Puriding Puringkak

Lebah Tanjakan Peuting-peuting

Mobil tuluy ngageuleuyeung muru ka tujuan. Teu lila ti dinya kuring kasaréan. Kurang leuwih aya kana satengah jam, kuring lilir lantaran reuwas ngadéngé nu gegerenyeman, pas diregepkeun deui geuningan uwa istri keur solawatan. Kaayaan di jero mobil bet ngadadak karasa keueung

Share
Lebah Tanjakan Peuting-peuting
Share

Ku Sayyidah Nawaf Ahwatul

Geus biasa usum libur lebaran mah kaayaan di jalan raya téh kacida pisan raména. Boh ramé ku motor boh ramé ku mobil pribadi atawa mobil umum, kabéh pasesedek minuhan jalan, tujuanana sarua, rék ngadon pariknik ka tempat-tempat wisata. Kitu ogé kuring sakulawarga, unggal liburan lebaran téh sok ngarencanakeun pelesiran ka basisir, sakalian silaturahmi ka dulur nu imahna aya di wewengkon nu teu jauh ti basisir.


Ari kulawarga kuring, geus maneuh ti sababaraha taun katukang ogé lamun rék indit-inditan dina usum libur lebaran téh sok ngahajakeun inditna kasorénakeun jeung milih ngaliwatan “jalan motong”. Sabab horéam mun kudu nyanghareupan macétna, keun waé ngahaja rék saré di jalan, ngarah isukna di basisir bisa seubeuh ulin ti isuk-isuk nepi ka pasosoré .


Harita basa lebaran taun 2018, sanggeus jarah ka makam, kuring jeung kulawarga siap-siap rék indit ka daérah Garut Selatan, pernahna mah ka basisir Cijeruk lantaran aya dulur nu imahna di dinya. Indit téh wanci tunggang gunung. Nu nyupiran mobil téh uwa kuring sorangan, anjeunna mawa mobil ngaliwatan jalan Singajaya lantaran rék nyimpang heula ka dulur nu aya di Bojong. Sajajalan waktu muru ka Bojongkeun mah kaayaan di jero mobil téh ramé kénéh, hareureuy, gogonjakan saruka bungah, seuseurian bari uplek ngobrolkeun lalakon baheula basa mamah, bibi, jeung uwa ngarora kénéh. Teu karasa gening kira-kira wanci harieum beungeut kuring sakulawarga geus nepi deui di imah dulur nu aya di Bojong.


Ari ngaranna tamu, komo ieu mah deuih dulur, puguh wé sok disuguhan heula dahareun, malah mah ditawaran dahar sagala. Geus kitu mah aya anu dahar heula aya anu solat heula da geus waktuna, piligenti lantaran kabereg ku waktu téa, da nu jadi tujuan utama mah apan ka baisir Cijeruk. Teu lila ti dinya kalah hujan ngagebrét, bari nungguan hujan raat, kuring jeung kulawarga ngamanpaatkeun waktu ku ngobrol deui. Teu karasa ari dibawa ngobrol mah, hujan geus raat, wanci sareureuh budak kuring jeung kulawarga amitan da rék indit deui neruskeun lalampahan ka basisir Cijeruk.


Mobil tuluy ngageuleuyeung muru ka tujuan. Teu lila ti dinya kuring kasaréan. Kurang leuwih aya kana satengah jam, kuring lilir lantaran reuwas ngadéngé nu gegerenyeman, pas diregepkeun deui geuningan uwa istri keur solawatan. Kaayaan di jero mobil bet ngadadak karasa keueung. Simpé pisan taya sora mobil atawa motor séjén nu papaliwat, nu kadéngé ngan sora mobil nu keur ditumpakan hungkul maju lalaunan, da kaayaan jalan nu laleueur urut kahujanan. Kuring teu bisa saré deui, tuluy waé nyileuk bari ngiluan solawatan dina jero haté, ngahaja ngarah haté tengtrem jeung salawasna aya dina panangtayungan Gusti.


Sabot solawatan, culang-cileung ningali dulur nu diuk di gigireun kuring, kawasna sarua ngarasakeun naon nu ku kuring dirasakeun. Ningali ka palebah kaca mobil ka béh luar, ngadadak tingsariak, lantaran di luar tatangkalan hungkul mani poék jeung harieum. Tapi kuring tuluy babacaan sabisa-bisa sangkan ngaleungitkeun kasieun. Teu lila ti dinya, papaliwat jeung mobil ti hareup, sanajan kudu ngéléhan heula méré jalan sangkan éta mobil bisa ngaliwat lantaran jalana perwis. Ngan jadi asa aya batur keueung di jalan, mawa reugreug. Hartina lain ngan rombongan kuring wungkul nu aya di jalan téh.


Sanggeus mobil maju deui, teu lila ti dinya aya tanjakan nu kawilang netek jeung panjang, jaba jalana tarahal ku batu, karérét kacaangan lampu mobil mah, aspalna sigana geus béak kari batu koral sagaredé sirah orok.
Biasana mémang dina tanjakan ieu nu pikakeueungeun téh. Geus béda riak jeung karasana ti barang rek mimiti nanjak ogé, ti handap kénéh gé supir téh geus ngagas tarik naker. Tapi pas mobil geus maju rék ngaliwatan éta tanjakan, di tengah-tengah tanjakan, mobil ujug-ujug ngarandeg teu bisa maju deui. Késang badag késang lemut karasa ku kuring, najan loba batur ogé asa keueung jeung pikasieuneun. Teu lila ti dinya supir nitah nu araya dina jok kadua, katilu jeung kaopat kudu tarurun tina mobil, kudu leumpang ka hareup terus nungguan di pos. Kuring jeung dulur-dulur nu diuk di jok kadua, katilu jeung kaopat langsung ka luar. Nu di jok panghareupna mah nu jeung supir jeung jok pangtukangna pisan teu tarurun. Di jok pangtukangna aya indung kuring jeung dua dulur kuring, nu salah sahijina calon pangantén.


Mobil téh mundur deui, horéng sigana rék ngawahan nepi ka lampu hareup mobil teu katingali bakat ku jauh mundurna. Mobil téh lila teu datang-datang, bari teu kaciri ogé hibar cahya lampuna. Kabéh nu araya taya nu teu hariwang. Jaba kaayaan sabudeureun téh di tengah leuweung luwang-liwung. Bari kaayaan tengah peuting. Pikiran goréng nyaliara, boa-boa mobil téh kalah terus tigebrus, atawa mogok di handap, rupa-rupa pikiran goréng datang minuhan sirah.


Heuleut sababaraha belas menit mah, karék rada reugreug. Grenggg… grenggg… sora mobil kadéngé keur di gas tarik pisan, sorot cahya lampuna hibar ka hareup. Mobil téh horéng teu bisa naék, malah kungsi ngarandeg deui waé di tengah-tengah tanjakan, ngan alhamdulillah nalika digas deui mobil bisa ngaliwatan tanjakan. Sukur alhamdulillah kuring jeung dulur-dulur salamet nepi ka imah dulur kuring nu aya di basisir Cijeruk. Gening sanggeus tanjakan éta téh aya meureun 1 km deui ka jalan raya.


Sanggeusna nepi di imah dulur jam 2 janari, supir karék wani nyarita yén tadi di jalan manéhna poho henteu ngelaksonan heula. Enya geus biasa meureun urang ogé ngadéngé mitos-mitos di jalan nu kudu ku supir dilakonan lamun pareng ngaliwatan jalan-jalan “husus” nu loba kacaritakeun atawa pikageugeumeun. Mobil téh cenah kalah karasa beuki beurat leuwih-leuwih ti saméméh kuring nu aya di jok dua, tilu jeung opat tarurun. Rarasaan téh cenah aya nu ngagusur ka tukang jeung mawa muatan nu kacida pisan beuratna. Kuring ngabirigidig ngadéngéna. Untung teu dicaritakeun waktu di jalan. Ngabandungan di imah ogé geus asa tingpuringkak.


Teu kungsi lila ti dinya, dulur kuring anu diuk di jok pangtukangna ogé mairan, cenah pas di tengah-tengah tanjakan jaketna murag kana bagasi ditukang, tuluy ku manéhna dirongkong bari malik ka tukang. Barang rék nyokot jakét, karérét tukangeun mobil téh siga aya mobil ogé nuturkeun ampir paadék pisan. Lampuna béda ti mobil-mobil séjén, cahayana bodas moncorong, ari disidik-sidik siga lain mobil, nu nuturkeun téh siga sato sagedé mobil nu rék ngerekeb. Teu gareuwah ka nu séjén cenah, geuwat waé babacaan sabisa-bisa bari meureumkeun panon.


Sanggeus dulur kuring nyaritakeun naon anu dirasakeun ku manéhna pas di jalan, kreekkkk…. jandela nu di tengah imah jol-jol méléngé. Jep jarempling lantaran ngadadak muriding. Blug! Di luar kadéngé sora jiga aya nu murag tapi duka naon. “Geura sararé, geus jam 2 janari, laina isukan rék muru sunrise,” nu boga imah nitah saré bari mareuman lampu. Lamun dipikir-pikit sora naon tahhh?! Boa nuturkeun? Wallohualam.***

Nu nulis, mahasiswa teureuh Garut. Kiwari nyuprih elmu di jurusan Sastra Sunda Fakultas Ilmu Budaya Universitas Padjadjaran entragan 2022.

Edisi majalah: 2977

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Puriding Puringkak

Sanggeus 24 Taun

Meureun nu peuting téh hayang ulin jeung alo kuring, nu sok padahal...

Puriding Puringkak

Orok Leungit Tina Aisan

Ku Agus Mulyana Dicarék éta ogé ku mitohana mah. Ulah waka mulang,...

ilustrasi puriding puringkak
Puriding Puringkak

Datangna Alatan Diondang

Imah nu mimitina tingtrim téh jadi kacirina geueuman saprak dicicingan ku pangeusi...

Puriding Puringkak 3006
Puriding Puringkak

Nu Ngageugeuh Rohang Kelas Tilu

Ku: Komala Sutha BAKU ari geus maksa téh. Éka, budak cikal Agus...