Peta No.209, Suka Asih, Kec. Bojongloa Kaler, Kota Bandung (18-19 Fébruari 2025). Kagiatan nu jejerna ‘Basa Sunda Jadi Pamageuh ti Generasi ka Generasi’ téh dipiharep bisa mageuhan identitas Sunda, hususna di nonoman.

Ketua Umum Rumah Aspirasi Berdaya (RAB) Dewi Daryati nétélakeun yén saréséhan seni budaya Sunda téh bagian tina ngalaksanakeun program prioritas RAB, nu salah sahijina program Busodik, Budaya, Sosial, Pendidikan. Saréséhan jadi acara munggaran di widang kabudayaan.

“Basa Sunda téh pameungkeut unggal entragan. Ngamumulé basa Sunda kalayan dijagi undak usuk, kalebet étika sareng moral. Masih seueur paélmuan nu mung tiasa diguar ku basa Sunda, alhamdulillah dipedar dina saréséhan nu narasumberna ti budayawan,” ceuk Dewi ka Manglé. (18/2/2025).

Pamong Budaya Disbudpar Kota Bandung, Rukmana Saputra, ngaaprésiasi digelarna acara saréséhan. Nurutkeun Rukmana, basa Sunda kudu diajarkeun ka nonoman ku cara nu pikabungaheun tur luyu jeung kahirupan kakiwarian. Basa Sunda téh jati diri nu ulah nepi ka tumpur.

“Dipiharep sanés mung sérémonial. Kumaha carana nyarita basa Sunda di lingkungan kulawarga. Ulah dugikeun ka jati kasilih ku junti. Basa Sunda téh mibanda ajén étika, basa rasa nu meungkeut batin,” pokna.

Saréséhan budaya dina poé kahiji (18/2/2025), dieusian ku narasumber, nyaéta: Pamong Budaya Balai Pelestarian Kebudayaan Wilayah IX Jawa Barat, Risa Nopianti, S.Sos., M. Ant, Budayawan Robby Maulana Zulkarnaen, Tokoh Masarakat Sunda Dra. Hj. Popong Otje Djundjunan, Ketua DPD PPSI Kota Bandung H. Dadang Hermansyah, S.E., AK., MM., CA.

Nurutkeun Popong Otje Djundjunan budaya téh nu ngabédakeun antar jalma. Masarakat nu mibanda ciri mandiri téh nyaéta masarakat nu pengkuh kana budaya. Ku kituna budaya Sunda kudu dipiara kalayan ngalarapkeun ajén inajén kasundaan.

“Sim kuring miharep acara sarupaning kieu téh lumangsung di sababaraha daérah sangkan dugi ka masarakat. Da sanés mung tanggung jawab komunitas budaya, nanging tanggung jawab sasarengan. Urang témbongkeun yén Sunda téh aya sareng saé,” ceuk Ceu Popong bangun miharep.

Pamong Budaya Balai Pelestarian Kebudayaan Wilayah IX Jawa Barat, Risa Nopianti, nétélakeun yén pihakna satékah polah ngalarapkeun program ngeunaan revolusi mental, moderasi agama, ningkatkeun literasi, inovasi, kreativitas. Nurutkeun Risan objek pemajuan kabudayaan téh bisa dimangpaatkeun pikeun ningkatkeun karaharjaan masarakat. Cara ngamangpaatkeunana luyu jeung Undang-Undang Pemajuan Kebudayaan Nomer 5 taun 2017.

“BPK Wilayah IX Jawa Barat téh patali sareng basa sarta budaya mah gaduh program ngamumulé, sareng mekarkeun. Tangtos ngarojong pisan acara saperto kieu. Pihak BPK peryogi pisan mimitran sareng komunitas, sarta nguatan komunikasi sareng para seniman, budayawan,” pokna.

Pintonan penca ti DPD PPSI Kota Bandung.

Ketua DPD PPSI Kota Bandung H. Dadang Hermansyah, S.E., AK., MM., CA., nétélakeun yén penca silat tas asup Warisan Budaya tak Benda. organisasi nu dikokolakeunana ngamumulé tradisi penca silat. PPSI nu ditaratas ku Ema Bratakusumah téh mayungan 200 paguron di Kota Bandung.

“Luyu sareng jejerna ‘Basa Sunda Jadi Pamageuh ti Generasi ka Generasi’, tah PPSI mah ngatik unggal entragan, ngalarapkeun basa Sunda kana nami-nami jurus, istilah, sareng paguneman,” pokna.

Budayawan Robby Maulana Zulkarnaen nétélakeun yén masih loba nu can kaguar tina kabeungharan basa Sunda. Salah sahijina tacan aya kajian nu teleb ngeunaan filosofi Sunda. Padahal éta téh mibanda ajén luhung.

“Aya kalimah nu unina, tapak meri di leuwi, tapak soang dina bantar, tapak sireum dina batu. Tangtos kaunggel rusiah ngeunaan rupaning hal. Kitu deui sareng filosofi nu sanésna. Janten basa Sunda téh beunghar ku élmu,” pokna.

Dina saréséhan poé kadua dieusian ku narasumber: Kepala Pusat Digitalisasi dan Pengembangan Budaya Sunda Unpad, Prof. Dr. Ir. Ganjar Kurnia, DEA; Kepala Balai Bahasa Provinsi Jawa Barat, Dr. Herawati, S.S., M.A; Tokoh Basa Sunda, Tatang Sumarsono; Ketua Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda, Cecep Burdansyah; Pemimpin Redaksi Majalah Manglé, Ensa Wiarna. Kagiatan saréséhan budaya nu lumangsung dua poé gé direuah-reuah ku pintonan seni budaya Sunda diantara, kaulinan barudak, penca, kendang cilik, angklung. Dihadiran ku para tokoh budaya, basa, siswa, mahasiswa, jeung masarakat.***

Share
Written by
Yadi Karyadipura -

Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Budaya

NGARAK OGOH-OGOH NGUSIR BUTHA KALA

Ditulis ku: Wijati Rikma Dewi Salian ti Galungan, Kuningan, Saraswati, Pagerwesi, reujeung...

Pedaran Budaya-Batik Trusmi
Budaya

Trusmi, Puseur Batik Cirebonan

Ku: Ceuceu Gumilang Sing saha nu kungsi ulin ka wewengkon Cirebon nu...

BMKG
Budaya

BMKG Nalingakeun Galagat Alam

Ku : Edoy Suhendar Lamun karasa aya lini, nu didagoan ku masarakat...

tradisi badud
Budaya

Badud, Hirup Teu Neut Paeh Teu Hos

Ditulis ku: Ummi Annadzriel Wanoh jeung seni badud téh mareng jeung apal...