Home Warta Katumbiri Kota Bandung Butuh BPBD, Pansus 4 DPRD Bahas Raperda SOTK
Katumbiri

Kota Bandung Butuh BPBD, Pansus 4 DPRD Bahas Raperda SOTK

Share
Ilustrasi lembaga nu ngungkulan musibah. (foto: net)
Share

Kota Bandung-Salah sahiji Raperda (Rancangan Peraturan Daerah) nu dibahas Pansus 4 DPRD Kota Bandung téh Raperda ngeunaan SOTK.  Demi nu jadi konséntrasina téh dijieunna Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD). Hal éta ditepikeun ku Anggota Pansua 4 DPRD Kota Bandung Asep Sudrajat. Asep nandeskeun yén di Jawa Barat téh ngan kari Kota Bandung jeung Kota Depok nu can boga BPBD.

Pikeun ngungkulan musibah di Kota Bandung, ceuk Asep, pihak nu ngalaksanakeunana masih ngahiji jeung Dinas Pemadam kebakaran. Nilik kana kaayaan Kota Bandung kiwari, tandes Asep, butuh pisan ayana BPBD. Lembaga mandiri sangkan leuwih efektif. Da unggal Kota Bandung katarajang musibah téh, teu dibantuan ku Badan Nasional Penanggulangan Bencana (BNPB). Lantaran anggaran BNPB mah ngan bisa dikamalirkeun ngaliwatan BPBD di masing-masing daérah.

“Janten aya lembaga turunan. Ti BNPB ka BPBD. Tah Kota Bandung mah teu acan aya BPBD. Janten teu mendak lawangna,” ceuk Asep tandes naker.

Anggota Pansus  4 DPRD Kota Bandung  Asep Sudrajat.

Ceuk éta Pulitisi Nasdem DPRD Kota Bandung téh, wiréhna Kota Bandung remen katarajang musibah banjir jeung urug. Lian ti éta sacara demografi, Kota Bandung dikuriling ku sésar Lémbang. Ku kituna butuh tatahar ti anggalna sangkan caringcing upama kajadian musibah

“Ku gaduh BPBD nyalira mah, Kota Bandung tiasa nampi bantosan ti BPBD kota/kabupatén nu sanésna. Pon kitu deui Kota Bandung gé kedah tiasa maparin bantosan ka Kabupatén/Kota nu sanésna,” pokna.

Patali jeung Sumber Daya Manusa (SDM) nu baris ngeusian posisi di BPBD Kota Bandung, Asep ngémbohan, yén posisi-posisi éta kudu diurus ku jalma-jalma nu boga kompeténsi. Angot keur sugri nu ngeusian jabatan struktural, saperti Kepala Badan, Sekretaris badan jeung sababaraha kepala bidang. Demi keur ngeusian posisi staf nu tugasna jadi palaksana téhnis mah, bisa dibawa ti dinas lainna.

“Salami ieu mah nu ngokolakeun widang bencana téh ti Dinas Kebakaran. Ka payunna gé tiasa kitu kanggo ngalaksanakeun tugas-tugas BPBD,” cenah.

Ceuk éta Anggota Pansua 4 DPRD Kota Bandung téh, aya salapan jabatan struktural nu kudu dieusian. Demi keur patugas téhnis mah, gumantung kana kabutuhan. Kitu deui jeung jumlah patugas téhnis nu jumlahna gumantung kana kabutuhan satutas kajian. Upama masih kurang mah bisa dibawa ti patugas Satpol PP atawa Dinas Kebakaran. Nu penting mah nu ngeusian jabatan téh jalma-jalma nu kompetén.

Satutas dijieun BPBD mah laju sinergi jeung SKPD lianna, saperti Dinkes, Dinsos, jeung SKPD lianna. Lantaran BPBD mah boga fungsi koordinasi, nya kudu bisa sinergi jeung SKPD lianna.***

Share
Written by
Yadi Karyadipura -

Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
KatumbiriWarta

Madrasah Qur’an Asyifa Mantuan Warga Sangkan Cinta Al Quran

Tong héran mun ngaliwat ka Komplék Bumi Langgeng Blok 26 No. 13...

Katumbiri

Ajengan ka Sakola, Ajén Kaislaman Nanjeur di SMAN 14 Bandung

Kota Bandung – Romadon téh mangsa neuleuman élmu agama Islam. Di SMAN...

Katumbiri

Ngamulyakeun Romadon di Darul Hikam

Bulan Romadon 1446 H, bulan anu mulya, bulan nu kacida dianti-antina keur...

KatumbiriWarta

Tempat Latihan Pingpong Standar Internasional Di Kabupatén Bogor

Kabupatén Bogor ngabogaan tempat latihan pingpong standar internasional nu ngaranna Donic Table Tennis...