Kota Tasikmalaya terus bebenah. Utamana dina pangwangunanna ti mimiti Jalan HZ Mustofa anu disulap siga Jalan Malioboro di Jogja nepi ka Lapang Dadaha anu disebut sebut Senayanna Tasikmalaya. Naon waé nu aya di sabudeur Lapang Dadaha?
Bisa disebutkeun kumplit. Loba paragi sarana olahragana, aya tempat ulinna, sarta ramé ku nu daragang. Henteu anéh lamun Komplék Olahraga Dadaha Kota Tasikmalaya anu ngadeg dina lahan kurang leuwih 15 héktar téh jadi salah sahiji tempat pirmadona keur masarakat kota, hususna warga Kota Tasikmalaya.
Hal kitu téh geus ti baheula mula, malah jadi tempat ngabuburit nu dipikaresep. Kitu deui kungsi dipaké tuan rumah PORDA Jabar sarta sababaraha wangunan titinggal warisan PORDA téh kiwari masih aya dikieuna.
Sawatara ayeuna sapanitén Manglé basa lolongok ka Komplék Olahraga Dadaha dina pertengahan Désémber 2023, rénovasi terus dilakukeun. Najan can réngsé, masarakat nu geus sono kana salah sahiji kareueus kotana, terus daratang.



“Utamina mah dina dinten dinten libur. Aya anu balanja atanapi ngaraosan kulinérna, anu ngadon popotrétan sareng anu ngahajakeun badé olahraga,” ceuk Ibu Nenny Nurulhuda, warga Jalan Citapén.
Nurutkeun Nenny, dirina ngarasa reueus minangka asli warga Kota Tasik ngabogaan Lapang Dadaha. Komo kiwari keur dirénovasi anu pastina bakal leuwih pikabetaheun. Keur kalolobaanana warga kota Tasikmalaya, Lapang Dadaha réa neundeun panineungan.
“Nu tos teu aya mah tempat balap kuda,” ceuk Nenny deui nu ti jaman sakola di SD, SMP malah nepi ka kiwari geus incuan masih osok ulin ka Dadaha.
Di Komplék Olahraga Dadaha Kota Tasikmalaya sarana olahraga kawilang lengkep. Keur ukuran kota anu kasebut leutik mah sigana Tasikmalaya nu pangpunjulna. Di dinya aya stadion méngbal jeung aya tempat jogging.
Di GOR Sukapura nu masih di lingkungan Dadaha aya lapang baskét jeung lapang voly anu sakali kali mah sok dipaké pagelaran musik atawa seni lianna. Malahan aya GOR Susi Susanti, minangka kareueus jeung pangéling ngeling pamaréntah Kota Tasikimalaya ka salah saurang pamaén légénda badminton Tasikmalaya nu geus cumarita di tingkat dunya.

Kitu deui aya Gelanggang Générasi Muda Tasikmalaya nu remen dipaké tempat pertandingan béla diri, senam jeung nu lianna. Pokona kawilang kumplit, aya lapang ténes, tempat ngojay jeung anu séjénna. Nu panganyarna sarta can diresmikeun nyaéta Tasik Creative Center.
Lian ti kitu di Komplék Olahraga Dadaha aya sababaraha taman anu bisa dipaké istirahat ku nu daratang. Taman taman éta biasana dimangpaatkeun ku nu daratang pikeun ngasuh barudakna, sabab aya tempat pangulinan sagala.
Diarep-arep
Komplék Olahraga Dadada anu perenahna di tengah kota téh sabagian wilayahna asup ka Kacamatan Cihideung jeung sabagian deui asup ka Kacamatan Tawang.
Nu raos téh ayana di tengah kota. Ka alun alun caket, ka tempat balanja gé sapertos ka Jalan Cihideung sareng Jalan HZ Mustofa anu sering disebat Mailoborona Tasik caket pisan. Janten upami seueur waé anu sarumping téh teu matak héran
Nenny nerangkeun
Masarakat Kota Tasikmalaya kawas anu teu sabar, hayang geura nyaksian jeung ngararasakeun fasilitas anyar anu aya di Komplék Olahraga Dadaha. Kabuktian sanajan masih réa tempat tempat anu can resmi dibuka sarta masih dihalangan ku tanda tanda teu meunang asup, keukeuh réa anu totorobosan asup saukur hayang dipoto bélaan maling maling ti nu jaga.
Nu jelas wangun payung geulis nu jadi ciri Kota Tasikmalaya henteu leungit. Siga di Jalan Cihideung jeung Jalan HZ Mustofa, payung payung anu fungsina lain keur hiasan wungkul téh réa di Dadaha. Mun geus réngsé sarta diresmikeun, kamungkinan gedé Komplek Olahrga Dadaha Tasikmalaya bakal leuwih dipikareueus sarta didatangan warga kota.
“Margi idéal sagala rupina. Kanggo nyalurkeun karesep sakaligus ngajaga kaséhatan ku olahraga tiasa, badé jajan atanapi ngaraosan kulinér ciri Kota Tasik aya. Ka tempat puseur balanja ogé caket. Nu jelas Komplék Olahraga Dadaha téh ayana di tengah kota,” Nenny nutup obrolan. *** (éép nr)
Edisi majalah No.2962
Leave a comment