Carita Pondok

Kopi Pait

Bill sirahna enyud-enyudan. Hayang manéhna nyorangan sawatara jongjongan. Sugan bisa jongjon dina beus jeung dina karéta api mah. Moal panggih jeung nu wawuh nu bakal ngajak ngobrol.

Share
Carpon Richard Rive-Kopi Pait
Carpon Richard Rive-Kopi Pait
Share

Ku Richard Rive

Sakeudeung deui rapat téh. Bill geus élékésékéng baé hayang geura balik. Mangkaning beus nu ka Clifton kari dua deui, karéta sajalan deui. Lah, ku jauh atuh Clifton téh ti Grassy Park mah. Tungtung nu pangdituna ti Peninsula. Clifton kacida éndahna ari geus peuting. Ombak lautna nu tingkaretip kasorot ku cahaya lampu tingsuruwuk neumbag basisir. Teu cara Grassy Park, kotor jeung ngahgar, ukur gerembel-gerembel gararing cul-cel di ditu di dieu jaradi dina keusik. Kaburu kénéh sugan kana karéta api nu tabuh sapuluh opat puluh. Di Cape Town pindah kana beus nu tabuh sawelas dua puluh lima. Dina  teu kaburuna, nya kapaksa nikreuh tilu mil bari keueung mapay-mapay Klip Road, maké kudu ngaliwatan kuburan jeung leuweung kai nanaon méméh nepi ka Lake Road téh.

Rapat téh diayakeunana di flatna Mérvyn. Gararenah, diamparan alketip lemes, témbok-tembokna dihias ku lukisan beunangna Sekoto jeung Irma Stern. Dina erak buku-buku ngabaris buku-saku jeung nu dijilid karton mangpirang-pirang. Rapat terus jalan. Menit-menit nu panganggeusan dieusian ku instruksi-instruksi: ngabagi-bagi pamplét; tugas lapangan. Suksés kitu ieu démonstrasi téh? Kumaha nasib Langa jeung Nyanga? Naha enya urang téh, Kulit Berwarna, keur tatahar rék démonstrasi? Ahirna rapat ditutup, saréréa bubar. Bill sirahna enyud-enyudan. Hayang manéhna nyorangan sawatara jongjongan. Sugan bisa jongjon dina beus jeung dina karéta api mah. Moal panggih jeung nu wawuh nu bakal ngajak ngobrol.

“Milu, Bill?” horéng Valda. Kasebelan awéwé kulit putih téh.

Aing keur hayang nyorangan.

“Moal. Rék megat beus baé ka Kota.”

“Enya sok. Dianteurkeun ka mana waé ogé.”

“Nuhun, ngarérapot baé.”

Mimiti panggih jeung Valda téh basa aya pésta di Sea Port. Manéhna mamaksa ménta dibaturan. Mojang nu kacida progrés jeung ludeunganana. Manéhna simpatik ka Bangsa Hideung, da cénah resep kana musik jazz-na, resep macaan karya Langston Hughes, Richard Wright jeung Countee Cullen. Cék pamanggih manéhna King Kong drama nu pangagungna sanggeus Othello. Bill bakal jadi pamingpin Kulit Berwarna nu dipikaajrih, cénah. Serus ngomongna kitu téh.

“Hayu, Bill, da kuring gé rék ka kota,” pokna deui.

Bill ngarasa wegah. Lain pédah manéhna kulit putih, tapi pangpangna mah teu cocog jeung pola-pola kahirupanana. Eukeur mah manéhna téh hayang nyorangan téa, katambah ku capé deuih atuh bororaah hayang nyarita. Sapeupeuting nyieunan poster jeung pamplét— pikangéwaeun pulisi wungkul.

“Lain nampik, kuring hayang buru-buru balik. Capé, sapoé jeput digawé.”

“Duh, deudeuh. Naha atuh popohoan teuing kana gawé téh.‟‟ Karasa jalan getihna ngencengan.

“Saréréa gé sok popohoan kana gawé mah, lain?”

“Bisa jadi. Tapi bangsa anjeun mah leuwih getol ti nu séjén. Tah ieu nu narik téh.”

“Kitu?” walon Bill. Mojang can aya umur jeung can aya pamgalaman, karék kaluar ti Universitas. Ayeuna ngajar di sakola husus keur barudak kulit putih. Getol nungkulan rapat-rapat.

“Atuda bangsa kuring mah tukang gawé,” omong Bill deui. “Enya, kuring gé nyaho kumaha carana aranjeun ngatur waktu.

Sapoé jeput migawé pagawéan sapopoé, peuting diskusi puiitik. Tangtu baé meres tanaga.”

“Na ari bangsa anjeun henteu, kitu?”

“Hih, puguh baé. Tapi kuring mah ari ngajar téh tabuh dua gé geus bérés.”

“Atuh loba pisan waktu pikeun rékréasi téh, nya? Cara ayeuna, peuting-peuting ngulincer kénéh.”

“Ah, Bill tong kitu.”

“Nasib bangsa kuring mah teu hadé cara nasib bangsa aranjeun. Saban poé kuring jadi abid nepi ka tabuh lima-tilu-puluh. Minggu satengah poé.”

“Enya, kuring nyaksian pisan. Tapi bangsa anjeun tetep pikareueuseun. Sagala rupana matak reueus.”

“Anjeun gé ngarasa reueus ku démonstrasi-démonstrasi bangsa kuring, nya?” Ngomong kitu téh maksudna mah nyindiran Valda. Tapi Valda teu méré réaksi nanaon.

“Maap, Bill,” omangna. “Naon, maap?‟‟

“Meureun anjeun ngarasa kasigeung, nya?” “Ah, henteu.”

“Bener? Nuhun, atuh,” belenyéh seuri, “geus peuting teuing.

Nyaan moal milu?”

Bill hayang buru-buru balik. Nyorangan di imah tuluy saré. Na aya capé kabina-bina teuing. Horéam teuing kudu ngocoblak sajajalan jeung manéhna.

“Mangga baé ti payun, Kuring mah rék kana beus.”

Na ieu awéwé téh ku keukeuh-keukeuh teuing. Teu surti kitu, yén aing embung bareng jeung manéhna?

“Kuring mah da rék ka Plumstead.”

“Kuring cicing di Kenilworth. Sok anjeun engké turun di Plumstead.”

“Hayu atuh.”

Valda ngararampa konci bari mopoék. Bill nyekéskeun kayu api mantuan néangan. Budak awéwé anu narik. Buukna nu hideung meles dibeungkeut. Panonna cureuleuk, pipina semu lemes. Bill naék kana Austin Valda.

“Sok supiran!” omongna.

“Ah, teu bisa!” walon Bill rada kasar.

Dina mobil duanana teu loba carita. Sajeroning kitu mobil mah terus nyemprung mapay-mapay pusat kota Cape Town. Adderley Street geus tiiseun. Galandangan tingraréngkol handapeun lawang stasion, nu daragang kembang keur meresihan wawadahanana, sababaraha urang nu kakara ka luar ti bioskop sanggeus lalajo pintonan paamugkas,  rurusuhan rék maregat beus nu paméakan. Bill néangan piomongeun, ngarah teu tiiseun teuing. Tapi kudu ngomong naon atuh? Puguh ti tadi gé sararangeuk dibaturan téh.

“Anjeun ti mana asal?” Bill nanya, tamba henteu teuing nyarita.

Valda atoh, ti tatadi manéhna ngadago-dago diajak ngobrol. “Ti mana, cik?”

Bororaah kudu neguh, keur sararangeuk ngomong gé.

“Vereeniging di Transvaal!” Valda ngajawab pertanyaanana sorangan.

“Teu sangka, geuning jauh.” “Enya,” cék Valda.

Boa Valda teu ngeunaheun dijawab sangeunahna téh. “Kuring mah asli Aprika Kidul.”

“Ti golongan liberal?”

“Enya.” walon Valda. “Ti leuleutik kuring hirup di lingkungan liberal. Paham bapa gedé pisan pangaruhna ka diri kuring. Anjeunna ngadidik kuring sangkan ngahargaan manusa, manusa nu kumaha waé.”

“Jadi éta sababna pangna sok daék campur jeung golongan kuring?‟‟

“Wéll…”

Valda eureun heula ngomongna.

“Well,” pokna neruskeun deui omonganana, “lingkungan kuring liberal. Varsity nu mukakeun panon kuring.”

“Anjeun simpatik ka nasib Kulit Berwarna?‟‟

“Duka teuing atuh. Kuring buta pulitik, ti bangsa anjeun rék diajar.”

“Anjeun ngarasa katarik?”

Valda ngahuleng. Sajongjongan manéhna balem. Mobil nyemprung ngaliwatan Salt River.

“Tah, di dieu kuring digawé téh.”

“Hébat atuh.”

“Naon?”

“Henteu!”

Bill teu papanjangan.

“Geus lila pipilueun kana aksi kelompok?” omongna bari panonna mah terus neuteup jalan sorangeun.

“Ti barang Kampanye Perlawanan.”

“Wah, bahaya!”

“Kadang kala urang kudu daék nanggun risiko. Kamerdikaan henteu datang kitu baé, cara sangu dina piring.”

“Enya, bener.” Jempé deui.

“Kuring gé nu matak telat balik téh ngabagi-bagi heula pamlét keur démonstrasi.”

“Di daérah mana?” cék Bill.

“Sabudeur Athlone, Sunnyside, Gleemoor.” “Atuh, lain pagawéan pikeun mojang kulit putiih.” Jempé deui sajongjongan.

“Tuh, nu itu toko emang kuring.” omong Valda basa ngaliwat ka hiji komplék toko.

“Eueu.”

“Duka teuing kumaha mun manéhna nyahoeun kuring babarengan jeung Kulit Hideung.”

“Teu hariwang?”

“Henteu. Bapa mah tara, nanaon, ngan baraya-baraya baé nu teu resepeun téh.”

“Naha atuh anjeun bet daék babarengan jeung jalma hideung?”

“Ah, da jelema, masing kumaha-kumaha ogé. Bener henteu?”

“Omongan anjeun beuki ngandelan kayakinan kuring. Hiji pamanggih nu bakal ngancurkeun rasialisme.” Bill, ngadago  réaksi Valda.

“Kuring bungah anjeun geus terus terang ka kuring. Ka hareup mah urang kudu leuwih ati-ati.”

Réaksi nu teu diarep-arep ku Bill. Da kahayang manéhna mah Valda tetep mojang kulit putih nu boga jiwa raisialis.

“Urang nginum kopi heula, yu!” cék Valda.

“Wah, di mana?”

“Di mana wé, di drive-in mataknaon. Geura yu.”

“Bangsa kuring mah teu meunang asup!”

“Ah, hayu wé, lah. Diladangan, asal urangna tong turun tina mobil.”

“Wah, na enya kitu?”

“Pasti. Moal, moal nanaon.”

“Ah, piraku ngantep.” Bill hayang buru-buru balik. Bisa kénéh megat beus nu sawelas-dua-puluh-lima. Nanahaon babarengan jeung awéwé kulit putih nu mabok kaya kieu mah! Tapi teu kitu, nu kedal mah: “Enya hayu. Nginum kopi.”

“Kopi dua,” Valda mesen ka Juruladén bangsa Afrika, “Erék hamburger na, Bill?”

“Henteu, ah. Kopi wé.”

“Kopi dua.”

Juruladén ngahuleng.

“Kalah ngahuleng. Kopi dua. Buru!”

“Teu… teu tiasa, Néng.”

“Naha maké teu bisa?”

Bill teu niat méré katerangan. Manéhna teu ngarti naha maké daék diajak nginum kopi di dieu. Padahal mun tadi megat beus nu ka Plumstead, meureun ayeuna geus nepi ka imah.

“Geus, lah Valda. Hayu indit!”

“Ké heula. Kopi dua, cekeng gé. Buru!”

“Punten baé, Néng. Di dieu mah husus kanggo urang Éropa.”

“Naha?”

Pertanyaan tolol, cék Bill dina haténa.

“Margi, ngarémpak palaturan, Néng.”

“Naha hiji kajahatan mun kuring pesen kopi keur batur kuring?” Mimiti yeuh, Valda ngaririweuh manéh, cék Bill dina haté.

Kaayaan mimiti rengkeng.

“Geus, Valda. Da teu hayang-hayang teuing nginum kopi barina gé.”

“Teu deuk. Anjeun kudu dilayanan sakumaha mistina.”

“Néng, kuring teu diwidian.”

“Teu diidinan ngalayanan nu barang beuli?”

“Valda, manéhna teu salah. Manéhna ukur pagawé. Geus baé.”

“Moal rék indit, mun urang can diladangan.”

Juruladén ngaléos tuluy nyampeurkeun manager.

“Yu, ah!”

“His, engké. Tuh, manéhna keur nyadiakeun kopi.”

“Nyiar-nyiar teuing pipaséaeun.”

“Lain néangan pipaséaeun. Urang hayang nginum kopi. Naha naon salahna?”

“Di Afrika Kidul kacida salahna!”

Juruladén balik deui jeung manager. Urang Yunani nu jangkung gedé, nu ngarasa kagét ku kalungguhanana basa mimiti datang ka Afrika Kidul.

“Aya naon ieu téh?” pokna, ku lagam nu kaciri Yuyunanieun kénéh.

“Teu nanaon. Kuring mesen kopi dua gelas. Hiji keur kuring hiji deui keur sobat kuring.”

“Saha? Ieu, nigger?”

“Kira-kira ngomong téh!”

“Néng. Enggal baé kaluar ti dieu. Mun henteu, kuring rék lapor ka pulisi.”

“Alah, tong ngageretak.”

“Kuring rék lapor ka pulisi.”

“Pék téh teuing. Dikira rék sieun?”

Kaayaan beuki matak teu betah. Aya niat manéhna rék indit ti dinya, megat beus atawa karéta api.

“Valda, alusna mah urang indit baé,” pokna basa manager ngaléos.

“Ah, taya alesanana maké kudu indit.”

“Tong cara budak, Valda.”

“Kuring aya dina hak kuring!”

“Alah, enggeus baé!”

“Moal ingkah ti dieu. Hayang nyaho, nepi ka mana.”

Enya-enya Valda geus mabok. Nyiar-nyiar kaributan. Duanana dariuk, teu ngomong sakemék.

Teu lila jol mobil pulisi. Reg eureun, mesinna dipaéhan, lampuna dipareuman. Nu tumpakna, cicing jongjon nénjo ka luar tina kaca mobil.

“Hayu, Valda,” omong Bill.

“Gugu kahayang kabogoh anjeun ari teu hayang meunang karuwetan mah,” cék manager basa manéhna nyampeurkeun deui. Pulisi masih diuk teu obah di jero mobilna.

“Rék indit moal?” cék manager rada nyereng.

“Yu, urang indit wé,” omong Bill bangun hariwang.

“Kuring aya dina hak kuring!”

Cilaka, cilaka kaya kieu mah, cék Bill dina jero haté.

Pulisi      téa         kaluar    tina        mobil     patroli,  tuluy      ngagégag nyampeurkeun, leungeunna nyenyekel sarangka péstol dina cangkéng.

“Naon ieu téh?”

Valda cicing. Bill rampang-reumpeung.

“Mesen kopi keur nigger, kabogohna!” omong manager sinis.

Cé sukuna ditincakkeun kana spakbor Austin, pok pulisi téh ngomong:

“Keur naon manéh babarengan jeung mojang kulit putih dina mobil?”

Bill angger teu nyarita. Kahayang manéhna Valda nu nerangkeun sagala-galana.

“Némbalan siah, hideung!”

“Teu nanaon kuring mah,” témbal Bill.

“Tas ti mana manéh?”

“Tas rapat.”

“Hah, rapat nanahaon?” Bill teu ngajawab.

“Bukakeun sungut nu hideung téh, atuh. Rapat téh rapat naon?

Ti mana ieu mojang kulit putih ku anjeun di culikna?”

“Lain urusan anjeun!” Valda ngajerit.

Bill kalah ngahunted. “Torék sia téh?‟

Bari kapaksa Bill cengkat. Bray panto dibuka ku pulisi kasar pisan.

“Kaluar!” ngomong kitu téh bari ngageuweungkeun Bill. Taya gunana ngalawan.

Bill kaluar.

Ku pulisi téa manéhna disuntrung-suntrung sina asup kana mobil patroli.

“Hayoh, asup!”

Valda kaluar tina mobil Austin-na.

“Héy, anjeun deuih!” pokna ka Valda bari nutupkeun panto mobil patroli, “tuturkeun kabogoh anjeun kana mobil. Pék silih cium sing seubeuh, engké di jero sél!”

# Judul asli  Drive-In disundakeun tina African Songs, Seven Seas Publishers, Berlin, 1963 ku Duduh Durahman nu tuluy  dibukukeun dina buku “Diarah Pati ku Ernest Hemingway jeung Carita-Carita Pondok Lian Karya Pangarang Dunya Sejenna”

Edisi majalah: 2993

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Carpon Saéfudin Firmansyah-WAYAHNA
Carita Pondok

Wayahna

Pamajikanna deuih loba kahayang. Samarukna salaki jadi kepala téh kawas batur. Ieu...

Carpon Lemoel-Taun Anyar Nu Ayeuna
Carita Pondok

Maleman Taun Anyar

Harga diri salaku lalaki ancur, asa hina jeung taya guna. Tapi akal...

Carpon Kiki Oke Yasminiati-Nu Nyampeurkeun di Candi
Carita Pondok

Nu Nyampeurkeun di Candi

Dirina pasrah tumarima kana papastén ti nu Maha Kawasa. Geus kudu kitu...

Carita Pondok

Surat dina Buku Agénda

Méméh asup katingali mahasiswa ngagimbung hareupeun rohangan kuliah. Mahasiswa lalaki sawaréh katingali...