Home Warta Katumbiri Kiper Persib Manten Muka Soccer Academi
Katumbiri

Kiper Persib Manten Muka Soccer Academi

Share
Share

Kiper Persib Bandung musim 2010 – 2011, Markus Haris Maulana, ngalegaan ambahan di dunya menbal kalayan ngadegkeun sarana atikan, nu dingaranan MH Soccer Academi. Demi nu bisa diajar téh budak ti mimiti umur 6 taun nepi ka 18 taun. Anapon pola latihanana dibédakeun, keur budak umur 6 – 11 taun mah latihanana saminggu tilu kali. Atuh keur budak nu umurna 12 – 18 taun mah latihanana saminggu opat kali.

Di mana latihanana téh? nya di Stadion Siliwangi, Jl. Lombok No.10, Merdeka, Kec. Sumur Bandung, Kota Bandung. Pikeun Manten Kiper Timnas Indonésia, ngurus sarupaning Sekolah Sepakbola (SSB) téh lain hal nu anyar. Da aya tapak ngurus Akademi Sepakbola jeung Nova Arianto, Pelatih Timnas U-17. Ku kituna aya sumanget nu ngaedur dina diri Markus Haris pikeun medalkeun atlét ménbal profésional. Angot Walikota Bandung, Muhammad Farhan aya karep yén Kota Kembang jadi épiséntrum sépakbola Indonésia.

Share
Written by
Yadi Karyadipura -

Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Katumbiri

Ngagelar Resital Nasional Angklung 2025, PPAI Mawa Tradisi Mapakan Jaman

Kota Bandung – Angklung téh kasenian tradisional Jawa Barat nu kasinugerahan Warisan...

Katumbiri

Ngagelar Wisuda Semester Genap 2024/2025, ISBI Bandung Tigin Ngawangun Generasi Motékar Tur Ngabudaya

Kota Bandung – Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI) Bandung ngagelar prosési Sidang...

Katumbiri

Milangkala ka-28, SMPN 3 Darangdan Ngagelar Cerdas-Cermat Basa Sunda

Purwakarta-Dina raraga nguatan adeg-adeg basa Sunda di lingkungan barudak, SMPN 3 Darangdan...

Katumbiri

Ngadeukeutkeun Aksés Pendidikan ka Masarakat, Endut Miharep Aya SMA Negeri di Désa Mekarwangi

Kabupatén Bandung – Warga Désa Mekarwangi kudu nyorang lalampahan nu jauh sangkan...