Home Warta Tamu KH. Rahmat Syafe’i; Puasa Miara Ucap jeung Paripolah
Tamu

KH. Rahmat Syafe’i; Puasa Miara Ucap jeung Paripolah

Kaum muslimin, ayeuna geus nincak kana kawajiban Puasa Romadon. Lantaran kitu, dina kasempetan nu mahal jeung luhur niléyna, hayu urang ngabina diri, jadi insan nu leuwih kuat tauhidna, hadé amal sosialna, ogé leuwih katara silih ajénan dina nguatan ukhuwah islamiyahna. Kitu di antara jejer obrolan Manglé jeung KH. Rahmat Syafe'i, Ketua Umum MUI (Majlis Ulama Indonesia) Provinsi Jawa Barat.

Share
KH. Rahmat Syafe'i, Ketua Umum MUI Jawa Barat
Share

Kamulyaan Islam mah, teu weléh katara jeung karasa. Lantaran kitu, dina ngalakonan ibadah ogé salawasna kudu jadi obor dina kahirupan. Kumaha ari ibadah puasa? Numutkeun KH. Rahmat Syafe’i, puasa Romadon sawadina geusan jadi kakuatan kaum muslimin kanggo mampuh ngabina diri. “Romadon sasih panghampura, sasih kasobaran, sasih diturunkeunana Al-Qur’an. Tantos ieu kasempetan nu mahal sareng niléyna luhur kacida. Numawi kitu, hayu urang mangpaatkeun ku kagiatan-kagiatan nu mulya tur nyandak mangpaat. Sawangsulna, ka saha waé ogé, henteu ngabenténkeun umat di ormas mana baé, bakal kacida rugina upami urang ngamomorékeun kamulyaan ieu ku paripolah nu henteu nyandak mangpaat,” ceuk Prof. Dr. KH. Rahmat Syafe’i, Lc., M.A, Ketua Umum MUI Jawa Barat waktu ngobrol rinéh di bumina Cibiru Hilir, Cileunyi, Kabupatén Bandung waktu ka tukang.

Dina nebarkeun peran MUI Jabar ogé, masih ceuk Kiyai Rahmat, nyaéta ngabina komunikasi sareng tiap-tiap organisasi masarakat Islam, nu dasarna yén nanjeurna Islam Wasathiyah di Jabar mémang penting kacida. Margi kitu, dina bulan Romadon taun ieu, MUI Jabar ogé teu weléh ngalaksanakeun komunikasi pembinaan nu hontalanana umat Islam Jawa Barat biasa lungsur langsar ngalaksanakeun kagiatan ibadahna, dibarung ku silih mikahéman ogé silih ajénan.

Sareng para santrina di Pasantren Al-Wafa

Ngajaga Marwah Pasantrén

Peran pasantrén di ieu bangsa, geus témbong kacida. Lian ti milu bajoang merangan penjajah, ogé milu ngawangun bangsa ngaliwatan atikan, sosial, budaya, sareng da’wah. “Margi peran pasantrén sakitu ageungna, mana umat Islam atanapi para pamingpin di ieu bangsa, ulah hamham kanggo ngajagina,” ceuk Pa Kiyai nu kiwari ngasuh Pondok Pesantren Al-Wafa Cileunyi Bandung nu salah sahiji programna husus ngaji kitab-kitab konéng jeung neuleuman élmu qaidah fiqhiyah.

Kamekaran pasantrén kakiwarian, ceuk Kiyai nu ogé kantos jadi Guru Besar Hukum Islam UIN SGD Bandung, mémang beuki robah luyu jeung jamanna. Malah kasebutna, aya nu disebut pasantrén salafiyah atawa sok katelah tradisional, pasantrén modern ogé pasantrén semi modern atawa.

“Dina mangsa parobahan jaman ayeuna, ketak pasantrén ogé ngiring robih. Namung kitu, prinsipna mah henteu janten masalah, salami dasar utama atikan pasantrénna henteu ical, nyaéta dasar-dasar tauhid téa.  Da hakékatna mah, dina mangsa parobahan ogé, tetep ageman Islam kedah jadi sumber parobahan. Kantun kumaha cara merenahkeunana. Sapertosna waé, bakal témbong madorotna, upami dina ngigelan jaman henteu dikuatan ku tauhid. Sapertos loba hoaks, pacéngkadan, silih fitnah, sumebarna pornografi sareng kamadorotan sanésna, éta balukar dasar-dasar iman/tauhidna tos ical. Kitu deui, bakal timbul mangpaat, salami téhnologi digital diperenahkeun kanggo kasaéan,” saur Kiyai teureuh Limbangan Garut deui.

Pentingna dasar-dasar  atikan tauhid di pasantrén, ogé bakal jadi ‘pembéda’ antara lembaga pendidikan Islam jeung pendidikan barat. Nu mana, dina pendidikan barat mah, ceuk ieu alumni Al-Azhar Kairo Mesir taun 1973-1980, henteu ieuh ngutamakeun masalah tauhid. “Margi kitu, pasantrén mah ulah pegat sareng ilmu tauhidna. Sareng, henteu lepat ogé upami salami nu teras istiqomah ngiatan atikan tauhid, nya pasantren salafiah atanapi tradisional téa, nu henteu nyampur sareng atikan formal téa. Dumasar éta ogé, pasantrén Al-Wafa kalebet salafiah atanapi tradisional, margi para santrina husus neuleuman élmu agama, sapertos tauhid, al-qur’an ogé kana qowaid fiqhiyah,” saur Kiyai Rahmat nu ogé ngadegkeun pasantrén Al-Baroroh Limbangan Garut.

Ngadegkeun Ponpes Al-Wafa

Rahmat Syafe’i téh teureuh Limbangan Kabupatén Garut. Lahir 3 Januari 1952. Ti leuleutik gé dumuk di Kampung Cicadas Limbangan. Atuh, saperti nu dumuk di Tatar Jawa Barat mangsa harita, kaulinan gé raket jeung alam. Ieu putra H. Zakaria sareng Hj. Maesaroh, ti leuleutik diasuh dilingkungan agama. Indung tunggul rahayu bapa catang darajat, keur Rahmat mémang karasa pisan. Teu weléh sepuhna mapatahan sangkan pengkuh agamana ogé luhung pangabisana, nu ahirna kudu junun. “Pami hoyong junun mah, kedah gaduh élmu kalawan ulah poho solat,” ceuk Prof. KH. Rahmat nirukeun kekecapan sepuhna waktu leutik. Ku kituna, Rahmat ogé milih sakola nu mentingkeun élmu agama Islam, saperti sanggeus réngsé di SD jeung SLTP di Limbangan, neruskeunana téh ka MAAIN Bandung taun 1969. Saterusna mah ka IAIN SGD (UIN ayeuna mah). Lian ti sakola formal, ogé nu utama neuleuman élmu agama di pasantrén, saperti di Pasantren Pulosari Limbangan atawa di Ponpes Riyadul Alfiah Sadang Wanaraja Garut.

Beuki asak neuleman élmu agama pangpangna di widang hukum Islam (syari’ah), ahirna ngabuahkeun hasil. Rahmat ogé bisa neruskeun ka Al-Azhar Kairo Mesir taun ti taun 1973-1980. Di Kairo, lian ti kuliah, ogé milu neuleuman élmu di International Language Institute (ILI) jeung di International Idiom Course (IIC). Saréngsé nyuprih élmu di Mesir, mulang deui ka almamaterna di UIN SGD Bandung kalawan ngaréngsékeun gelar S2 jeung S3 (Doktor) ti IAIN Syarif Hidayatulloh Jakarta taun 1992.

“Alhamdulillah, ku pangjurung do’a ti sepuh, tiasa kuliah. Da, keur alit mah, teu gaduh cita-cita dugi ka hoyong sakola luhur,” saur Rahmat bari nineung ka mangsa leutik nu sering ngarit keur domba inguanana.

Tina sakitu lobana lalampahan, kiwari, Prof. Dr. H. Rahmat Syafe’i ogé masih nyangking pupuhu MUI Jawa Barat ka dua periodeuna jeung sering diangkir jadi narasumber dina kagiatan kaagamaan di saban tempat. Mung nyakitu, ceuk ieu pakar élmu Syari’ah, kukumaha waé ogé lampah, nu penting mah kedah nyandak mangpaat bari diri urang mampuh ngalarapkeunana. Luyu sareng angen-angen kitu, mana Prof. KH. Rahmat ogé, kiwari teras ngawuruk agama ka para santri-santrina di pasantrénna Al-Wafa nu diadegkeun taun 2012.

“Ieu pasantrén pokus kanggo ngaji élmu agama. Dina sasih Romadon ayeuna ogé, biasa  aya pasaran nu husus neuleuman kitab-kitab klasik sareng qowaid fiqhiyah. Jantén, mudah-mudahan, jati dirina para santri, janten gaduh bénténg dina mayunan jaman paroahan,” saurna Pa Kiyai nu seueur ngarang buku-buku kaislaman di antarana waé, Fiqh Muamalah, Al-Hadits, Ilmu Ushul Fiqh, jeung buku lianna.

Lian ti neueulkeun kana ngaji kitab, ogé aya kajian widang lianna, saperti tahsin jeung tahfid Al-Quran, studi Bahasa Arab, Bahasa Inggris, ogé  upgrading jeung pembinaan méntal jeung ahlakna. Hirup mémang tara tuna tina ‘kompetisi’. Ku lantaran kitu, luyu jeung pancénna ogé tigin kana ajaran agama Islam, Prof. KH. Rahmat Syafe’i ogé salawasna bakal mupujuhkeun ketak pasantrén jeung marengan umat. Kituna téh, sangkan leuwih betah dina nyebarkeun kamulyaan Islam ka masarakat. “Insya Alloh, istiqomah dina nebarkeun kasaéan. Pon kitu deui, dina sasih Romadon ayeuna  umajak ka sadayana, hayu gunakeun ieu kasempetan sasih romadon nu luhur kacida ajénna, ku nyeueurkeun ibadah, nyeueurkeun ngariksa ngabina diri ku cara seueur neuleuman élmu agama sareng silih bantos ningkatkeun karaharjaan umat,” ceuk Pa Kiyai Rahmat nutup obrolanana.***

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Tamu

Prof. Yeni Huriani; Budaya Rikrik Jalan Basajan Nyorang Kasalametan

Ngahangkeutkeun deui budaya rikrik gemi ti para pamingpin ieu bangsa, tangtu hadé...

Tamu

Yopi Firmansyah: Urut Tukang Ngamén nu Ngadegkeun Pasantrén

Nasib jalma taya nu nyangka. Kungsi jadi tukang dagang asong di tempat...

Tamu

Dra. Hj. N. Sri Mulyati CTMR; Metode Mikat Rejeki Marekkeun Haté ka Ilahi

Kaum muslimin nu ngagem agama, dina mangsa global ayeuna, sawadina nempatkeun agama...

Tamu

KH. Jeje Zaenudin; Ukhuwah Islamiyah Sarana Katingtriman Bangsa

Ilaharna, dina kaayaan kahirupan nu keur dirungrum ku lobana kahariwang, sok teu...