Kabupatén Bandung – Pangwangunan désa dimimitian ku kulawarga nu tohaga. Ngan sawatara kulawarga tinemu rupaning pasualan. Anggota Dewan Perwakilan Rakyat Daerah (DPRD) Provinsi Jawa Barat (Jabar), Dra. Hj. Tia Fitriani, medar solusi ngungkulan pasualan kulawarga, dina kagiatan Sosialisasi Peraturan Daerah (Perda) Provinsi Jawa Barat No. 9 tahun 2014 tentang Penyelenggaraan Pembangunan Ketahanan Keluarga Taun Sidang 2024-2025.
Éta kagiatan téh lumangsung di Kampung Bojongmondro RT 02/RW 04 Désa Mekarwangi, Kecamatan Ibun, Kabupatén Bandung, Senén (28/04/2025). Dihadiran ku Kepala Desa Mekarwangi H. Endut Suratman, Kader PKK & Posyandu, Karang taruna, Tim Relawan Dulur Satia sarta tokoh masarakat.
Tia Fitriani nétélakeun yén Perda No. 9 Taun 2014 téh medal pikeun ningkatkeun kasadaran masarakat kana pentingna katahanan kulawarga nu ngawujudkeun karaharjaan masarakat. Ku ayana Perda katahanan kulawarga, Tia miharep tatanan kulawarga téh teu robah alatan pangaruh globalisasi, dinamika sosial, ékonomi, budaya, sarta téhnologi informasi.

“Ngalangkungan ieu kagiatan dipiharep masarakat tiasa langkung ngartos kana hak sareng kawajiban dina ngawangun katahanan kulawarga. Ibu-ibu siang wengi ngurus rumah, bapa-bapa sareng putra gaduh peran nu sanés, nu silih rojong,” ceuk éta pulitisi Partéy NasDem.
Tia ngémbohan yén pasualan di kulawarga téh di antarana kontét (stunting), nikah budak kénéh, teu harmonis, papirak, trafiking, jrrd. Tia nandeskeun sangkan bisa ngungkulan éta pasualan téh kudu ludeung nyieun parobahan.
“Supados tiasa kaluar tina rupaning pasualan nu ngajiret kulawarga téh, sim kuring ngajak masarakat pikeun open mind, open heart, open will,” ceuk Tia tandes naker.
Rumus éta téh jadi pamiangan dina ngatik masarakat. Tia ngécéskeun yén masih loba masarakat nu can pati ngarti kana stunting, nu ngalantarankeunnana, sarta dampakna. Tia nandeskeun yén stunting téh lain panyakit, tapi kaganggu tumuwuhna budak. Pikeun nyinglarna nya dipahing nikahkeun jalma nu can sawawa. Laju nu keur kakandungan kudu dipariksa luyu jeung rékoméndasi kaséhatan, sarta maliré kana katuangan. Tina hal-hal éta, Tia gedé haté, pasualan stunting di Jabar bisa kaungkulan.***
Leave a comment