Home Warta Katumbiri Lawungan FWP Jabar Medar Préstasi & Pasualan Pendidikan
Katumbiri

Lawungan FWP Jabar Medar Préstasi & Pasualan Pendidikan

Share
FWP Jabar lawungan kalayan narasumber ti éksékutif, législatif, pihak sakola.
Share

Kota Bandung – Forum Wartawan Pendidikan (FWP) Jabar ngagelar Diskusi Pendidikan ahir taun 2024, nu jejerna “Evaluasi Capaian Prestasi di tahun 2024, PR dan Harapan di Tahun 2025”, nu lumangsung di Hotél Rooms Inc d’Botanica Bandung, Jalan dr. Djunjunan Dalam No. 143-149 (30/12/2024). Hadir sawatara narasumber, nyaéta Ketua Komisi V DPRD Jabar, H. Yomanius Untung, S.Pd., Kepala Balai Teknologi Informasi dan Komunikasi Pendidikan (TikomDik), Dinas Pendidikan Jabar, Dr. Firman Oktora, S.Si., M.Pd., Pangurus Puseur Asosiasi Komite Satuan Pendidikan Indonesia, Dra. Rachmi Krisdiani,  Kepala SMKN 4 Kota Bandung sakaligus Pangurus MKKS SMK Jabar Bidang Link & Match, Dr. Agus Setiawan, S.Pd., M.Si, kalayan moderator Ketua Forum Wartawan Pendidikan Jabar, Ahmad Mualif.

Kepala TikomDik Disdik Jabar, Dr. Firman Oktora nétélakeun yén ti tanggal 23 Januari 2024, Dinas Pendidikan Jabar tas ngalaksanakeun transformasi nu miang kana opat tetekon: Dynamic Governance, Network Governance, Whole of Governance, Digital Governance. , Dr. Firman nandeskeun yén tarékah éta tarékah kahiji pikeun nyanghareupan tangtangan globalisasi, digitalisasi, jeung meuntas entragan.

Dynamic Governance neueul kana fleksibilitas dina mapakan jaman. Demi Network Governance mah kolaborasi pentahelix,” ceuk Dr. Firman tandes naker.

Kepala TikomDik Disdik Jabar, Dr. Firman Oktora (tengah) nepikeun pedaran.

Dina konteks Digital Governance, émboh Dr. Firman, Dinas Pendidikan nyurup kana kamajuan digital. Demi Whole of Governance mah nyingkahkeun hahalang dina ngokolakeun pendidikan.

Upaya kadua, écés Firman, Dinas Pendidikan Jabar nguatan téhnologi informasi jeung komunikasi pendidikan. Pihakna tas ngalaksanakeun integrasi one stop service, single sign on, nyadiaan informasi pendidikan ka masarakat dina website disdik.jabarprov.go.id.

Katilu, ngawalatrakeun aksés pendidikan. Satadina aya 16 kacamatan nu can boga SMA/SMK, boh negeri atawa swasta. Ayeuna tas ngurangan jadi 15 kacamatan. Dr. Firman ngécéskeun yén Disdik Jabar tas ngaanalisis 15 kacamatan kasebut.

“Nu diimeutan téh demografi masing-masing kacamatan. Yuswa nu mangsana sakola. Tiasa diwangun sakola anyar, atanapi alihkeun pangwangunan ka kacamatan nu gegek,” pokna.

Dina PPDB 2024, ceuk Dr. Firman, Dinas Pendidikan Jabar miroséa ka masarakat miskin ékstrem nu aya aksés langsung ka SMA/SMK negeri atawa swasta luyu jeung alamatna. Dr. Firman nandeskeun PPDB 2024 mah lumangsung kalayan Beresih, Objektif Akuntabel, Transparan. Bisa nyingkahkeun prakték siswa titipan jeung pungutan liar. Lian ti éta, 128 kacamatan nu can boga SMA/SMK negeri, Dinas Pendidikan Jabar tas merenahkeun sakola di kacamatan pangdeukeutna.

“Contona di Kota Bandung, lulusan SMP di Kacamatan Cinambo tiasa daftar di sakola pananggeuy saperti SMAN 24 di Kecamatan Ujungberung. Di sakola pananggeuy aya kuota husus 36 siswa ti SMP nu barénten. Tas diwidian ku Kemendikbud,” pokna.

Kaopat, Dinas Pendidikan Jabar tigin ngawangun sumber daya manusia (SDM) pendidikan unggul. Wajib boga kaahlian boh keur kepala sakola, guru, tenaga kependidikan, jeung siswa. Pihakna rukun gawé jeung BPSDM dina ningkatkeun kompetensi.

Realisasi anggaran Dinas Pendidikan Jabar di taun 2024 ngahontal 99 persén. Préstasi Disdik Jabar nampa pangajén Kepatuhan Penyelenggaraan Pelayanan Publik Tahun 2024 ti Ombudsman RI, pangajén Badan Publik Informatif ti Komisi Informasi Provinsi (KIP) Jabar, juara umum O2SN tingkat nasional 2024, rata-rata lama sekolah (RLS) undak tina 8,83 taun jadi 8,87 taun.

Laju Disdik Jabar narima pangajén Perangkat Daerah Terbaik dalam Sinergi dan Kolaborasi “Sertifikasi Kompetensi” sarta “Pengembangan Kompetensi Teknis Inti Berbasis Corporate University” dina kagiatan Symphonia BPSDM Jawa Barat 2024, nyangking juara dua dina Sub Kategori Trending Narasi of The Year Perangkat Daerah Jawa Barat “Humas Jabar Awards 2024.” Dr. Firman miharep di taun 2025 mah préstasi téh bisa undak deui kalayan dibarung ku tarékah ngabebenah. Nurutkeun Dr. Firman taun 2025 mah aya kepala daérah anyar. Medal kawijakan pendidikan nu aya dampak positif kana kualitas siswa. Disdik Jabar komitmen ningkatkeun ajén sakola, ngokolakeun nu nembrag jeung akuntabel, sarta ningkatkeun RLS.***

Mangle No. 3010

Share
Written by
Yadi Karyadipura -

Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Katumbiri

Plt IKWI Resmi Ditunjuk Dina Perayaan HPN 2025 di Riau

PEKANBARU:  Ikatan Keluarga Wartawan Indonésia (IKWI) ngalaksanakeun silaturahmi nasional jeung konsolidasi nu...

Katumbiri

Puncak Dipiélingna HPN 2025 di Riau Menkomdigi: Waktuna Mentés Kawani, Integritas, jeung Sumanget Juang

Pekanbaru, 9 Fébruari 2025 – Puncak Dipiélingna Hari Pers Nasional (HPN) 2025...

Katumbiri

Ngararapih Réklame di Kota Bandung Butuh Perda Anyar

Kota Bandung – Ketua Pansus 3 DPRD Kota Bandung, Dr. Ir. H....

Katumbiri

Dibekelan Sertifikat BNSP Lulusan SMKN 5 Bandung Babari Digawé

Kota Bandung – Siswa tingkat ahir di sakabéh jurusan nu aya di...