Ku Taura
Kampung Jungkléng pernahna hara-haraeun pisan, jauh ka ditu ka dieu, persisna mah di Cicindé, Jatisari – Karawang. Lembur nu masih kénéh kuat ngagem adat karuhun, masih percaya kana hal-hal nu aya patula-patali jeung perkara gaib.
Éta lembur nu asalna tingtrim dadak sakala jadi ribut ku Kunti Ma Ekong nu ngaririwaan urang lembur, nu sababaraha waktu ka tukang maot keur kakandungan. Loba nu percaya tapi loba ogé nu masih ragu.
Diantara nu masih ragu téh nyaéta Ki Lebé Roip, basana téh moal percaya lantaran can kungsi manggihan. Waktu Ki Roip kabagéan ngaronda meneran pisan malem Jumaah, manéhna kacida bungahna lantaran hayang ngabuktikeun bener jeung henteuna béja nu sumebar.
Dina peutingna ngaronda, jam 10.00 peuting Ki Roip kérék nguniang. Pamajikanana mah keukeuh embungeun ditinggalkeun, borangan sieun ku kunti nu mémang geus sabiwir hiji di kampung Jungkléng. Tapi Ki Roip geus kagok jangji, manéhna tuluy sasadiaan kayaning sénter, bedog jeung kempis ubar hanaang.
“Kadé longkokan ka dieu,” pamajikanana pok deui-pok deui meredih, ku Ki Roip ukur dijawab ku unggeuk.
Di pos ronda geus nyampak sababaraha urang. Keur kitu waé ngariung ngobrol bari ngalelepus udud bako, sawaréh aya nu keur mirun seuneu, basana téh ubar tiris jeung tiiseun.
“Tah, geuning aya Pa Lebé,” ceuk Kosim nu nyekel kalungguhan RK di dinya.
“Asa kareueung puguh, béda hawana peuting ieu mah,” ceuk nu séjén ngabagéakeun nu anyar datang. Der deui ngobrol ngalér-ngidul, ditéma ku saleuseurian. Keueung mah kapopohokeun. Ari geus hareureuy téh teu kolot teu budak sok poho dinanaon.
Teu kungsi lila tingtorojol barudak ngora, pamuda. Tayohna tas arulin ti kampung tatangga. Da kitu geuning, barudak mah teu kapangaruhan ku kaayaan, carékna mun pareng aya kahayang téh teu beunang disingsieunan.
“Baé, lamun kuntina geulis mah rék diajak mondok,” ceuk nu saurang sompral, pédah disingsieunan ku Kosim ulah dék liar ti peuting. Abong budak ngora teu nyaho adab jeung sok sangeunahna waé ngomongna téh. Barudak mah tuluy caricing di buruan mesjid nu teu pati jauh tempatna ti pos ronda, biasa sok sarua aruplek ngobrol, mun geus ngarasa bosen sok tuluy sararé di mesjid. Tempo nu ngaronda ngalaliwet, nyarahoan sok tuluy hudang ngadon milu dahar.
Méméh tengah peuting, nu ngaronda téh nguriling heula. Ngider bari trok-trak nakolan awi. Nya kitu, lebah nu rada tiiseun laleumpangna téh tingrarempod. Komo lebah kebon awi nu remen kabéjakeun mah, teu sirikna nyumput na kélek Lebé Roip kabéh. Ngan Kosim minangka nu katénjo wani téh, bubuhan geus rada kolot jeung pituin urang Kampung Jungkléng.
Rada lila ogé ngurilingan téh, sanajan kampung ngan ukur saguliwek ogé da éta cul-cel narenggang. Lebah imah masing-masing, nu ngaronda téh mani taliti, ngagentraan ogé teu cukup ku sakali dua kali.
“Cukup meureun,” ceuk Kosim ngajak deui ka pos ronda.
Geus meunang sababaraha balikan ngurilingan lembur mah, tuluy baralik deui ka pos ronda. Rék tuluy ngaliwet lantaran geus karasa lapar balas leuleumpangan.
Lebah kebon awi nu tadi diliwatan, nu tiluan téh tingrarandeg. Mimiti Hotib nu katénjo undur-unduran téh. Gep kana leungeun Ki Roip, nu séjén nurutan, kaasup Kosim nu saméméhna témbong wani, ayeuna mah murungkut bari beungeutna sepa, nu lain ogé sarua kitu. Tapi Ki Roip mah weléh teu ningali naon-naon nu pikasieuneun.
“Aya naon ieu téh?” Lebé nanya satengah nyentak.
“Asa baru hanyir,” ceuk Hotib bari ngarérét ka nu séjén. Sabada disidik-sidik kawas aya nu ngajanteng, angkeuhan mah moal salah pasti barudak, tapi nu ngajanteng téh horéng pangawakan awéwé di gigireun pos.
Buukna ngarumbay nutupan beungeut, bajuna beureum rada ngelemeng. Rey, ngadadak bulu punduk muringkak.
Teg Ki Roip yakin yén éta lain awéwé samanéa, meureun ieu nu disebut kunti Ma Ekong nu jadi sabiwir hiji jeung ngaririwaan lembur Jungkléng.
Derekdek, jampé digereyemkeun. Sénter nu mélétét hurungna leutik téh ngadadak reupbray.
Sanggeus pangacian Lebé Roip balik deui ka asal, teu antaparah tuluy mesat bedog, manéhna tuluy nyirintil nyampeurkeun nu ngajanteng, nu tiluan mah kalah ngayékyék dina dapuran awi bari nyérangkeun Ki Roip.
Anéhna waktu geus deukeut Ki Roip kalah olohok nempo ririwa téh, awakna asa hésé pisan rék digerakeun, tungtungna kalah olohok nempo nu ngajanteng teu napak, tuluy ngageuleuyeuh teu katuturkeun kamana-kamanana léosna.
Can ogé leler kareuwas, kocéak barudak ngora nu keur ngarobrol hareupeun masjid ngarocéak pajarkeun aya nu ngageuleuyeuh ngaliwat, maranéhna birat ka lebah pos lantaran nyaho aya nu ngaronda.
Ti saprak éta kajadian Kampung Jungkléng beuki geunjleung ku Kunti Ma Engkong. Barudak ngora nu biasa sok iring-iringan saban peuting jeung nalongkrong ngadadak ngarampih di imahna masing-masing.
Jungkléng bada magrib lir jadi pakampungan nu taya pangeusina. Lebé Roip mah tuluy babadamian ka RW, RT katut lurah rék ngadon nyampurnakeun Kunti Ma Engkong, “Pokona kuring boga jampé nu matih,” ceuk Ki Roip ka nu haréraneun.
Sanggeus meunang katerangan ti ahli waris, Lebé Roip saparakanca ngaréncanakeun pikeun nyampurnakeun nu maot. Nurutkeun katerangan mah Ma Engkong téh wanoja nu geulis. Pangmencrangna di Kampung Jungkléng jeung pada ngahéroan ku unggal lalaki.
Persis malemam Jumaah kaliwon, rombongan nu dipingpin ku Ki Roip téh ngagaridig ngajugjug makam nu pernahna di tungtung lembur beulah kalér. Di kebon awi sora kukuk beluk jeung koréak silih témbal, ditema ku hujan girimis sarta guludug nu tingjelegur nambahan keueung. Nu leumpang tukangeun Ki Roip patingkecewis.
Anjog ka tempat nu dijugjug, nu ngabring téh ngarariung. Jajampéan sabisa-bisa. Lebé Roip tatahar, kayaning ruas jeung lawon minangka senjata geus dikaluarkeun. Tuluy diparancahan.
Lila ogé nungguan mangsa ngampihna Nyi Kunti téh, da éta wé maké aya nu rék balik sagala, bakating ku kesel. Tapi dihulag ku Ki Roip. “Bisi ngagareuwahkeun ka nu rék balik,” basana téh, dikitukeun mah euweuh nu wani ngejat, kalah beuki pasedek-sedek sarieuneun.
Peuting beuki simpé, nu ngariung geus élékésékéng, antara sieun jeung kesel. Keur kitu, Ki Roip méré isarah ku curukna nu ditempelkeun kana biwirna. “Téréh” cenah. Jep nu ting gerendeng téh jempé, simpé lir gaang katincak. Sakali deui Ki Roip mapatkeun jampéna, tuluy cengkat muru tetengger makam Ma Ekong.
Ruas nu meunang ngahaja nyadiakeun téh diteundeun lebah tetenggerna, tuluy balik deui nyampeurkeun ka nu keur ngaharéphép. Teu kungsi lila, Ki Roip nunjuk bari ngaharéwos ka nu gigireun, “Tuh geuning datang,” cenah. Nu diajak nyarita teu bisa nyoara, “Teu bisa ningali,” ceuk Ki Lebé téh ngajéntrékeun. Tapi da kitu, nurutkeun kapercayaan élmu nu diagem ku Ki Roip, Kunti nu baris asup ka kubur téh mangrupa gulungan haseup.
Haseup nu asup kana ruas awi téh tuluy dirungkup ku lawon. Regeyeng diabringkeun deui ka imahna, diriung ku kulawargana sarta sesepuh kampung. Disampurnakeun, dijajapkeun ku doa-doa. Ti harita, geunjleung Kunti Ma Ekong téh jempé di Jungkléng.***
Diropéa tur dipasieup deui tina “Nyorang Alam Siluman Nyungsi Alam Kajinan” nu dimuat dina Mangle No. 1253 taun 1990 kaca 46-47p.
Leave a comment