Kabupatén Bandung-Digitech University nutup kagiatan Merdeka Belajar Kampus Merdeka (MBKM) nu dilaksanakeun ku para mahasiswa salila opat bulan. Para Mahasiswa ngalaksanakeun kagiatan nu jejerna MBKM Membangun Desa di sababaraha wilayah di Kabupatén Bandung.
Réktor Digitech University, Dr Supriyadi, S.E, M.Si., nétélakeun yén aya 210 kelompok mahasiswa Digitech University sumebar ka 200 désa di wilayah Kabupatén Bandung. Demi nu jadi agénda utama MBKM téh ngungkulan pasualan stunting sarta metakeun solusi nu mairan kabutuhan masarakat désa.

Nurutkeun Réktor, pasualan stunting mah fokus kana angka prevalansi di Kabupatén Bandung nu masih gedé. Nya dina MBKM téh mahasiswa ngadata wilayah désa nu masarakatna inggis katarajang stunting. Data nu dikumpulkeun téh laju jadi laporan nu ditepikeun ka Pemerintah Kabupatén Bandung.
“MBKM Digitech University ngabantos ngalangkungan data. Laporan baris didugikeun ka pemerintah Kabupatén Bandung. Mugia tiasa janten salah sahiji tinimbangan dina medalkeun kawijakan perkawis ngungkulan stunting,” ceuk Réktor basa nutup MBKM Digitech University di Gedong Sabilulungan, Pemkab Bandung (21/2/2025).
Réktor ngémbohan yén MBKM Membangun Desa téh diluyukeun jeung kabutuhan masing-masing désa. Aya tujuh pilihan program ti mimiti entrepreneurship, lingkungan, energi, pendidikan, sosial, sarta program husus nu sifatna téntatif. Pemerintah Kabupatén Bandung, ceuk Supriyadi, ngarojong kagiatan MBKM mahasiswa Digitech University.
“Dipiharep ngalangkungan program MBKM Membangun Desa téh para ini mahasiswa tiasa tinemu sareng rarancang pangabdian élmu pikeun masarakat désa,” ceuk Supriyadi bangun miharep.
Rektor Supriyadi mastikeun yén PTS boga peran dina pangwangunan daérah. ku kituna pihakna miharep kolaborasi jeung pamaréntah daérah bisa ditingkatkeun deui.
“Salah sahijina program MBKM. Pemerintah téh teu ngapilainkeun PTS, nanging ngarojong luyu sareng nu diperyogikeun ku PTS,” pokna.
Analis Ketahanan Keluarga DP2KBP3A Kabupaten Bandung, Ainun Bestari, ngapresiasi MBKM Digitech University. Mahasiswa bisa laporan ngeunaan isu strategis ngahangkeutkeun ngungkulan stunting. “Ngabagéakeun paguron luhur nu ngagelar sosialisasi sareng edukasi nyegah stunting di Kabupatén Bandung. Sakumaha nu kauninga yén Kabupatén Bandung téh masih ageung prevalensi stunting di Indonésia. Mahasiswa ngadata poténsi stunting di lapangan. Janten aya sumber kanggo Pemerintah Kabupatén Bandung dina medalkeun kawijakan nu janten solusi.
Leave a comment