Ku: Ceuceu Gumilang
Cirebon kaceluk ku ayana makam salah saurang Wali Songo, nyaéta Sunan Gunung Jati (Fatahillah) nu dikurebkeun di daérah Gunung Jati, asupna ka Kabupatén Cirebon. Loba bukti titinggal sajarah nu jadi saksi kumaha kahirupan rahayat di jaman kolonial nepi ka ayeuna.
Rahayat Cirebon masih miara terah kasultanan. Bukti ayana Karaton Kasepuhan, Karaton Kanoman, jeung Karaton Kacirebonan Taman Sunyaragi, ogé ku masih jumenengnya para sultan katut kulawargana, nyirikeun yén rahayat Cirebon pageuh ngamumulé lan miara budaya jeung undak usuk karuhunna.
Ngobrolkeun ngeunaan Cirebon mah moal aya bosenna. Salian tina urusan sajarah kanagaraan, seni jeung adat budayana, Cirebon ogé ngabogaan kabeungharan kulinér nu has béda jeung wewengkon séjén, nu aya pakuat-pakaitna jeung sajarah di jaman kolonial atawa sumebarna Agama Islam.
Loba pisan kadaharan has Cirebon nu ngabogaan aran unik tur ahéng. Saeutikna aya tilu jenis kadaharan Cirebon nu wajib dicoba lamun nganclong ulin kulinéran ka Cirebon, nu katelah Kota Udang téa.
Saha nu teu apal kana kulinér nasi jamblang, nasi léngko jeung empal gentong?



- Sega Jamblang
Sega Jamblang atawa Nasi Jamblang téh nyaéta mangrupa sangu sakeupeul nu dibungkus ku daun jati maké rupa-rupa deungeun sangu kayaning saté kentang, saté usus, tumis balakutak hideung jeung mangsina, semur ati sapi, perkedél kentang, dadar endog, sayur tahu, goréng témpé tahu jeung sambel goreng cabé nu has pisan, mangrupa siksikan cabé beureum tanjung dipiceun sikina terus digoreng.
Jamblang téh sabenerna ngaran hiji désa di béh kulon Kabupatén Cirebon. Nurutkeun sajarah mah, baheulana nasi jamblang téh kadaharan pikeun para pagawé rodi (kerja paksa) jaman dijajah ku Walanda nu keur nyieun jalan Anyer – Panarukan téa. Nurutkeun sajarah mah, nasi jamblang mimiti aya di taun 1847. Salian ngawangun jalan, harita Walanda ogé keur ngawangun tilu pabrik gedé, nyaéta pabrik gula tiwu di Plumbon jeung Gempol, sarta pabrik sapértus di Palimanan.
Rahayat éstu sangsara teu bisa balangsiar dahareun da puguh sagala werit, tungtungna loba nu maot kalaparan. Nya aya salaki pamajikan nu katelah Ki Antara (H. Abdul Latif) jeung Nyai Pulung (Tan Piauw Lun) méré sodakoh unggal isuk, méré mumuluk ka para kuli jalan jeung pabrik, nyaéta sangu nu dibungkus ku daun jati jeung deungeun sanguna. Lila-lila mah para kuli téh ngarasa teu ngeunah haté ukur dibéré, nya mimiti mareuli ku duit saaya-aya, saridona.
Sangu nu dibungkus ku daun jati ngabogaan kauntungan séjén, nyaéta salian sanguna karasa leuwih pulen tur kaangseu seungit nu has, ogé moal gancang haseum, kuat nepi ka tilu poé.
Ayeuna mah geus loba nu ngajual nasi jamblang. Lain ukur di wewengkon Jamblang, méh ampir di sakuliah Cirebon bakal manggih nu dagang nasi jamblang, lolobana ngajongko di sisi jalan, tapi loba ogé nu geus mangrupa léstoran atawa rumah makan, nu geus kaceluk siga nasi jamblang Bu Nur di Jalan Cangkring, atawa Mang Dul di Gunung Sari. - Sega Léngko
Sega léngko atawa nasi léngko salah sahiji kuliner ti Cirebon nu kakoncara. Teu siga nasi jamblang nu pepek deungeun sanguna, nasi léngko mah kaasup basajan. Tapi dina ukuran séhat mah, nasi léngko jauh leuwih séhat lantaran deungeun sanguna teu macem-macem jeung euweuh unsur dadagingan.
Nasi léngko téh bahan utamana mah sangu diwadahan piring, deungeun sanguna mangrupa keureut goréng témpé jeung goréng tahu, léob togé, siksikan daun kucai jeung cacah bonténg. Sakabéh deungeunna éta ditumpuk na luhur sangu tuluy dikucuran kécap amis. Kécapna maké jieunan urang Cirebon sorangan, nu kaceluk nyaéta kécap cap Udang Sari atawa cap Matahari.
Aya bungbu séjén nu ngajadikeun nasi léngko karasa leuwih nikmat téh nyaéta bungbu sambel suuk héncér nu dikucurkeun kana luhur sangu, panungtunganna diawuran goréng bawang beureum. Umumna cara ngadaharna diaduk-aduk heula sina nyampur jeung katempo lekoh. Keur ngalengkepanna nyaéta ditambah kurupuk aci bodas.
Sega léngko téh murah pisan hargana, kabeuli ku sakabéh kalangan rahayat. Kaasup kadaharan séhat lantaran teu ngandung koléstérol, cocog pikeun végétarian atawa nu keur nu diét séhat mah.
Nurutkeun sajarah jeung asal usulna mah, sega léngko téh hasil motékarna urang Cirebon dina nyanghareupan kahirupan anu werit sanggeus kamerdikaan. Kumaha carana supaya angger bisa dahar séhat ku bahan anu ngirit tur saaya-aya. Harita keur jaman hésé nyiar pakaya, jaman balangsak nagara karék merdika, dahar ukur saaya-aya. Sega léngko téh éstu dahareun anu basajan tapi séhat.
Nepi ka kiwari, sega léngko teu weléh dipikaseneng lain ukur ku urang Cirebon tapi geus asup kana kulinér has Cirebon nu kakoncara. Ayeuna mah ngadahar sega léngko téh sok ditambahan dadar endog atawa saté kambing. Rasana nu seger, gurih jeung amis éstuning matak deudeuieun.
Aya warung nasi léngko anu kakoncara di Cirebon, ayana geus ti taun 1968 nyaéta warung nasi léngko bogana H. Barno nu aya di Jalan Pagongan. Sanajan geus leuwih ti 50 taun umurna, warung nasi léngko H. Barno tara tiiseun, teu weléh pinuh ku nu meuli, malah ayeuna jadi salah sahiji tempat jugjugeun nu ngaranjang ka Cirebon. - Empal Gentong
Saha nu teu kenal jeung ieu kadaharan has ti Cirebon nu geus ngajomantara ka mana-mana? Aran anu ahéng bisa jadi salah sahiji nu ngajadikeun daya tarik pikeun saha waé hayang nyobaan. empal gentong, maenya aya empal (gepuk) digentongan?
Di sababaraha wewengkon, nu disebut empal téh nyaéta daging gepuk. Tapi lamun dihijikeun jeung kecap gentong, hartina jadi béda lantaran empal gentong mah jadina aya caian, lekoh cipati konéng anu kumplit ku samara sagala aya, rasanya gurih pelem nikmat pisan.
Empal gentong téh kadaharan has Cirebon anu sakolébat mah siga sayur kari atawa gulé. Bahan utama empal gentong nyaéta daging sapi jeung jeroan sapi nu dimasak dina pendil atawa gentong lempung.
Ceuk sajarah nu aya di Cirebon, empal gentong téh geus aya kira-kira abad 15 Maséhi. Mangrupa dahareun nu dijadikeun sarana siar agama Islam. Jadi, nalika Sunan Gunung Jati nyebarkeun Islam di wewengkon Cirebon, salah sahiji tradisi nu dipaké pikeun sarana dakwah téh nyaéta kadaharan, salian ti kasenian tangtuna.
Baheula mah empal gentong téh dijieun maké daging kebo/munding, lain daging sapi siga ayeuna. Lantaran pikeun urang Cirebon anu masih Hindu, daging sapi dianggap daging suci. Tah ku kituna, dina abad ka-15 anu dipaké nyieun empal gentong téh nyaéta daging kebo, anu bisa dikonsumsi ku sakabéh agama.
Ku ayana darmaga/palabuhan, Cirebon jadi tempat pangjugjuganan kapal-kapal ti unggal madhab, sodagar-sodagar ti Arab, India, Cina jeung nu séjénna marawa dagangan, loba nu teu baralik deui milik matuh nganjrek di Cirebon, pabaur jeung rahayat asli. Ku kituna, geus tangtu rupa-rupa budaya nu dibawa ku maranéhna ngabaur silih mangaruhan, ngawujudkeun akulturasi budaya nu salah sahijina ngawujud dina kadaharan nyaéta empal gentong.
Samara anu nyampur dina kokoh empal gentong mangrupa gabungan pangaruh budaya Cina jeung budaya asli Cirebon. Gulé mangrupa gabungan pangaruh ti budaya Arab jeung India. Jeroan dina empal gentong téh kapangaruhan ku budaya Cina, anu remen maké babat jeung jeroan dina pasakan sop.
Sabenerna mah masih loba kadaharan unik jeung has ti wewengkon Cirebon anu loba pakuat pakaitna jeung sajarah. Aya kurupuk malarat, tahu gejrot, docang, mi koclok, empal asem, jeung réa deui.
Kiwari, loba pisan kadaharan ti nagara deungeun nu asup ka nagara urang. Tempat dahar mangrupa léstoran, kapé dalah gorobag di pinggir jalan nu ngajual kadaharan Koréa, Jepang, jeung séjénna siga supa dina usum hujan, tingpucunghul di unggal tempat. Jeung nu matak ngusap dada téh, lolobana para nonoman nu bareuki jajan kadaharan batur téh.
Kaayaan ieu kudu jadi PR urang saréréa. Hayu urang mumulé budaya urang, boh dina seni, kadaharan atawa adat kabiasaan, sangkan teu kalindes ku jaman, teu éléh ku budaya batur anu can tangtu nyurup kana bagbagan agama jeung darigama. Lamun lain urang nu ngamumulé, saha deui?
Edisi majalah: 2994
Leave a comment