Carpon Barudak

Kuduna Mah Rudi

Rudi tara katémbong keuheul pédah teu réngking hiji. Nu puguh mah kuring sabatur-batur ngarasa banget teu panuju. Jigana wali kelas 4 teu jauh béda jeung 3 wali kelas saméméhna anu jiga bangun kapaksa kudu nempatkeun Nana dina réngking kahiji.

Share
Share

Ku: Hérmana

Ti keur kelas hiji nepikeun ka ayeuna kelas opat, Nana teu weléh réngking hiji. Kuring anu sakelas jeung manéhna, teu panuju Nana nu jadi réngking hiji. Kuduna mah Rudi anu réngking hiji téh.

Dina saban mata pelajaran naon waé, Rudi onjoy pisan, kaasup dina mata pelajaran Matématika. Geura wé ari ulangan harian, Rudi sok pangtéréhna anggeus bari hasilna balener. Nana mah sapandeurieun Rudi, bari langka balener kabéh. Dina waktuna ulangan umum kitu deui, Rudi meunang peunteun anu jauh leuwih alus batan Nana.


Rudi tara katémbong keuheul pédah teu réngking hiji. Nu puguh mah kuring sabatur-batur ngarasa banget teu panuju. Jigana wali kelas 4 teu jauh béda jeung 3 wali kelas saméméhna anu jiga bangun kapaksa kudu nempatkeun Nana dina réngking kahiji.


Bu Lina, jeung Pa Mulya jiga anu teu hayang pusing mikiran hal éta. Éta wali kelas 1 jeung 3 téh embung nyiar-nyiar masalah jeung Bu Indah, wali kelas 2 nu taya lian emana Nana. Mudah-mudahan teu kitu pikeun Pa Samsul anu jadi wali kelas 4. Ku anjeunna kanyahoan pisan kumaha bédana antara éta dua muridna. Mungguh matak bingung. Kacipta di mana Nana réngking dua, Bu Indah bakal ambek ka Pa Samsul. Pa Samsul téh guru honorér anu can lila ngajar di éta sakola.


Aya deui bédana, lian dina pangarti. Rudi ngabogaan sikep anu sopan ka sasaha. Atuh harianeun ka guru. Di mana ngaliwat teu weléh nyebut punten bari rengkuh. Ka saha waé deuih babari loma, matak resep wawuh jeung manéhna mah. Teu medit deuih. Sabalikna ti Nana, anu remen kabandungan ngomong kasar, teu sopan, jeung balaga kéna-kéna anak guru. Rudi gé rajin solat Duha jeung Duhur. Nana mah boro-boro solat Duha, solat Duhur berjamaah gé belang-betong, kalah cicing di jero kelas. Piraku nu kitu pantes jadi réngking hiji.


“Cik kira-kirana, Pa Samsul wanieun teu nya nempatkeun Nana dina réngking kadua?” tanya kuring ka Jajang.
“Jigana mah wanieun,” ceuk Jajang.


“Kumaha teuing sikep emana?” tanya kuring.


“Pa Samsul ieuh tegas guruna, bisa ngajelaskeun kalayan sajelas-jelasna,” Jajang yakin.


Kapala sakola duka apaleun, duka henteu kana hal ieu. Dina apaleunana duka rék panuju Nana réngking dua, duka ngarasa kagok ku Bu Indah. Piraku ngarasa kagok, kapan Bu Indah téh bawahanana. Sigana anu kawas kieu téh kajadian di unggal sakola ti baheula mula.


Éta hal ku kuring dicaritakeun ogé ka bibi. Bibi imut, ingeteun ka mangsa keur SD. Bi Héna gé hayuh waé réngking dua nepikeun ka lulusna. Sangkilang leuwih pinter batan babaturan sakelasna anu réngking hiji, nu taya lian anak guru.


Kuring ngarasa lucu ku dongéngna, cenah dina hiji waktu guruna méré pertanyaan soal Matématika. Nu bisa ngajawab langsung, jawab sacara lisan. Soalna aya lima. Bibi kuring anu pinteran kana ngitung gancang tur bener, ngajawab kabéhanana. Panyana ukur ngajawab, horéng guruna méré hadiah anu dibungkus ku keretas kado. Puguh wé babaturanana anu réngking hiji ngarasa kaleungitan harga diri jeung kabita ku hadiahna.


Bu Indah katémbong baeud ka Pa Samsul. Pasti geus ngadéngé béja yén anakna moal réngking hiji. Alus lah. Pa Samsul teu kapangaruhan ku hal sakitu. Meunang rojongan ti guru-guru lian sangkan ti mimiti ayeuna Nana ulah ditempatkeun deui dina réngking kahiji, kajaba ngabogaan préstasi anu mapakan Rudi. Kudu aya nu daék ngarobah kaayaan. Kuring yakin, Pa Samsul geus nyiapkeun sajumlah bukti saperti hasil sajumlah ulangan jeung daftar nilai.

Edisi majalah 3007

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Carpon Barudak Milu ka TPS warna
Carpon Barudak

Milu Ka TPS

“Hayu,” kuring heuay meni merelek. Satepina di imah, dug kuring saré luhur...

bapak bersama anak sedang berboncengan sepeda
Carpon Barudak

Milu Dagang jeung Bapa

Ku Wulan Ratnaningrum Ti peuting mula Ara geus omat-omatan ka bapana isukan...