Ku Éryandi Dahlan
Bari diharudum sarung, Mprit nangtung tukangeun jandéla enggongna. Panonna nyérangkeun pasawahan nu sakeudeung deui baris jadi paimahan. Geus dipatok-patok sawah nu lega téh. Wanci pecad sawed ieu téh, manéhna karék hudang. Sasarina gé kitu. Tadi peuting euweuh operasi, tapi angger teu bisa saré soré-soré, karék bisa reup kajanarikeun. Uteukna pinuh ku pikiran. Sieun itu sieun ieu.
Mprit téh anak buah Dugal, garong gerot. Mprit jeung baturna, Iker, kabaud jadi bégal. Bané wé hésé néangan gawé. Ari duit mah kudu boga waé, keur jajan jeung sajabana.
Minggu kamari maranéhna operasi, ngagarong tina hiji mobil barang. Harita téh opatan ngadedempés di nu buni. Sanggeus mobil eureun, jungjleng Dugal, Iker jeung saurang deui, Goto, minangka wakil Dugal. Ngarajleng ngadeukeutan mobil, nu banna ujug-ujug kempés.
Beungeut-beungeut nu opatan maraké teregos tina lawon. Ukur kaciri panonna gular-giler. Dugal nyampeurkeun supir nu keur ugal-ugil dina setir, teu ngartieun naha mobilna ngadadak eureun. Untung tadi téh lalaunan ngajalankeunana. Mun ngebut meureun tiguling. Goto ngoloyong kana panto mobil beulah kénca, muru kenék. Nu duaan deui geus aya di deukeut bujur mobil, geus sayaga nunggu komando. Teu kungsi lila, maranéhna geus hasil ngaringkid babawaan. Teu dicokot kabéh. Geus kitu mah jungjleng deui ka nu buni.
Operasina téh dina tempat-tempat nu hara-haraeun, babakuna dina tanjakan. Lebah dinya mah mun peuting sok poék pisan, kawantu aya sisieun leuweung nu masih rajeg tangkal-tangkal galedé tur jarangkung kénca katuhueunana. Dugal geus lila pisan jadi jalma jahatna. Ngaranna payus pisan jeung kalakuanana. Sagala kadugalan geus dipilampah ku manéhna. Tapi teuing kunaon tara katéwak ku pulisi. Cenah mah bogaeun élmu.
Nu opatan babadogna téh dina wanci peuting. Pabeubeurang mah sararé. Kulawarga nyarahoeunana téh garawé di pabrik. Kaluar imah bada isa, maraké saragam, niron-niron pagawé pabrik. Baralik ka saimah-imahna téh geus subuh, bareng jeung nu baralik gawé peuting.
Anak buah Dugal mimitina mah aya welasna. Ngan nya kitu aya nu katéwak pulisi, aya nu paéh diteunggeulan warga di désa séjén. Aya ogé nu biluk ka kelompok séjén jeung loba ogé nu tobat. Nya ayeuna kari tiluan.
Maranéhna sok karumpul jam dalapan peuting. Tara di tempat nu matuh da bisi aya nu curigaeun. Éta gé mun panggih, tara kaciri abring-abringan. Api-api wéh kawas teu wawuh. Ké mun geus di nu suni pisan kakarék ngahiji, bagi-bagi pancén.
Ka nu duaan, Dugal méré pancén tambahan. Iker dititah nyieun naon waé nu bisa ngeureunkeun mobil di lebah tanjakan. Tah éta mobil barang jeung mobil-mobil séjén atawa treuk nu hasil dibégal téh ngagéléng botol inuman palastik nu jerona dieusian cai bahan kimia, hasil gawé Iker.
Manéhna meunang béja mun keuna cairan éta ban nu kandel gé bakal lééh. Ari Mprit pancénna kudu néangan info ngeunaan treuk atawa mobil barang naon nu peutingna baris ngaliwat.
Saban beurang Mprit muter ka unggal warung nu aya deukeut tempat-tempat maranéhna operasi. Aya sababaraha warung. Jalma-jalma sok ngaradon jarajan di dinya. Warga di dinya sok balanja naon waé. Bari ngopi manéhna ngadédéngekeun naon waé nu geus kajadian palebah dinya. Babakuna nu aya patula-patalina jeung nu dipilampahna. Manéhna mah tara pirajeunan milu ngobrol. Saperluna wéh.
Ngaranna gé nyamuni. Pinter tah budak téh.
Tilu poé sanggeus operasi téa, Mprit keur aya di hiji warung. Manéhna mesen kopi. Kop kana goréngan haneut. Am dihuapkeun. Di bangku béh ditu aya lalaki duaan keur ngawangkong. Kadéngé pisan ku Mprit da keur teu ramé pisan warung téh.
“Sabaraha karugianana, Ruk?” cék nu saurang.
“Aya meureun lima jutaeun mah,” walon nu saurang deui.
“Gedé ogé geuning,” témbal baturna.
“Nu matak bingung ieu téh. Kudu mayar ka dunungan. Jaba kudu meuli ban, ngagantian nu lééh,” pokna deui.
“Naha ban kandel kitu bisa lééh nya?” kadéngé nu nanya deui.
“Teuing tah. Mobil téh ngagéléng botol harita téh. Teu sidik botol naon. Kadéngé krekna da keur sepi jalan téh. Teu kungsi lila aya nu disada ti palebah ban, ari rék turun, geus daratang bégal téh,” cék nu disebut Ruk deui.
“Kutan? Baroga akal tah bégal téh nya?”
“Enya. Kari wéh ayeuna kuring karoroncodan. Kang Basar nu jadi supir harita, nitah ngagantian satengah séwang. Atuh ti mana duitna ari kuring?”
“Terus kumaha pipetaeun?”
“Teuing atuh, bingung ieu téh. Pamajikan sabroleun, can boga bekel, jaba Si Jalu ngarenghik waé hayang dipangmeulikeun sapédah, da babaturanna geus barogaeun.
Ari ayeuna kudu ngagantian barang. Bingung déwék mah Kun,” dareuda ayeuna mah kadéngéna téh.
Lain sakali éta Mprit ngadéngé kekecapan kitu ti korbanna téh. Karék kapikir ayeuna. Jahat geuning manéhna téh. Haté leutikna ngarasakeun kasusah batur. Bari ngaregot kopi panas lalaunan, panonna baseuh. Dosa kuring ieu mah, ceuk haténa. Lantaran talajakna batur jadi katalangsara. Kumaha atuh ieu téh? Haténa terus norowéco. Manéhna sok hareneg. Kungsi diobrolkeun ka Iker gé.
“Urang mah darma ngalaksanakeun pancén Mprit,” cék Iker hiji waktu.
“Enya Ker. Tapi kuring jadi ngarasa salah. Sok manéh pikir, kumaha mun korban bégal téh kulawarga atawa dulur urang?” cék Mprit kalah nanya. Iker ukur kéom.
Tah éta nu jadi pikiran Mprit. Geus sababaraha peuting gulinggasahan mikiran éta hal. Manéhna nu dosana, manéhna nu salah, tapi manéhna ogé nu ngarasakeun kumaha korban-korbanna katalangsara.
“Kedah kumaha atuh abdi téh Gusti,” manéhna sasambat, “Sabaraha taun kuring tara ka masjid, tara solat? Duh.”Di luar kadéngé panto ngulutrak. Indung-bapana geus marulang ti sawah. Lain sawah sorangan. Biasa wéh miluan ngolah sawah batur.
Di luar kadéngé panto ngulutrak. Indung-bapana geus marulang ti sawah. Lain sawah sorangan. Biasa wéh miluan ngolah sawah batur.
“Mprit…Mprit…,” kadéngé sora indungna gegeroan. Mprit kaluar ti enggonna, nyampeurkeun kolotna. Bari mantuan nurunkeun naon-naon nu digandong ku Indungna.
“Mprit, Mang Kundang geus nanyakeun deui. Daék henteuna manéh milu ka kota. Purah ngajagaan warungna. Geus loba langgananana, Tadi peuting Nyi Kinkin ka dieu, nepikeun amanat Emang manéh. Si Nyai karék balik ti kota,” cék indungna sanggeus diuk dina balé.
Haté Mprit bungah ngadéngé kitu téh. Geus lila emangna ngajak ka kota, ngan manéhna nolak waé. Ari ayeuna keur baluweng, nya lah-lahan rék narima.
“Oh kitu Ema, jigana ayeuna mah daék wéh Mprit téh,” témbalna.
“Tah kudu daék Mprit. Karunya ka awak manéh Ema jeung Bapa mah, gawé peuting waé mah cenah bahaya. Angin peuting mah jahat. Jaba geus remen kacaritakeun loba bégal lebah tanjakan, pan?” bapana ayeuna mah nu ngomong. Asa ditonjok hulu angen Mprit ngadéngé bapana nyabit-nyabit bégal kitu.
“Muhun Pa, ayeuna mah badé. Maksakeun. Ké urang miwarang Pa Dén Soma sina nelepon Mang Kundang ngawartosan yén kuring rék miang,” cék Mprit.
Manéhna mah teu bogaeun Hp, da di dinya mah teu ari boga Hp gé, da puguh hésé sinyal. Di imah Dén Soma mah aya kénéh telepon imah keur komunikasi jeung anak-anakna, nu caricingna jarauh. Tatangga-tatanggana sok nébéng nelepon di imahna.
“Enya alus ari kitu mah,” cék Indung bapana méh bareng.
Mprit marahmay ayeuna mah. Manéhna rék lunta ka kota. Lain keur gawé-gawé teuing di warung Emangna. Ieu mah rék ngajauhan Dugal jeung batur-baturna.
Juni 2024 katompérnakeun
Edisi majalah: 2987
Leave a comment