Carita Pondok

LALANGSÉ HATÉ

Share
Share

Carpon Ai Karlinawati

Teu karasa geus opat taun kuring jadi guru di ieu lembur. Di léléngkob lembur Kubang. Lembur nu nyingkur dilingkung ku gunung.

Ku dipaksakeun mah, matuh di lembur teu burung jadi betah. Salila opat taun kuring teu tepung jeung nu jadi kolot. Sungkan mulang ka lembur. Sieun panggih jeung…

Asa kamari kajadian nu matak ngagudawangkeun haté kuring. Aéh, naha bet jadi rus-ras ka mangsa ka tukang? Rasa teu betah jeung keueung jauh ti kolot ngan kaalaman salila tilu bulan. Kadieunakeun mah éta rasa téh leungit. Kasilih ku resep, kagagas ku saroméahna masarakat di ieu lembur. Guru di lembur ieu mah kacida dihargaanana boh ku murid boh ku masarakatna. Mun panggih teu weléh naranya. Geus jadi sabiwir hiji karék tilu bulan gé, ngaran kuring geus nelah “Néng Guru”. Ma’lum kuring kaasup guru awéwé pangorana di ieu sakola.

Teu cara waktu keur ngahonor di kota, barudakna keur balangor téh kurang kana kasopanan. Kajeun panggih paadu irung jeung guru gé, tayohna tibatan sasalaman mah kalah ka ngabéngbéos.

“Assalamualaikum…! Sampuraasuuun…!”

Ti luar kareungeu aya nu uluk-salam. Asa wawuh kana éta sora.

Lamunan ngalayang deui neruskeun pikiran nu tadi ngolémbar kana kajadian opat taun ka tukang.

            Naha bet inget ka manéhna? Astagfirullohaladzim. Naha kalangkang manéhna bet némbongan deui? Manéhna mah geus aya nu miboga, geus timu jeung kabagjaan.   

“Néng Guru nuju kulem henteu?” ti luar kadéngé sora Ambu ngagentraan.

Ambu téh nu boga imah nu dicicingan ku kuring. Ari ngageroan téh tara nyebut ngaran, tapi sarua jeung nu séjén “Néng Guru”.

Rekét, sada nu muka panto.

”Hayoooh, baku Néng Guru mah ari tos ngalamun téh. Sigana nuju ngalamunan beubeureuh nya? Tuh, sigana itu nu dilamunkeun ku Néng Guru téh!” ceuk Ambu bari nunjuk ka rohangan tamu.

            ”Ah, Ambu mah, beubeureuh ti mana? Sareng saha nu kersaeun ka abdi atuh!”

Da jeung enyana, salila opat taun di dieu can kungsi dianjangan ku lalaki, boh babaturan boh dulur. Kacipta, haroréameun ulin ka lembur tengah leuweung mah. Matak anéh ayeuna bet aya sémah nu ngadon nganjang ka dieu.

            ”Tamu ti mana saurna Mbu?” kuring malik nanya.

            ”Ari nyebatna mah tatanggi Enéng!” jawab Ambu.

            ”Tatangga?” kuring kerung, “Ké antos sakedap kituh.”

            ”Mangga Néng,” témbal Ambu bari ka luar.

Sabot masangkeun tiung haté kuring teu weléh galécok. Gusti, saha atuh nya? Ari sorana mah bet siga sora… Ah maenya los-los ka dieu? Nyaho ti saha kuring aya di dieu?

Di tepas kadéngé sora Abah, salakina Ambu, keur gepyak ngobrol jeung éta sémah. Beu, mani langsung omhang kitu eta sémah. Abong Abah mah kolot akuan jeung soméah, matak piconggaheun.

Beuki deukeut ka tepas haté beuki ratug. Beuki écés nu miboga éta sora. Gebeg, jajantung asa murag! Mun teu éra mah ku Abah, hayang malikkeun deui ieu awak ka kamar. Tapi ieu suku teu bisa diléngkahkeun, panon teu bisa ngiceup. Terus paadu teuteup jeung sémah nu geus lawas teu panggih.

Ya Alloh, geuning…

”Assalamualaikum…!” éta sémah miheulaan uluk salam bari nyampeurkeun kuring nu masih hareugeueun.

            ”Wa’alaikumsalam…” témbal kuring bari tungkul teu werat nyumputkeun cimata nu mimiti nyalangkrung. Lalampahan opat taun ka tukang narémbongan. Kuring teu maliré kana leungeun nu keur nyolongkrong.

“Aéh, ari Néng Guru kalah ka ngadeg di dinya? Éta Cép Yana tos payuneun!” sora Abah muyarkeun lamunan. Cimata nu rék murubut geuwat disusut ku dampal leungeun. Sieun katohyan ku Ambu jeung Abah.

            ”Pék kadinyah ngobrol Cép, ayeuna mah tos aya Néng Guruna.”

            ”Badé ka mana atuh Bah?” ceuk éta sémah.

            ”Itu embé can dibéré jukut. Tuh geus disarada ménta parab,” témbal Abah bari ngaléos ka tukangeun imah.

Satutasna Abah ninggalkeun, kuring jeung sémah ngan pabetem-betem. Ari kuring mah bingung naon nu kudu diomongkeun.

“Ehem…,” éta semah déhém. Tuluy pok, ”Kumaha Nia damang?”

            ”Alhamdulillah. Kumaha Tétéhna sareng Dinda di ditu daramang?” kuring malik nanya.

            “Hemmhh,” manéhna ruménghap teu langsung némbalan pananya kuring, “nya ari Tétéhna mah kitu wé. Angger tiktikbrek ti sanggeus ngalahirkeun téh.”

            ”Emh kutan? Parantos dilandongan ka mana waé?”

            ”Tos ka dokter. Ka alternatif di mana waé aya nu ngawartosan pasti dijugjug. Tapi teu acan damang waé geuningan. Malahan mah cenah ayeuna téh keur dirawat,” jawab Kang Yana.

            ”Haar, ari Akang naha atuh istri nuju teu damang bet wantun ngantunkeun, kalah ka los ka leuweung?” kuring rada nyureng.

            “Is, ulah waka nyeuseul atuh!” ceuk Kang Yana.

            “Ngéwa atuh da Nia mah. Mani aya ku téga ngantunkeun nu teu damang. Ari Dinda sareng saha atuh?”

Aéh, naha nya bet jol-jol nyarékan batur? Ah da éta mah urusan manéhna. Jeung rék naon atuh nya manéhna téh wani-wani datang ka dieu? Jeung nyaho ti saha manéhna kuring aya di ieu lembur? Geus méh opat taun kuring satékah polah mopohokeun manéhna, wuri-wuri ayeuna ujug-ujug datang ka ieu tempat.

“Nia, ku naon kalah ka jempé?” Kang Yana nanya meuraykeun lamunan.

            “Emh, éta nuju ngémut. Aéh, dupi Akang badé aya pikersaeun naon sumping ka dieu, sareng uninga ti saha abdi aya di dieu?”

            ”Har ari Nia, pan Akang téh ngahaja ngalongok Nia sanajan tebih-tebih ogé. Da mun seug terang ti kapungkur mah moal teu saban minggu Akang ka dieu. Terang téh ti Wawan, meunang maksa éta ogé keresa ngawartosan. Pajarkeun téh dirahasiahkeun di mana ayana Nia. Emh, mani ku téga Nia ka Akang,” Kang Yana norowéco.

            ”Akang nyebat téga ka Nia! Langkung téga mana sareng Akang nu ngaraheutan haté Nia? Ngaburantakkeun harepan Nia! Ngawiwirang Nia sareng kulawarga Nia! Ngabolaykeun tunangan urang nu ngan sabulan deui ka balé nyungcung!” témbal kuring teugeug ngabudalkeun katugenah.

            ”Aduh Nia, hapunten Akang teu aya niat badé ngaraheutan manah Nia, ngawiwirang kulawarga Apa sareng Ema Nia. Teu! Harita mah kapaksa ku kaayaan, nutupan wiwirang kulawarga nu jadi paman.”

“Ayeuna tebih-tebih Akang ngajugjug ka dieu teu aya sanés hoyong ngabudalkeun kasono ka Nia. Hoyong ngabudalkeun katugenah. Akang rumaos salah, harita teu gancang-gancang wakca ka Nia nyebutkeun naon pangna Akang ninggalkeun Nia.”

Meg! Asa aya nu neumbag kana dada. Kang Yana sono? Sono ka kuring? Kang Yana nu geus ngagudawangkeun haté kuring wani nyebut sono ka kuring?

“Istigfar Kang, teu kénging nyarios kitu! Akang téh tos kagungan istri. Sing émut ka Dinda putra Akang. Pan urang mah tos lain-lainna deui, kitu pan cariosan Akang waktos badé nikah ka Téh Tita,” témbal kuring.

Kang Yana katémbong carindakdak dicaritaan kitu téh.

”Kumaha Nia betah ngajar di dieu?” Kang Yana méngkolkeun omongan.

            ”Alhamdulillah betah,” témbal kuring pondok.

            ”Sukur atuh ari betah mah. Teu aya niat ngalih deui ka kota?” Kang Yana nanya.

            ”Duka. Danget ayeuna mah teu acan kaémut ngalih. Iwal upami…,” kuring teu kebat nuluykeun nyarita, kaburu ditémpas mantén ku Kang Yana, ”upami aya nu ngalamar nya?”

            Maké jeung nanya kitu. Tuluy jempling sakedapan.             

“Saleresna mah Akang téh badé aya taroskeuneun ka Nia,” tuluyna téh, “éta ogé manawi Nia teu kaabotan.”

            ”Aya picarioseun naon?” témbal kuring rada panasaran.

            ”Emhh…, ari Nia ayeuna tos kagungan beubeureuh?” nanyana bangun asa-asa, sieun kuring kasigeung haté meureun.

Beubeureuh? Salila opat taun nganjrek di ieu lembur, kuring teu kungsi mikiran beubeureuh. Nu enggeus-enggeus gé kalah ka ngagudawangkeun haté, neundeun pipanyakiteun wungkul.

Kabayang deui harita, poé Ahad tangal 6 Juni. Waktu kuring karék balik liburan ti Yogyakarta, kuring amprok jeung abringan pangantén. Ari dirérét, beg! Haté mani rampohpoy! Singhoréng abringan kulawarga Kang Yana. Kang Yana maké jas hideung jeung kopéah. Kang Yana nu jadi pangantén lalakina. Dunya asa kiamat! Mun teu ingét kana purwadaksi sigana harita kuring geus kapiuhan.

Peutingna, Kang Yana datang ka imah kuring, rék cacarita, ngan ku kuring teu ditepungan.

“Kumaha Nia…?” sora Kang Yana meuraykeun deui lamunan, “Nia kumaha? Akang ayeuna mah badé wakca…”

Kang Yana ngarandeg. Teup, panon kuring paadu teuteup jeung manéhna. Emh, kaalaman deui geuningan kuring neuteup Kang Yana, lalaki nu kungsi jadi kembang impian. Enya, Kang Yana nu geus ngagudawangkeun haté kuring.

“Nia, saleresna mah Akang sareng Téh Tita tos tilu taun pisah…” Kang Yana ngarandeg.

            ”Geuning? Naha apanan tadi saur Akang, Téh Tita nuju dirawat?”

            ”Muhun. Tos saminggu Akang téh kénging wartos ti Cianjur, ti carogéna Tita.”

            “Haar,  naha geuning tos nikah deui Téh Tita téh?” kuring beuki héran.

            “Leres. Tos tilu taun Tita téh nikah ka Galih. Palay uninga naon alesan Akang pisah sareng Tita? Saleresna mah Tita jeung Akang téh dulur. Tita kapiadi Akang. Harita Tita geus hahadéan jeung Galih ti jaman SMA kénéh. Akang jeung Galih téh akrab. Uninga pan Nia basa éta Akang sasat dikukut ku sepuhna Tita, lantaran nu jadi kolot Akang mah teu mampuh nyakolakeun. Alatan sepuhna Tita sasatna akang bisa jadi sarjana, bisa boga gawé nepi ka ayeuna.”

Manéhna ngarénghap sakeudeung. Tuluyna téh, “Hiji waktu basa Akang wangsul damel, nguping Tita keur ceurik diseukseukan ku Mamang jeung Bibi. Ari didéngékeun singhoreng Emang jeung Bibi keur bingungeun ngadéngé laporan ti tatangga yén Tita téh keur kakandungan. Waktu ditalék, Tita ngaku. Ngan hanjakalna nalika Tita rék ménta pertanggungjawaban, Galihna geus indit, meunang tugas pendidikan ka Selandia Baru ti kantorna. Nya alatan Akang karunya ka Tita, bari jeung rumasa kahutangan budi ku kolotna, antukna Akang sanggup ngawin Tita. Hanjakal Akang harita teu dipasihan kasempatan ku Nia pikeun ngadugikeun alesan Akang ninggalkeun Nia.”

Mani panjang lébar Kang yana cacaritana. Cenahna deui, ngan ku cara éta Kang Yana bisa mulang tarima kana kahadéan budi pamanna. Ahirna sapuk, Kang Yana nikah jeung Tita. Ngan sanggeus budak lahir, Tita kalah brek gering. Tuluy aya surat ti Galih yén manéhna inget baé kana naon nu geus dipilampahna. Galih boga kasempetan mulang ka Indonesia ku sabab aya tugas ti perusahaanana. Galih harita nyelang nepungan Tita. Harita kénéh Tita diserahkeun ku Kang Yana, tuluy pruk nikah ka Galih. Tuluyna mah dibawa ka Selandia Baru. Karék sataun di dituna, mulang deui ka Indonésia da Tita geringan waé.

“Sanaos kantos jadi salaki Tita, Akang mah can kantos saré reujeung, lantaran niat nikah ka Tita téh ukur keur nutupan omongan tatangga,” pokna téh, “Tah kitu, Nia, lalakon Akang téh…”

Alesan, alesan ti Kang Yana nu hayang ditarima ku kuring opat taun ka tukang. Hanjakal telat. Telat, lantaran haté kuring geus gudawang mantén.

“Kumaha Nia patalékan Akang? Geura waler ku Nia!” ceuk Kang Yana ménta kapastian.

            “Kumaha upami Nia tos gaduh?” témbal kuring.

            ”Emh, jadi atuh raheut haté Akang téh ku Nia. Muga-muga wé Nia teu acan kapincut ku pameget nu sanés. Muga-muga Nia kersa malikan deui lalakon urang nu kandeg salila opat taun. Upami Nia satuju, énjing ogé Akang wantun nepangan Apa Nia, urang geura nikah,” Kang Yana terus nyarita ngedalkeun angen-angenna ka kuring.

Dunya asa caang. Langit nu kahalangan méga hideung mimiti béngras deui lir nu nganyahokeun kumaha kaayaan haté kuring. Rereged anu jadi bangbaluh dina haté mimiti peuray. Angen-angen nu éndah mangsa opat taun ka tukang narémbongan deui.

Ya Alloh Nu Maha Rahman Rohim. Mung Anjeun nu kagungan ieu haté. Mung Anjeun nu tiasa ngusik-malikkeun ieu haté.***

*) Nu ngarang, Guru Basa Sunda SMPN 5 Purwakarta

Kantos medal di Mangle No. 3011 | 16 – 22 Januari 2025

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Carpon Saéfudin Firmansyah-WAYAHNA
Carita Pondok

Wayahna

Pamajikanna deuih loba kahayang. Samarukna salaki jadi kepala téh kawas batur. Ieu...

Carpon Lemoel-Taun Anyar Nu Ayeuna
Carita Pondok

Maleman Taun Anyar

Harga diri salaku lalaki ancur, asa hina jeung taya guna. Tapi akal...

Carpon Kiki Oke Yasminiati-Nu Nyampeurkeun di Candi
Carita Pondok

Nu Nyampeurkeun di Candi

Dirina pasrah tumarima kana papastén ti nu Maha Kawasa. Geus kudu kitu...

Carita Pondok

Surat dina Buku Agénda

Méméh asup katingali mahasiswa ngagimbung hareupeun rohangan kuliah. Mahasiswa lalaki sawaréh katingali...