Home Warta Katumbiri Masih Kurang Seukeut dina Nanjeurkeun Aturan Nartibkeun Réklame
Katumbiri

Masih Kurang Seukeut dina Nanjeurkeun Aturan Nartibkeun Réklame

Share
Ilustari reklame di perempatan jalan Buah Batu, Kota Bandung
Share

Kota Bandung – Anggota Pansus 3 DPRD Kota Bandung Yoel Yosaphat, S.T., nétélakeun yén pikeun ngadorong upaya nanjeurkeun hukum, Dewan Perwakilan Rakyat Daerah (DPRD) Kota Bandung ngaliwatan Pansus 3, keur ngeureuyeuh Rancangan Peraturan Daerah (Raperda) ngeunaan Penyelenggaraan Reklame, lantaran loba Reklame di Kota Bandung nu teh ngabogaan izin. Ku kituna butuh upaya dina ningkatkeun kasadaran hukum.

“Ku seueurna réklame ilegal téh Kota Bandung janten sareukseuk. Kumargi disimpenna téh teu maliré kana éstétika, tangtos ngirangan kaéndahan Kota Bandung,” pokna.

Yoel Yosaphat ngémbohan yén masih loba ogé reklame nu kualitasna teu luyu jeung standar, samalah mah paur mawa picilakaeun. Ceuk éta Pulitisi PSI DPRD Kota Bandung téh, nu jadi pamiangan DPRD Kota Bandung ngabarukeun aturan penyelenggaran reklame, sangkan leuwih seukeut dina numpurkeun réklame ilegal.

“Sanés mung nanjeurkeun aturan, perda éta gé tiasa ngadorong ningkateun pendapatan asli daerah (PAD) tina séktor reklame. Sim kuring yakin réklame nu diperenahkeun mah tiasa ningkatkeun PAD,” pokna.

Yoel ngécéskeun yén dua hal penting éta bisa patukang tonggong. Tapi dipiharep PAD bisa undak. Satutas daria dina nata téh, disusul ku ngararancang mulutan pajeg réklame. Kudu apik sangkan teu bocor, ogé pihak nu masang ulah nepi ka teh mayar.

Yoel Yosaphat ngémbohan yén éta aturan téh dipiharep bisa nartibkeun réklame ilégal. Da nanjeurkeun hukum téh tas kaunggel dina pasal. Lian ti éta, aya aturan ngeunaan titik-titik reklame atawa wilayah nu bisa jeung dipahing.

DPRD Kota Bandung miharep ku ayana éta Perda, Bandung jadi leuwih rapih dina hal réklame jeung PAD bisa undak. Moal aya deui réklame-réklame nu dipasang sakarepna nu matak picilakaeun tur ngurangan kaéndahan.

Kiwari bahasan Raperda téh tas asup pasal per pasal. Pansus 3 DPRD Kotà Bandung tas ngalaksanakeun Focus Group Discussion (FGD) jeung pengusaha Reklame. Lian ti éta, Pansus 3 DPRD Kota Bandung gé ngagelar studi banding ke Jakarta, wewengkon nu rapih nata réklame sarta bisa ningkatkeun PAD.***

Share
Written by
Yadi Karyadipura -

Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
KatumbiriWarta

BRI Masrahkeun Pakét Lebaran Pikeun PWI Jawa Barat

BANDUNG – BRI Regional Office Bandung ngaliwatan program “BRI Peduli-Berbagi Bahagia Bersama...

Katumbiri

Lawungan jeung Média, ISBI Bandung Medar Rarancang: Dies Natalis ka-57, Ngukuhkeun Dua Guru Besar Anyar, Tatahar UTBK-SNBT 2025

Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI) Bandung baris ngagelar runtuyan kagiatan di bulan...

Katumbiri

Kiper Persib Manten Muka Soccer Academi

Kiper Persib Bandung musim 2010 – 2011, Markus Haris Maulana, ngalegaan ambahan...

KatumbiriWarta

Aswan Asep Wawan, SE. Kudu Babarengan Sangkan Cibiru Jadi Leuwih ‘Mantap’

Jumaah, 21 Maret 2025, lumangsung acara Résés anggota DPRD Kota Bandung, Aswan...