Piknik atawa wisata mah henteu kudu mahal, nu penting bisa sugema nyukakeun haté. Salah sahijina nyaéta Khalana Villa nu aya di Citengah, Kacamatan Sumedang Selatan, Kabupatén Sumedang. Siga kumaha? ***

Ngamangpaatkeun alam anu masih kénéh réa tatangkalan nu matak nyegerkeun kana mata jeung suasana haté, katambah masih mayakpakna sawah jeung ayana susukan atawa walungan, Khalana Villa kiwari jadi pangjugjugan pikeun nu resep ulin di alam.
Komo deui ulin ka Khalana Villa mah henteu mahal. Ku harga tikét asupna nu ngan ukur Rp. 10.000,- keur sajalmana, wisatawan bisa sabébasna ngararasakeun suasana anu ceuk para ‘netizen’ mah gayana ngaharib-harib Ubud Bali, saperti ayana payung jeung ornamén-ornamén nu biasa aya di Pulo Déwata.

Mayar sakitu téh geus kaasup bisa ngojay deuih. Boh dina kolam renang husus atawa dina cai walungan anu caina canémbrang hérang. Turug-turug, nu ngokolakeun éta tempat henteu ngalarang wisatawan lamun bebekelan ti imahna.
“Numawi, bebekelan mah ti rorompok wé. Da tujuan ka Khalana Villa gé hoyong popotrétan sareng botram sukan-sukan,” ceuk Ibu Ade Kartini, rombongan tukang senam ti Cibiru, Kota Bandung.
Ibu Ade nu ka Khalana Villa jeung Ibu-ibu séjénna saperti Ibu Hayati, Titin, Pipit, Ani sarta Ibu Diah nu lengkep jeung salaki sarta dua budakna nu masih rumaja, ngahajakeun inditna ti Cibiru téh isuk-isuk, Rebo (07/05/2005) kana Pajero alias Padedet di Jero. Nyaéta nyéwa mobil Angkot anu ongkosna arudunan.

“Alhamdulillah resep,” ceuk Ibu Titin jeung babaturanana.
Mun dipilampah ti Cibiru mah kurang leuwih 36 km. Ti Sumedang kota téh méngkol ngatuhu. Nu persisna mah lokasi Khalana Villa nyaéta di Jalan Gatot Mangkupraja No. 6, tukangeun pisan Kantor Désa Citengah, Kacamatan Sumedang Selatan, Kabupatén Sumedang.
Di Khalana Villa gé aya tempat mondok anu nuansa alamna karasa pisan. Saperti ayana pasawahan, aya curug jeung kadangu nyérélékna cai tina susukan anu mémang déét. Teu anéh mun Khalana Villa nu husus tempat mondokna bukana 24 jam.
Sagala Dimangpaatkeun
Keur ema-ema saperti Ibu Ade Kartini jeung rombonganana, sagala fasilitas nu aya di Khalana Villa dimangpaatkeun pisan. Geus puguh ‘selfie’ atawa popotrétan da kiwari mah jamanna. Komo deui tempatna aralus loba pisan piliheun. Ngojay gé bangun nu taya kaseubeuh.

“Asa jaman murangkalih deui,” ceuk Bu Hayati.
Lian ti ngarojay dina susukan anu caina canémbrang hérang téa, saluran susukan gé aya anu dijieun mangrupa tempat sosorodotan anu panjangna kaitung lumayan.
“Dimangpaatkeun,” ceuk Bu Diah bari seuri anu tinggejebur kawas barudak.

Nu jelas, wisatawan ulah kapangaruhan ku ngaran. Pedah kasebutna villa anu biasana mah asupna gé osok mahal, ajangkeuneun keur nu duitna kandel. Ulin ka dinya mah kacida murahna. Bisa mawa kulawarga kaasup budak leutik sasukana. Ngan alusna wisata ka Khalana Villa mah ngagunakeun kandaraan pribadi. Atawa nyéwa Pajero téa.
“Pokona resep. Sakali mangsa mah kedah ngalaman deui,” Bu Ade nutup obrolan. ***
Leave a comment