Home Gaya Hirup Pepetétan Bentang Sulintang Latisha Nayyara Purnama Hayang Jadi Modél Profésional
Bentang Sulintang

Latisha Nayyara Purnama Hayang Jadi Modél Profésional

Boga modal jangkung 166 cm jeung rupa geulis, Latisha Nayyara Purnama terus ningkatkeun kamampuhna dina dunya modél di Revi Modeling Academy nu dilatih ku Coach Andri Kartiwa sarta Bunda Revi Lantika.

Share
Bentang Latihsa
Share

Boga modal jangkung 166 cm jeung rupa geulis, Latisha Nayyara Purnama terus ningkatkeun kamampuhna dina dunya modél di Revi Modeling Academy nu dilatih ku Coach Andri Kartiwa sarta Bunda Revi Lantika.

Hasilna? Sababaraha pangajén nu mangrupa sértifikat jeung piala kacangking ku Latisha Nayyara Purnama. Diantarana Juara 1 Lomba Fotogenic Jawa Barat jeung réa-réa deui.

Najan ancrub di dunya modél bari remen juara di ditu-di dieu, Latisha Nayyara Purnama nu sapopoéna sok pada nyebut Nayya téh henteu poho kana widang kaagamaan. Buktina Nayya meunang sértifikat lulus tahfidz juz 30.

“Éta mah waktos sakola di SD Tunas Unggul,” ceuk Nayya reueus.

Nayya putrana Bapa Afriandi Purnama (karyawan swasta) sareng Ibu Putri Primasari nu gaduh Nayyara Collections téh dilahirkeun di Maryland, Washington DC Amérika Serikat, 8 Novémber 2011. Panganjrekanana di Komplék Permata Arcamanik Bandung.

Kiwari ieu Modél Cilik nu sakola di SMP Global School kelas 7 téh hobina lian ti dunya modél nyaéta travelling jeung dancing sarta mikaresep warna kayas. Ari cita cita?

“Hoyong janten modél proféssional,” ceuk Latisha Nayyara Purnama tandes naker. Mugia Néng tinekanan.

Share
Written by
EEP NR -

Wartawan Majalah Basa Sunda Mangle yang tegabung dalam Persatuan Wartawan Indonesia Jawa Barat. Juga Atlet Tenis Meja Porwanas Jawa Barat.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Bentang Sulintang

Deishana Setyaningrum Resep Olahraga nu Hayang Jadi Dokter

Najan kasebutna rada hésé diatur, tapi Deishana Setyaningrum kaasup réa kabisa jeung...

Bentang Sulintang

Chelsea Malik Alfarano Juara 1 Lomba Foto Bayi

Ari geus kuduna mah boga préstasi, henteu kudu ngadagoan gedé heula. Najan...

Bentang Sulintang

Lubna Putri Firdaus Hoyong Jadi TNI Angkatan Darat

Saha nu nyangka lamun Lubna Putri Firdaus téh cita-citana hayang jadi tentara....

Bentang Latihsa
Bentang Sulintang

Latisha Nayyara Purnama Hayang Jadi Modél Profésional

Boga modal jangkung 166 cm jeung rupa geulis, Latisha Nayyara Purnama terus...