Home Warta Katumbiri Madrasah Qur’an Asyifa Mantuan Warga Sangkan Cinta Al Quran
KatumbiriWarta

Madrasah Qur’an Asyifa Mantuan Warga Sangkan Cinta Al Quran

Share
Ustad Didi, Iis Syamsiah jeung para santri ti kolompok PAUD jeung TK. (éép nr)
Share

Tong héran mun ngaliwat ka Komplék Bumi Langgeng Blok 26 No. 13 Kacamatan Cileunyi Kabupatén Bandung, teu weléh haneuteun ku kagiatan kaagamaan saperti diajar ngaji, tajwid jeung anu lianna. Hal kitu dipingpin langsung ku nu boga éta tempat nyaéta Ustad Didi Supardi sareng istrina Iis Syamsiah.

Nurutkeun Ustad Didi Supardi, dina sapoéna téh aya lima kelas atawa kolompok nu diajar di panganjrekanana sarta dingaranan Madrasah Qur’an Asyifa.

Nu ti jam 10.00 nepi ka jam 11.30 aya 15 santri kolompok PAUD jeung TK nu diajar Iqro wungkul. Bada lohor nepi ka jam 14.00 WIB aya kolompok SD kelas 1 jeung 2 nu diajar Iqro jeung Qur’an (12 santri) sarta jam 14.00 nepi ka 15.00 WIB digunakeun ku kelas 4 nepi ka kelas 6 (25 santri) nu diajar ahlak, hapalan surat pondok jeung tajwid, ngaji sarta tahfid Juz ama.

Ustad Didi Supardi. (éép nr)

“Bada asar gé aya anu diajar 35 jalmi. Éta mah husus nu ngiringanana warga di sabudeur komplék, henteu kacampuran ku santri santri ti luareun komplék. Nu diajarkeunana perkara ahlak, hapalan surat pondok sareng tajwid, ngaji sarta tahfid Juz ama,” ceuk Ustad Didi, Kemis 20 Maret di Madrasah Qur’an Asyifa.

Kitu deui aya kolompok kalima nyaéta husus keur siswa SMP anu kabéhanana ge diajarna langsung ku Ustad Didi sareng istrina.

Lian ti ngurus Madrasah Qur’an Asyifa di panganjrekanana, Ustad Didi ogé ngajar husus ngaji di SMPN 3 Cileunyi. Kitu deui aktif di masjid kareueus warga Komplék Bumi Langgeng, Masjid At-Taqwa. Ustad Didi sok jadi guru ngaji, jadi imam sapopoé sarta méré ceramah ka mustami.

“Pokona tujuan sim kuring sareng pun bojo mah hoyong mantuan jalmi jalmi nu kirang ékonomina, tapi murangkalihna sumanget diajar kaagamaan. Numawi sagala rupina gé nu diajar di sim kuring mah henteu disuhunkeun bayaran alias diharatiskeun,” Ustad Didi nutup obrolan. ***

Manglé 3020

Share
Written by
EEP NR -

Wartawan Majalah Basa Sunda Mangle yang tegabung dalam Persatuan Wartawan Indonesia Jawa Barat. Juga Atlet Tenis Meja Porwanas Jawa Barat.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Katumbiri

Ngagelar Resital Nasional Angklung 2025, PPAI Mawa Tradisi Mapakan Jaman

Kota Bandung – Angklung téh kasenian tradisional Jawa Barat nu kasinugerahan Warisan...

Katumbiri

Ngagelar Wisuda Semester Genap 2024/2025, ISBI Bandung Tigin Ngawangun Generasi Motékar Tur Ngabudaya

Kota Bandung – Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI) Bandung ngagelar prosési Sidang...

Katumbiri

Milangkala ka-28, SMPN 3 Darangdan Ngagelar Cerdas-Cermat Basa Sunda

Purwakarta-Dina raraga nguatan adeg-adeg basa Sunda di lingkungan barudak, SMPN 3 Darangdan...

Katumbiri

Ngadeukeutkeun Aksés Pendidikan ka Masarakat, Endut Miharep Aya SMA Negeri di Désa Mekarwangi

Kabupatén Bandung – Warga Désa Mekarwangi kudu nyorang lalampahan nu jauh sangkan...