Pikeun nu geus bosen ku suasana kota, ulin ka tempat wisata nu konsépna alam mangrupa hal nu sok dilakukeun. Salah sahijina nu kiwari jadi tujuan téh Antapura De Djati nu aya di Garut. Siga kumaha éta tempat ulin nu sok pada nyebut siga Ubud di Bali téh?
Ku beuki réana tempat wisata, para wisatawan bisa milih saluyu jeung konsép nu jadi karesepna. Kitu deui nu ngokolakeun leuwih mikir sangkan tempatna jadi pangjugjugan. Salah sahiji nu kiwari pada ngadatangan téh nyaéta Antapura De Djati nu aya di Kabupatén Garut.
Nu jadi daya tarik atawa pangirut keur nu daratang, Antapura De Djati nu persisna di Cibiuk Kalér, Cibiuk, Kabupatén Garut Jawa Barat téh nyaéta konsépna nu ngahijikeun suasana alam padésaan jeung kakiwarian.
Suasana padésaanana diantarana aya sawah-sawah nu matak waas saperti ceuk nu geus ka Pulo Déwata mah, siga pasawahan di Ubud Bali. Ari konsép kakiwarianana mah ku ayana café, tempat ngopi jeung réstoran. Kitu deui réa wahana nu sok dipikaresep ku barudak jeung para rumaja.
Nurutkeun Gina, nu kungsi ka dinya bareng jeung rombongan murid sarta para guru ti SD Tunas Unggul Bandung, kacida éndahna. Tempat ulin saperti kitu anu ngangkat konsép alam jeung pasawahan, ngakuna mah kakara harita manggihan. Jadi sugema cenah jauh-jauh lalampahan ti Bandung ka Garut téh sadatangna disadiakeun tempat nu éndah kawas kitu.



“Sigana mah saé pisan upami énjing-énjing atanapi sonten. Supados henteu panas teuing. Margi Antapura De Djati kalebet tempat wisata out door,” ceuk Gina.
Antapura De Djati nu unggal poé buka ti jam 8 isuk-isuk nepi ka jam 9 peuting téh kiwari pada ngadatangan. Lain waé ku masarakat Garutna wungkul, tapi ti jauhna. Sabab dianggap boga konsép anu cenah mah kaasup munggaran di Jawa Barat.
Harga karcis keur asupna nyaéta Rp. 25.000,- dina poé Senén nepi ka Jumaah. Upama Saptu jeung Minggu mah Rp.35.000,-. Harga sakitu téh geus kaasup tikét nu bisa ditukeurkeun jeung ‘minuman’. Malah keur anu umurna handapeun 5 taun mah teu kudu mayar. Nu jelas, wisatawan henteu meunang mawa dahareun atawa inumeun ti luar.
Lengkep
Antapura De Djati fasilitasna kawilang lengkep. Sababaraha wahana keur nyugemakeun ka nu daratang réa pisan. Diantarana aya kerucut gantung nu tikétna Rp. 10.000,-. Kitu deui aya ayun-ayunan (Big Swing) nu kudu mayar Rp. 15.000,- jeung Balon Udara nu harga tikétna Rp.10.000,-.
Lian ti éta aya ogé sapéda gantung (Rp. 15.000,-), Sarang Burung (Rp. 10.000,-) sarta Rainbow Slider atawa sosorosodan (Rp. 15.000).
“Kantun milih kumaha karesep,” ceuk Gina.
Geus puguhning tempat poto mah. Nurutkeun Gina jeung rombonganana réa pisan cenah spot poto téh bari aralus. Ku kituna, Antapura De Djati téh cenah cocog pisan keur tempat ulin kulawarga. Keur nu resep ngopi aya. Pikeun nu resep kuliner ogé aya. Kaulinan, réa pisan. Paragi ‘selfie’ gé aralus. Bisi panasaran mah, mending langsung ka Antapura De Djati. Alamat persisna di Cibiuk Kalér, Cibiuk, Kabupatén Garut Jawa Barat.
Mun disorang ti Bandung mah, di jalan cagak Nagrég ulah méngkol ngatuhu. Tapi terus baé turun kana jajalaneun nu rék ka Tasik. Ké di Limbangan méngkol ngatuhu nu jajalaneun ka Cibiuk. Patokanana mah Kantor Polsék Cibiuk. (éép nr)
Edisi majalah: 3002
Leave a comment