Home Warta Tamu KH. Jeje Zaenudin; Ukhuwah Islamiyah Sarana Katingtriman Bangsa
Tamu

KH. Jeje Zaenudin; Ukhuwah Islamiyah Sarana Katingtriman Bangsa

Nguatan katingtriman jeung ajegna bangsa, moal leupas tina peran umat Islam. Pangna kitu, dina nyebarkeun Islam nu rohmatal lil'alamin ogé, ulama jeung umaro sawadina rempeg ngokojoan larapna ukhuwah Islamiyah nu pikabitaeun. Kitu di antarana jejer obrolan Manglé jeung Dr. KH. Jeje Zaenudin, M.Ag., Ketua Umum Pengurus Pusat (PP) Persatuan Islam.

Share
Dr. KH. Jeje Zaenudin, M.Ag., Ketua Umum PP Persatuan Islam.
Share

Ilaharna, dina kaayaan kahirupan nu keur dirungrum ku lobana kahariwang, sok teu anéh upama pangaruhna gé nyaliara ka mana-mana, kaasup kana ajegna ukhuwah Islamiyah papada kaum muslimin di ieu bangsa. Lantaran kitu, keur ngurangan karisi, ulama jeung umaro, sawadina mampuh ngokojoan kalawan rempeg némbongkeun sikep tuladan. Ngan kumaha carana?

“Cara ngajagi ukhuwah Islamiyah, kalebet di antara para pamingpin, luyu sareng Al-Quran surat Al-Hujurat ayat ka 11 sareng ka 12. Nyaéta ku cara henteu ngalanggar perkara-perkara nu matak nimbulkeun pacéngkadan sareng mumusuhan. Sapertosna waé, kahiji, henteu silih ngahinakeun, malah mandar kedah silih hormat, silih ngajénan. Kadua, teu kénging ngalélécé atanapi ngarasa hina kana martabat diri sorangan, malah mandar kudu ngarasa sadarajat jeung samartabat jeung nu lian. Katilu, teu kénging silih tuduh ku gelaran-gelaran nu awon. Kaopat, teu kénging seueur awon sangki. Kalima, teu kénging ngoréhan kasalahan batur, bari poho kana kasalahan dirina sorangan. Kagenep, teu kénging nguar-nguar aib sasama, malah mandar kedah silih ngajaga marwah,” ceuk ieu Dr. KH. Jeje Zaenudin, Ketua Umum PP Persis, mimiti muka obrolan.

Kitu deui, lian ti ku cara henteu ngalanggar, ceuk ieu Kiyai teureuh Ciawi Tasikmalaya, ogé ngalarapkeun paripolah nu mulya, saperti gabiasakeun silaturahmi di antara para pamingpinna, boh pamingpin di lingkungan umaro atawa di lingkungan ulamana.

Upama H. Jeje boga panitén kitu, lantaran katingtriman bangsa nu mayoritas muslim, moal leupas tina peran ulama. Jinekna, ceuk ieu Ketua Dewan Pimpinan MUI mangsa hidmat 2020-2025, ulama téh nu ngajaga agama jeung ahlak masarakat, sedengkeun umaro nu ngajaga kakawasaan, pamaréntahan jeung nu mastikeun karaharjaan rayatna. “Kasauran Imam Ghazali ogé, agama jeung nagara téh ibarat dua dulur kembar. Agama poko pangkalna, ari nagara penjagana.  Upami nagara teu boga dasar agama, mangka bakal ancur. Kitu deui, upami agama teu dikawal ku nagara, éta ogé moal nanjeur. Umaro simbol nagara, ulama simbol agama. Margi kitu, umaro sareng ulama kedah silih rojong. Umaro gaduh kawenangan ngajalankeun program kakawasaan, sedengkeun ulama ogé gaduh kawajiban kanggo masihan naséhat ka umarona,” pokna deui témbrés.

Kana peran ulama atanapi ketakna Majlis Ulama Indonesia salila ieu, sawadina kudu matak reueus umat. Kituna téh lantaran, sanajan loba organisasi Islam, béda-béda madzhab fikih, rupa-rupa agama jeung kayakinan anu dianut, tapi toléransi jeung akurna duduluran masih bisa dijaga. “Janten peran ulama dina ngajaga ukhuwah ogé tiasa karaos. Dugi ka danget ayeuna, ieu bangsa nu muslimna pangseueurna saalam dunya, tos ngabuktoskeun tiasa alakur sareng toléran. Teu aya perang antar sékte atanapi antar agama nu ngancurkeun tatanan kahirupan umat jeung nagara. Anapon upama téa mah aya bénten pamadegan soal mazhab fikih, tapi henteu ngaganggu kana urusan poko agama,” ceuk ieu Ketua Sekolah Tinggi Agama Islam Persatuan Islam (STAIPI) Jakarta deui.

Butuh Conto Tuladan

Nebarkeun ukhuwah Islamiyah, upama ditilik tina cara nguatan katingtriman jeung nanjeurna bebeneran, teu cukup ukur némbongkeun kapinteran otakna wungkul, tapi ogé butuh conto tuladeun nu saé. Sapertina waé, ulama jeung umaro tiasa rempeg némbongkeun sikep nu tuladeun demi tingtrimna duduluran bangsa tinimbang keur kapentingan diri sorangan atawa golongan. “Kalebet, sikep nu basajan ti para pamingpin, sareng henteu ningalikeun sikep hawek, riya, atanapi pamér ku dunya tur jabatan,” ceuk Pa Kiyai Jeje ngémutan deui.

Parobahan kiwari, mémang teu bisa disinglar deui. Dina kaayaan kitu, ceuk H. Jeje, umat Islam kudu ati-ati, henteu kabaud kana paripolah nu malah ngaruksak ukhuwah Islamiyah. Sapertina waé, lisanna jadi babari ghibah, fitnah, ngadu domba nu ngabalukarkeun ayana musuhan.  “Malihan, henteu jarang ogé nu ngagunakeun simbol jeung bahasa agama, anu saleresna malah nyulayaan kana ajaran agamana. Ieu saleresna nu kedah silih émutan saban waktu téh, supados langkung ati-ati dina milih sareng ngagunakeun téhnologi média sosial. Margi, sakali kaluar ucapan, sikep, sareng lampah nu dirékam sareng disebarkeun médsos ka balaréa, mangka sesah ditarik sareng dipupus deui. Kitu deui, pangaruh awonna ogé bakal manjang, tiasa ngareksak jati diri, kulawarga ogé ukhuwah umat,” ceuk ieu Doktor Hukum Islam lulusan Pascasarjana UIN SGD Bandung tandes deui.

Ukhuwah Islamiyah dina Soméahna Sunda

Dina panalinga KH. Jeje, kaunggulan umat Islam di tatar Sunda payus jadi kareueus. Lantaran tos kawéntar masarakatna nu soméah, murah haté, handap asor, henteu boga adat hawek sareng kokomoan kana harta jeung jabatan. Kitu deui, dina ayana pacéngkadan, gancang akur deui. “Niléy kahirupan sapertos kitu, sapagodos sareng ahlak muamalah Islam sareng di antara tujuan utama ajaran Islam salian ti nanjeurkeun akidah tauhid sareng ngalarapkeun syariat agama,” pokna téh. Namung kitu, masih ceuk ieu pangasuh Pasantrén Tahfizh Quran jeung SMP IT An Nahla Bekasi, pasipatan soméah sareng handap asorna umat Islam Jawa Barat tetep sawadina kudu dibarung tur dijaga ku kuatna akidah/tauhid ajaran Islam. Kituna téh sangkan pasipatanana nyandak ganjaran di payuneun Alloh Nu Maha Welas Asih.

“Unggulna umat Islam Jawa Barat, dipiharep ogé janten tuladan dina mikanyaah jeung ngabéla kana agama jeung nagara. Tauhidna murni jeung kuat, nyunnah dina ibadahna, modern jeung moderat dina sikepna, satata sareng silih ajénan dina pergaulanana, sareng wani nyegah kama’siatan sareng kana perkara nu méngpar tina aturan,” ceuk Dr. KH. Jeje Zaenudin deui.

Keyeng Neuleuman Agama

Dina lalampahan Dr. K.H. Jeje Zaenudin, M.Ag. ogé, Indung téh, pangjurung laku geusan tinemu rahayu. Bapa téh, pangjajap paripolah sangkan hirup tinemu hurip. Matak baheula keur budak, waktu bapa aya kénéh di kieuna, Hapid (kitu landian KH. Jeje keur leutik) aya dina asuhan kanyaah kulawarga nu sampurna. Tapi, Hapid nu lahir 18 Juni 1969 di Ciawi Tasikmalaya, tetep sadrah, da mungguhing hirup, manusa mah darma wawayangan, nu pamustunganana mah anging Alloh Nu Mahakawasa. Atuh, sabada ramana (Alm. Mardi Amsari) mulang ka kalanggengan, lalampahan hirup Hapid aya dina tanggel waler indungna (Almh. E. Kartini). Ngan, sanggeus Hapid yatim, aweuhan kanyaah ti indung dibagéakeun deui ku kaasih ti nini, aki sareng bapa kawalonna.

“Pribados mah kulawarga patani. Yuswa kelas hiji SD, pun bapa ngantunkeun. Namung saterasna mah henteu kaleleban teuing, margi pun biang, nini, aki sareng bapa kawalon janten guru SD, karaos pisan kanyaahna. Atuh di rorompok ogé seueur rupi-rupi buku bacaan, utamina buku-buku agama, sajarah Islam sareng tokoh Islam, ogé koran sareng majalah. Janten, pribados resep maca, sareng janten ngajurung sumanget geusan keyeng diajar agama. Ditambih deui, pun nini sering nyarios, yén pun aki jenatna hoyong pisan gaduh putra atawa putu jadi ulama. Mana, saterasna mah, lian ti sakola di Madrasah Ibtidaiyah, di MTs. di Ciawi, ogé ngaos di pasantrén kalawan wengina mondok di kobong Sukamanah. Kituna téh, margi gaduh cita-cita hoyong kuliah sareng janten jalmi nu ngartos kana agama téa,” ceuk H. Jeje bari nineung ka mangsa bihari.

Keyeng diajar agama henteu pareum. Hapid ogé neruskeun ka Madrasah Aliyah bari mondok di tingkat Takhasus jeung Mu’allimin Pesantren Persatuan Islam Benda Tasikmalaya salila opat taun (1987-1991). Nembé, tamat di Benda, ustadz pembimbingna, ngarahkeun Hapid sangkan leuwih jero neuleuman deui kana élmu basa Arab jeung élmu da’wah. “Terasna mah hijrah wé ka Jakarta, diajar di Lembaga Pendidikan Dakwah Islamiyah nu aya dina papayung Dewan Dakwah Islamiyah pingpinan Doktor Muhammad Natsir, sakantenan bari ngiring diajar di Perpustakaan LPBA (Lembaga Pendidikan Bahasa Arab). Saterasna, dipercanten mingpin Pasantren Persatuan Islam Matraman Jakarta Timur, ogé neraskeun kuliah formal Ilmu Komunikasi Dakwah di Prodi Komunikasi Penyiaran IAI Al Ghuroba Jakarta, dipungkas ku ujian kesetaraan negeri di UIN (waktos harita masih IAIN) Jakarta réngsé taun 1995. Diteraskeun deui ka S2 kajian Pemikiran Politik Islam di IAI Al Aqidah Jakarta, réngsé taun 2004,” ceuk ieu caroge Hj. Ineu Fitriah Abdurahman téh.

Dibarung deui dina rupa-rupa kagiatan organisasi kemahasiswaan jeung kepamudaan, H. Jeje ogé dipercaya jadi pupuhu Pamuda PERSIS di Jakarta, Katua Pimpinan Cabang, Katua Pimpinan Daerah, Katua Pimpinan Wilayah, nepi ka Katua Pimpinan Pusat Pemuda PERSIS taun 2005-2010.

Bari mingpin organisasi ogé, di taun 2009 neruskeun deui ka S3 di Pascasarjana UIN SGD Bandung konsentrasi Hukum Islam kalawan réngsé taun 2013.

“Tina sakola sareng teras aktif di organisasi kamahasiswaan sareng kapamudaan Persis, teras dipercanten lebet jajaran Pimpinan Pusat PERSIS ti taun 2011, Wakil Ketua Umum PP. PERSIS 2015-2022. Nembé dina Muktamar PERSIS ka 16 taun 2022, dipaparian amanah janten Ketua Umum PP Persis masa jihad 2022 dugi 2027,” pokna deui.

Kitu deui, aktif dina gerakan jeung kagiatan lintas ormas kapamudaan sareng kaagamaan, saperti gerakan nungtut SDSB ditutup taun 1993, gerakan réformasi 1998, aksi béla Islam 2017, sareng dina saban kagiatan MUI Pusat, ahirna dina MUNAS ka-10 MUI 2020, H. Jeje dipercaya jadi salah saurang pingpinan dina jabatan Ketua Dewan Pimpinan MUI, masa hidmat 2020-2025.

“Alhamdulillah, kénging jalan takdir Gusti nu saé. Rupina alpukah rojongan doa sepuh di kulawarga nu miharep janten ulama, nyaéta nu teras masihan mangpaat ka umat, sanés nu ngamangaatkeun atanapi ngaharepkeun mangpaat ti umat,” ceuk KH. Jeje deui.

Loba kagiatan, beuki loba kawawuhan. Ieu rama Zain Rasyid Himami, Nu’man Zainul Rahman, Yasmina Khaloda Zain sareng Aghny Muthmainna Zain ogé, jadi sering diangkir keur méré pandangan di pamaréntahana, di paguron luhur atawa di organisasi kaagaman tingkat nasional atawa tingkat internasional. “Dina raraga nebarkeun Islam nu pikabitaeun, alhamdulillah tiasa silaturahmi sareng nyukcruk napak tilas puseur-puseur paélmuan kalebet ka mancanagara. Sapertos ka Mesir, Sudan, Libya, Turki, Maroko, Spanyol, China, Uzbekistan, sareng nu sanésna. Kéngingna kapercantenan kitu, tangtos hakékatna mah amanah sareng ujian ti Alloh Swt. Mudah-mudahan, janten uswatun hasanah kangge diri, kulawarga, ogé lingkungan sadayana,” ceuk ieu cendekiawan muslim perenah diangkir jadi anggota delegasi Indonesia jadi tamu Kerajaan Saudi Arabia, wawakil dina Konferensi Internasional ngeunaan Palestina di Istambul Turki, delegasi Amirul Haji Indonesia utusan Menteri Agama Republik Indonesia taun 2018, jeung kagiatan internasional lianna.

Kiwari, dina pancénna mupuhuan PP Persis, ieu pangarang buku ‘Metode Penegakkan Hukum Islam di Indonesia’, ‘Panduan Puasa Ramadhan, Iktikaf, Lailatul Qadar, dan Mudik Lebaran’, Akar Konflik Umat Islam’, jeung sajabana, keur tatahar geusan ngawujudkeun Kampus Persis University/Universitas Persis di daérah Margaasih Kabupatén Bandung, nu udaganana réngsé Agustus 2025.

Lalampahan Pa Kiyai, kiwari beuki lega aweuhanana. Ngan najan kitu, tetep dina lelembutanana mah, teu weléh tibelat ka lembur jeung kulawargana. “Kantenan sok nyempilkeun waktos ka lembur, utamina kanggé ngamumulé rasa kakulawargaan, sareng ngalaksanakeun amanat para sepuh sareng ngaroris titinggalna nu sanés ku seueur sareng ageungna, namung ngajaga ajén sajarah sareng kabarokahanana,” ceuk Pa Kiyai Jeje Zaenudin mungkas obrolanana.*** (RH)

Manglé édisi 3014

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
TamuWarta

Halaqoh Ash-Sholawat Teu Kendat Babagi Élmu ka Lansia

Nu nyebarkeun élmu kahadéan hususna widang kaagamaan geus réa. Komo di Kota...

Tamu

KH. Rahmat Syafe’i; Puasa Miara Ucap jeung Paripolah

Kamulyaan Islam mah, teu weléh katara jeung karasa. Lantaran kitu, dina ngalakonan...

Tamu

Prof. Yeni Huriani; Budaya Rikrik Jalan Basajan Nyorang Kasalametan

Ngahangkeutkeun deui budaya rikrik gemi ti para pamingpin ieu bangsa, tangtu hadé...

Tamu

Yopi Firmansyah: Urut Tukang Ngamén nu Ngadegkeun Pasantrén

Nasib jalma taya nu nyangka. Kungsi jadi tukang dagang asong di tempat...