BANDUNG-Ketua Pansus 5 DPRD Kota Bandung, drg. Susi Sulastri nétélakeun yén Pansus 5 keur ngeureuyeuh Raperda ngeunaan Pelindungan dan Pemberdayaan Perempuan. Demi nu jadi kasang tukang dijieunna éta Raperda téh lantaran di Kota Bandung can aya payung hukum nu nangtayungan wanoja. Ku kituna DPRD Kota Bandung ngayakeun inisiatif Raperda nu ningkatkeun martabat wanoja.
Nurutkeun drg. Susi pasualan nu disanghareupan ku wanoja di Kota Bandung téh pohara. Ti mimiti KDRT (kekerasan dalam rumah tangga) nepi ka TPPO (Tindak Pidana Perdagangan Orang). Nilik kana kaayaan éta tangtu butuh ayana payung hukum pikeun ngungkulanana.
“Angka KDRT di Kota Bandung téh teras nambihan. Di taun 2024 téh undak. DP3A (Dinas Pemberdayaan dan Perlindungan Perempuan dan Anak) tas ngalaksanakeun tracking janten kasus KDRT téh tiasa kapaluruh,” ceuk drg. Susi tandes naker.

Drg. Susi ngémbohan yén tingkat kasadaran wanoja pikeun ngalaporkeun kasus KDRT nu tumiba ka dirina boh ka nu lian, beuki dieu téh terus ningkat. Ku kaludeung éta, drg. Susi miharep kasus-kasus KDRT di Kota Bandung bisa kaungkulan.
“Bahasan di Pansus 5 DPRD Kota Bandung téh lian ti panyalindungan ogé maliré kana kamotékaran wanoja,” pokna.
Rupaning hal nu miduli kana kapentingan wanoja keur dibahas. Dimimitian ku rarancang nu ngahijikeun antara ngajurung motékar jeung panyalindungan. Drg. Susi ngémbohan yén ngutamakeun génder téh dipisahkeun dina raperda. Sangkan Raperda Pelindungan dan Pemberdayaan Perempuan kalayan PUG, bisa leuwih neueul kana pedaran pasal per pasal nu ngait kana pasualan wanoha boh tina aspék panyalindungan, nyegah, ogé réhabilitasi.
“Dipiharep wanoja di Kota Bandung teu ngalaman deui KDRT sareng kasus séjénna. Ku ayana perda ieu ka payunna tiasa nangtayungan wanoja di Kota Bandung,” ceuk drg. Susi bangun miharep.
Ku ayana hukum nu pasti mah lian ti méré panyalindungan téh, wanoja Kota Bandung gé bisa motékar kalayan maksimal.***
Leave a comment