Kota Bandung – Universitas Islam Bandung (Unisba) ngagelar Wisuda Jirangan I Taun Akademik 2024–2025 di Aula Kampus Utama Unisba (22-23/2/2025). Dina éta wisuda téh mucunghul prédikat Wisudawan Inspiratif nu dicangking ku Sri Devi.
Sri Devi téh wisudawan inspiratif ti Program Studi Perbankan Syariah Fakultas Syariah Universitas Islam Bandung (Unisba). Inyana nyangking Indeks Prestasi Kumulatif (IPK) 3,89 kalayan predikat pujian. Nganggeuskeun studi dina dangka 3,5 taun atawa 7 seméster. Préstasi éta jadi bukti nyata yén sumanget nyuprih élmu bisa nguatan léngkah dina lalakon hirup nu pinuh ku tangtangan.
Sri Devi téh pituin Garut. Ramana nu pakasabanana jadi supir téh tilar taun 2016 lantaran teu damang wales. Ibuna mah balantik dagang dahareun. Mulang ka kalanggengan taun 2021 cukang lantaran nu sarua. Ti SMA nepi ka kuliah, Sri Devi diasuh ku SOS Children’s Villages Indonésia, organisasi nirlaba nu haat mikanyaah budak nu leungitan asuhan kolotna.
Salila bumen-bumen di Yayasan SOS di Jakarta, Sri Devi kudu wawanohan jeung lingkungan ogé jalma kalayan rupaning kasangtukang budaya jeung agama. Nyicingan imah Anyelir – salah sahiji imah asuh di éta yayasan – Sri dipikanyaah ku indung jeung lanceuk asuh. SOS nyadiaan fasilitas nu mekarkeun bakat seni, utamana dina tari tradisional saperti tari Batawi, Jaipong, Papua, jeung Aceh. Sri kungsi dua kali miluaan pasanggiri tari antar-SMA di Jakarta.
Satutas lulus di SMA PGRI 4 Jakarta, Sri Devi dibiayaan ku SOS pikeun nuluykeun atikan di Unisba, milih widang perbankan syariah. Lalakon salila kuliah téh éstu teu gampang, angot nalika SOS krisis keuangan. Inggis peunggas harepan, Sri Devi nyiar béasiswa. Sababaraha kali ngabulasin, kabiruyungan bisa narima beasiswa ti Bank Indonesia mimiti seméster lima nepi ka bérésna.
Dosén-dosén di Fakultas Syariah Unisba téh jadi salah sahiji motivator nu nguatan lalakona. Samalah salah saurang dosén ngabantuan ngurus syarat administratif beasiswa Bank Indonesia di poé pamungkas. Sri Devi gé kungsi ditarima di béasiswa BSI, ngan milih béasiswa Bank Indonesia nu jadi puseur waragad.
Lalampahan kuliah teu weléh nyangking rupaning préstasi. Di antarana asup 30 besar PKM Awards Unisba, nyangking juara 3 kategori Bronze Medal International Competition on Entrepreneurship and Business Innovation (ICEBIV) 2024. Lian ti fokus kana akademik, Sri Devi gé aktif di organisasi kemahasiswaan, jadi Sekretaris Umum BEM Fakultas Syariah, aub dina m komunitas Generasi Baru Indonesia (GenBI), organisasi nu narima beasiswa Bank Indonesia.

Sri mah mentingkeun tugas kuliah saacan ngurus organisasi. Rusiah bisa nyangking IPK alus téh rikat mérésan tugas kuliah, nu rajeun datang babarengan ti sababaraha mata kuliah. Ti seméster tilu, inyana ngeureuyeuh 24 SKS per semester, pikeun mastikeun bisa sagancangna bérés.
Pikeun Sri Devi, motivasi panggedéna dina kuliah téh kulawarga sarta kum nu haat mikanyaah. Sri hayang ngabuktikeun yén tumorojog ti kulawarga kurang mampuh téh bisa nyangking IPK pangalusna dina dangka nu kaitung gancang. Atuh sabada lulus mah, inyana baris digawé tur mekarkeun poténsi di widang perbankan syariah. Sri miharep kamampuhna bisa mantuan saloba-lobana jalma.
“Upami tos karaos kateug mah, émut kana paniatan ngawitan kuliah, lalakon nu teu gampang. Seueur dodoja nu ngeclakkeun cisoca. Émut ka kulawarga nu salawasna ngarojong, nu haat mikanyaah. Kedah sering syukur ni’mat kana naon baé nu kacangking. Ulah kabawa sakaba-kaba. Sabar, ihlas, insyaAllah, ngebat jalan kasuksésan,” pokna.***
Leave a comment