Carita Pondok

Maleman Taun Anyar

Aini neuteup beungeutna dina eunteung nu geus teu cékas, eunteung warisan ti jaman ninina parawan.

Share
Carpon Lemoel-Taun Anyar Nu Ayeuna
Share

Carpon Lemoel

Aini neuteup beungeutna dina eunteung nu geus teu cékas, eunteung warisan ti jaman ninina parawan. Geus songhék lebah juruna. Heueuh, mun bisa nawar mah warisan téh sawah, kebon, mobil atawa imah nu bisa dijual. Ieu mah ngawariskeun téh simbol kamiskinan, eunteung nu geus hésé dielap sangkan hérang.

Ramdani, salakina, ogé teu jauh béda. Da atuh Cinderella kawin ka pangéran anak raja mah ukur dina dongéng. Jelema miskin mah pantesna ka nu teu boga, sakupu dina hal tuna harta. Iwal meureun mun kawas Ceu Habibah, anak uwana. Ceu Habibah mah diubar-aber ka dukun lepus, puasa mati geni dimandian di tujuh walungan jeung kuat puasa mutih. Ayeuna hasilna nyata, Kang Uday (salakina) hiji bos gedé ti pausahaan pelastik nu nyieun rupa-rupa barang, jualeun ka sakuliah nagara.


Tapi da najan kasebutna kapilanceuk bari aya, témpo rék ménta tulung mah tara wasa. Pangpangna mah ku nempo bubudénana. Keur mah lemburna misah kacamatan, najan masih sakabupatén. Kungsi kateunggar mamaras basa Idul Qurban. Kang Ramdan miluan gawé jadi tukang nyisit, jadi asana teu salah mun wani ménta kulitna bawaeun balik. Uwana mah mikeun, ngan Ceu Habibah bari jebi ngomong, “Ari nu kismin nya, ka kulit-kulit waé digubug. Keur naon atuh, rék dipoé dijadikeun simbut?”


Bulan Januari, Kang Ramdan keuna musibah. Tulang sukuna potong basa keur digawé di Haji Abas. Da teu bauan ari kana gawé mah. Némbok bisa, ngagali sumur hayu. Keur ngabéréskeun model hateup julang ngapak, sukuna tikoséwad, ngagedebut ti hateup lanté tilu. Lumayan parna, dibawa ka ahli tulang meunang genep balikan nepi nguras simpenan nu teu sabaraha.


Kaasup mendingan teu kudu ngésot da tulang tonggong jeung walikat mah bisa kénéh dibenerkeun. Ngan sukuna teu bisa dibawa gawé beurat. Leumpangna digusur, can cageur pisan duka moal bisa cageur normal sabihari. Gawéna kateug, da loba kawatesan dina gerak. Kungsi maksakeun karep milu ngaladén, ukur kuat saminggu kaburu nambru. Ceuk Si Arka anakna nu cikal mah komo kalah nyarankeun bapana maké kruk, beungeutna dicémongan, tuluy barangmaén di parapatan lampu setopan.


“Wios atuh Pa, pan dina film ogé barangmaén sok seueur artosna.”


Ukur dipolototan bari gogodeg, duka ti mana pikiran budak nepi ka kituna.


Dahuanana watireun, ngamodalan keur ngawarung jajanan barudak. Der dadagangan hareupeun imah. Kalah béak modal balas diaropi. Diteruskeun kana dagang deungeun sangu nu dikantongan lima réwuan, ukur kuat dua bulan. Loba nu nyésa jeung haseum teu bisa didahar deui.


Aini nanawarkeun jasa ngistrika atawa babantu naon waé. Meunang jadwal ngistrika jeung bébérés di imah Bu Apong jeung Bu Apri saminggu dua kali. Ngan kadieunakeun Bu Apri jadi béda rindat, horéng Pa Apri sok kaciri maling-maling teuteup mun keur aya Aini. Timburuan jeung kasieunan meureun, manis jeung campernik atuda. Ahirna Aini dititah eureun. Duka kumaha deuih, Bu Apong bet pipilueun ngeureunkeun. Padahal Pa Apong mah tara cunihin.


Asa geus taak nyanghareupan kahirupan jeung cocoba. Can deuih lamun budak dua rarungsing ménta jajan atawa kabita ku batur, ngadoni bari rarebéh. Aini ukur bisa ngarénghap bari haténa mah ngajerit. Sakapeung aral, sakapeung istigfar. Ngan lila-lila mah ngalobakeun aral, istigfarna mimiti leungit. Mukena ogé jadi arang dipaké. Ari ka barudakna mah angger ngajujurung ngaji ka DTA. Ngan manéhna sorangan geus tara muka qur’an.


Nepi ka hiji poé, Marni tatanggana ngaharéwos nawaran pagawéan énténg tapi untungna lumayan. Tapi puguh wé résikona ogé gedé. Reuwas mimitina, tapi lila-lila kaharti jeung kabita. Dibéré nomer kontak jelema nu butuheun kana jasana. Rerencepan, dadaku ka salaki rék mantuan masak di imah tatangga béda gang.

Ulah lésot hapé nu utamana mah. Apan orderan datang ti dinya.


“Niel, ditungguan di kos-kosan no 23 jalan Martanegara.”


“Ok, siap.”


“Téh, belakang SMP Andika jam tilu.”


“Mangga.”


“Bundaa, di café Bulan jam dalapan.”


“Siap.”


Niel jadi ngaran samaran manéhna dina migawé bisnis nu ayeuna. Manéhna narima panggilan, nampa bookingan … ngaladénan mahasiswa, bapa-bapa, aki-aki, malah budak sakola nu bau jaringao. Heueuh, Aini nu sasab jeung poékeun narima pangbibita Marni.


Murah deuih hargana, sakali bookingan dibandrol saratus lima puluh réwu. Ukur mahi keur béas jeung deungeunna. Teu aya induk semang, atawa mamih-mamih nu motong penghasilan, ieu mah sagala ditanggung sorangan. Trik jeung tips ti Marni dipaké. Ulah jadi genit, ulah cumentil, jeung ulah nyirikeun awéwé bangor. Angger dibaju sopan, tiung ulah diudar. Kudu sabiasana lamun hayang laluasa jeung taya nu curiga.


Pagawéan la’nat nu mimitina dirasa beurat lila-lila mah jadi kabiasaan jeung kabutuhan. Ayeuna geus rék ganti taun. Désémber geus méh tompér. Pangabutuh beuki undak. Barudak nawar hayang cara batur, ngalaman maleman taun baru bari loba dahareun jeung pésta kembang api.


Pasosoré geus saged, salim ka salaki nu neuteup hariwang.


“Kang, permios heula, kin rada wengian abdi wangsul. Ieu artos kanggo tuang wengi, tadi teu nyangu deui.

Mésér soto wé di payun. Dua porsi cekap tilueneun da sok seueur. Sing tiasa ngirit, ngarah aya sésana kanggo sarapan énjing. Sareng aya tabungan kanggo nedunan kahoyong barudak pas malem taun baru.”
Hiliwir awak Aini tina parfum murah. Ramdan ukur unggeuk bari imut maur. Lain teu nyaho, lain teu hayang nyaram. Dua bulan katukang manggih chat Aini jeung budak lalaki, Doni. Budak SMP kelas tilu, nu hayang ngasaan pangalaman déwasa. Aya deui paménta ti nu ngaran Toha, guru SD nu pamajikanana dioperasi sésar jeung gering mulan-malén. Aya deui, Abah Adang, juragan toko matrial nu hayang dibaturan ngobrol bari ngopi. Amarah jeung karumasa ngagolak dina dada Ramdani.


Harga diri salaku lalaki ancur, asa hina jeung taya guna. Tapi akal séhatna ngabaékeun, da hirup kudu angger lumangsung. Perlu dahar, perlu mayar listrik, kudu meuli sabun. Aini nu manis jeung matak tibelat lamun ngaladénan kalalakianana, geus ngabagi kamanisanana. Peurih, geuleuh, rujit, tapi angger lumpatna kana rasa teu walakaya.


Kahayang mah ngamuk nguwak-ngawik, nunjuk rorék kana beungeut pamajikan nu geus pindah pileumpangan. Tungtungna ngahinghing ceurik bari neunggulan sukuna nu dianggap jadi cukang lantaran.


Maleman taun anyar, jam sabelas leuwih saparapat Aini kakara balik. Kulutrak muka panto, kaangseu seungit daging di dapur nu ngablak muka. Ramdani jeung barudak keur pakupis beubeuleuman dina kompor jeung pembakaran. Aini melong sugema, barudakna suka bungah dina maleman taun baru. Sarua cara nu lian, siga dina film, beubeuleuman bari bungah aya kembang api.


“Mamah, ieu beuleum masmelow nu Arka yeuh mani amis. Ngelay kieu kijuna, awis nya pasti.”


“Nyaaa, ngahaja apan.”


“Mah, ieu daging naon sih mani gurih? Susan mah nembéan emam nu kieu?”


“Daging husus ti supermarket, San. Sok sing wareg, tah tambihan ku suki-sukian. Kuahna kuah tomyam.”

Ras ka nu méréna, geus sabulan ieu matuh jadi langganan nu embung didua ditilu. Bro-broan jeung teu pelit.

Enya, ayeuna Aini geus teu narima bookingan écéran nu murah, tapi jadi piaraan Kang Uday, salakina Ceu Habibah! Asa kabales katugenah ka kapilanceukna. Horéng Kang Uday babaturan Marni, basa ku Marni diasongkeun, duanana sarua reuwas, najan ahirna seuri surti.


Teuing, teu hayang nyaho kumaha lalakon ahir tina kalakuan kotor nu keur dijalankeun. Da geuning salakina sorangan semu nu ngajurungkeun. Nu penting aya duit jeung bisa neruskeun hirup. Cara peuting ieu, opatan suka seuri di malem taun baru, rupa-rupa dahareun nu arang aya disadiakeun. Kembang api nu hurungna lila, budak dua ajret-ajretan bari cécéréwétan.


Di tengah imah indung bapa jeung budak dua kasaréan kamerekaan. Tepi ka teu sadar gas dina kompor bocor jeung nyambung kana kabel stop kontak. Janari gedé, warga pahibut nempo imah Aini geus ngelun pinuh ku seuneu, pangeusina taya nu salamet.

Bandung Kaler, Desember 2024

Majalah edisi 3010

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Carita Pondok

LALANGSÉ HATÉ

Carpon Ai Karlinawati Teu karasa geus opat taun kuring jadi guru di...

Carpon Saéfudin Firmansyah-WAYAHNA
Carita Pondok

Wayahna

Pamajikanna deuih loba kahayang. Samarukna salaki jadi kepala téh kawas batur. Ieu...

Carpon Kiki Oke Yasminiati-Nu Nyampeurkeun di Candi
Carita Pondok

Nu Nyampeurkeun di Candi

Dirina pasrah tumarima kana papastén ti nu Maha Kawasa. Geus kudu kitu...

Carita Pondok

Surat dina Buku Agénda

Méméh asup katingali mahasiswa ngagimbung hareupeun rohangan kuliah. Mahasiswa lalaki sawaréh katingali...