Home Gaya Hirup Implik-implik Lalampahan ka Prambanan
Implik-implik

Lalampahan ka Prambanan

Share
Candi Prambanan éndah jeung pikahélokkeun.(éép nr)
Share

Candi Prambanan geus kasohor ka mamana. Pada ngadatangan lain waé ku wisatawan lokal tapi ogé ti mancanagara. Siga kumaha Prambanan kiwari? Manglé ngahaja lolongok ti deukeutna. ***

Saha anu teu apal ka Daérah Istiméwa Jogjakarta. Tempat anu sacara géograpis mah aya di Jawa Tengah téh lain ukur budayana, tapi pangpangna mah tempat wisatana. Ti mimiti Jalan Malioboro di tengah kota anu unggal poéna teu weléh ramé pada ngadatangan ku wisatawan lokal jeung turis asing, sarta wangunan candi-candi titinggal kabudayaan baheula.

Candi Prambanan contona, nu salawasna teu weléh pada ngadatangan. Kitu deui Istana/Candi Ratu Boko jeung anu lianna. Malahan Candi Borobudur gé anu sabenerna mah aya di Propinsi Jawa Tengah, wisatawan mah masih réa anu nyebutkeun éta téh perenahna aya di Jogja.

Jeung turis Perancis di Prambanan. (fitri)

Karcis asup ka Candi Prambanan keur wisatawan lokal ti umur 10 taun ka luhur ukur Rp. 50.000,- sajalmana. Sedengkeun keur umur 3 nepi ka 10 taun mah Rp. 25.000. Hal kitu bisa dibeuli sacara langsung atawa ku cara online.

Tapi lamun boga niat ti Candi Prambanan nu perenahna aya di tapel wates daérah istiméwa Jogjakarta jeung Propinsi Jawa Tengah, hayang ulin deui ka Istana Ratu Boko anu teu pati jauh ti dinya, bisa langsung meuli karcis terusan. Nyaéta Rp. 85.000 keur déwasa, jeung Rp. 40.000,- pikeun barudak.

“Lumayan rada ngirit. Margi upami ngagaleuh karcisna misah misah mah kanggo déwasa téh kedah ngaluarkeun Rp. 100.000,” ceuk nu ngajaga karcis.

Kitu téh geus kaasup disadiakeun kandaraan ti Candi Prambanan ka Istana Ratu Boko bulak balik. Ngan alusna ulin ka Candi Boko kudu burit ka peutingnakeun. Sabab bisa nyaksian ‘sun set’ anu éndah kacida. Lamun beurang mah panas kabina bina. Najan kaubaran ogé ku alusna wangunan Candi Boko sarta dibagéakeun ku kawih tradisional anu senimanna geus karolot.

Istana Ratu Boko teu jauh ti Prambanan. (éép nr)

Pakét karcis terusan saperti kitu gé aya anu jeung ka Candi Borobudur sagala. Ngan lamun rék ka Borobudur mah leuwih hade mesen karcis téh ku cara online. Sabab di Borobudur mah lamun wisatawan hayang naék ka candina aya jadwalna.

Kadang upama wisatawan geus aya di Borobudur isuk-isuk, lamun meuli karcisna henteu online mah bisa naék ka candina jam 12 beurang, nyaluyukeun jeung nu geus mesen ku cara online. Sabab aya aturan anu naék ka candi teu meunang leuwih ti 50 jalma bari waktuna ogé pas sajam anu dibaturan ku tour guidena.

Saperti ilaharna tempat wisata, di Prambanan gé loba anu ngajual rupa-rupa dagangan minangka oléh-oléh. Ti mimiti karajinan nepi ka pakéan. Kitu deui kadaharan kumplit. Malahan ku sabab sabudeur Candi Prambanan mah hawana panas nyongkab, réa anu ngajualan topi jeung nyéwakeun payung.

Candi Prambanan tempat wisata kelas dunya. (éép nr)

Nu jelas hahargaan henteu marahal. Gudeg Jogja lengkep jeung sanguna aya kénéh anu saporsina Rp. 10.000,-. Malahan mayar parkir motor ti isuk isuk nepi ka asar gé ukur Rp. 3.000,-

Candi Prambanan minangka tempat wisata kelas dunya unggal poéna teu weléh pada ngadeugdeug. Hal kitu pantes. Sabab kaéndahan senina matak pikahélokkeun. Padahal nurutkeun sajarah Candi Prambanan téh diadegkeun dina mangsa pamaréntahan Raja Rakai Pikatan, nu maréntah Mataram Kuno antara 840-856 M.

Henteu anéh lamun turis mancanagara sok réa wae anu datang ka Candi Prambanan. Malah saking ahéng jeung éndahna, taun 1991 bareng jeung Candi Borobudur ditetepkeun minangka Situs Warisan Dunya ku Organisasi Pendidikan, Keilmuan, dan Kebudayaan Perserikatan Bangsa-Bangsa atawa UNESCO.

Loba Pilihan

Keur masarakat Jawa Barat hususna urang Bandung lamun niat ulin ka Candi Prambanan aya sababaraha pilihan. Pangpangna lamun rék ngagunakeun kandaraan umum. Bisa tumpak beus atawa karétaapi.

Karétaapi gé loba piliheun. Ti mimiti nu karcisna mahal nepi ka nu murah. Tapi lamun hayang ngirit mah bisa kana karétaapi Kahuripan nu harga karcisna Rp. 80.000,-.

Ngan di sapanjang jalan teu bisa ngawaskeun pamandangan, sabab karétaapi inditna ti Stasion Kiaracondong téh kurang leuwih jam 10 peuting anu datangna ka Stasion Lempuyangan Jogjakarta jam 6 isuk-isuk.

Sadatangna ka Jogja naha éta mah rék istirahat heula nyéwa pamondokan atawa langsung ka Prambanan. Aya sababaraha piliheun ogé deuih keur indit-inditan di Joga. Bisa nyéwa mobil, nyéwa motor anu loba ngajajar hareupeun stasion, atawa tumpak beus Trans Jogja nu harga karcisna ukur Rp. 3.000,-

Nu datang ka Ratu Boko dibagéakeun ku kawih tradisional. (éép nr)

Nu jelas ku hal kitu malah nguntungkeun pikeun anu boga gawé kantoran mah. Teu kudu ninggalkeun gawé asal poé Saptuna biasa peré. Sabab ti mimiti poé Saptu, malem Minggu nepi ka poé Mingguna bisa kukurilingan sabudeur Jogja. Ka Bandung deui tumpak karetaapi Kahuripan anu nepina ka Stasion Kiaracondong Senén isuk-isuk jam 6.

“Janten masih kabujeng damel,” ceuk salah saurang panumpang rombongan ibu ibu ti salah sahiji kalurahan di Kota Bandung. ***

Manglé 2954

Share
Written by
EEP NR -

Wartawan Majalah Basa Sunda Mangle yang tegabung dalam Persatuan Wartawan Indonesia Jawa Barat. Juga Atlet Tenis Meja Porwanas Jawa Barat.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Gaya HirupImplik-implik

Béngkél Tulang Mandé Nepakeun Pangobatan Sacara Tradisi 

Béngkél Patah Tulang Mandé nu ngadeg ti taun 1988 nepi ka kiwari...

Gaya HirupImplik-implik

Batu Kuda Wana Wisata di Gunung Manglayang

Moal matak karoroncodan ulin di tempat Wisata Batu Kuda mah, sabab harga...

Gaya HirupImplik-implik

Ngalukis Butuh atawa Hobi?

Sanggeus ngaranna ‘gedé’ utamana di sabudeur Bandung jeung Jawa Barat, Zufli Akmansyah...

Gaya HirupImplik-implik

Wisata Sakalian Ngeueum dina Cai Panas

Keur nu resep ulin di alam, kiwari di Tasikmalaya aya Arga Hot...