Hadirna pasantrén-pasantrén tahfidz hususna di Tatar Sunda Jawa Barat, henteu leupas tina tujuan mulyana, nyaéta ngatik generasi bangsa nu luhur ajénna, pengkuh agamana, jeung hadé ahlakna. Keur ngahontal udagan kitu, tangtu dina larapna mah sok béda-béda jurusna. Sapertina waé nu dilarapkeun ku lembaga pasantrén Ulumul Qur’an Al-Mustofa Sumedang.
“Alhamdulillah ti waktu ka waktu, pasantrén Ulumul Qur’an Al-Mustofa beuki majeng sareng pada mikareueus ti sakumna pihak. Rupina, alatan parantos ngabuktoskeun program unggulanana, sapertos ngatik generasi qur’ani nu enya-enya. Atuh, dina sasih Juni 2025 nu badé dongkap ogé, badé ngawisuda 30 santri nu parantos norolong nalar 30 juz,” saur KH. Asep Mustofa Kamal mimiti nepikeun obrolanana.
Dina mekarkeun pasantrén Ulumul Qur’an nu dikokolakeunana, mémang dina prakna mah, ceuk Kiyai Asep deui, lain perkara nu gampang. Sok komo dina mangsa global ayeuna mah, minat santri ngaji atawa ngapalkeun Al-Qur’an téh loba halang harunganana. “Sanaos sepuhna mah miharep pisan janten hafidz, namung rata-rata ngawitan lebet mah, éta santri kana ngapalkeun Al-Qur’an téh kirang pisan minatna. Namung ku teras digecek, disiplin kana aturan, sareng ngaluyukeun lingkungan pasantrén, alhamdulillah lami-lami mah janten kareyeng, kalebet tumut kana aturan haramna ngagunakeun HP,” saur Pa Kiyai Asep bari nepikeun yén dina bulan Romadon ayeuna ogé, para santri saregep kacida. Malah, aya sababaraha santri nu tos lebet ‘penghatam’ 30 juz.

Keur nataharkeun generasi qur’ani deui, di ieu pasantrén ogé henteu asal-asalan. Ceuk ieu Dosen pascasarjana (S3) program studi Hukum Islam Ahwal Syakhsiyah UIN SGD Bandung, para santri nu geus bener maca Al-Qur’anna, kakara bisa asup kana program unit khusus tahfidz. Aturan kitu, tujuanana keur mastikeun yén nalika ancrub ka masarakat, éta hafidz hafidzoh tiasa jadi imam solat atawa guru ngaji nu bener-bener hadé ajénna.
“Mémang soal kualitas santri dina maos Al-Qur’an mah diutamakeun kacida. Jinekna, kedah asak élmuna. Margi pami asak mah, insya Alloh moal cangcaya deui, nyandak seungit sareng diperyogikeun ku masarakat. Sanés waé ukur janten imam tapi ogé seueur nu ngawakilan qori atanapi qori’ah ti unggal kabupatén atanapi kota di Jawa Barat,” pokna deui.

Upama ieu panataras Unit Pengembangan Tilawatil Qur’an (UPTQ) UIN Sunan Gunung Djati Bandung nepikeun kareueusna kitu, lantaran santri hasil atikan pasantrén Ulumul Qur’an Al-Mustofa pada mercaya keur jadi pamilon MTQ ti saban daérah. Sapertina waé ngawakilan Cirebon opat urang, ngawakilan Bogor dua urang, Garut dua urang, Tasikmalaya dua urang, Sumedang genep urang, ogé Kota Bandung dua urang. “Nalika para pamilon MTQ ti saban daérah karempel janten, saleresna tos pada kenal da sami-sami santri Ponpes Ulumul Qur’an Al-Mustofa téa,” ceuk Kiyai Asep tandesna.
Ciri mandiri nu mawa kaunggulan ieu pasantrén nu tempatna di Lebakcara Indah RT.01/RW.04, Citali-Sumedang, nyaéta lian ti nanjeurkeun unit husus Tahfidz, ogé dibarung ku santri nu ogé tetep sarakola formal di éta lingkungan pasantrén, saperti aya SMP Plus jeung SMA Plus Ulumul Qur’an Al-Mustofa. Adumanis atikan kitu, ngabuah pribadi santri ogé nu nyatri jeung nyakola. “Margi kitu, dina waktos sakola formal libur ogé, tetep kareyeng ngaraos, ngiringan khotmil Al-Qur’an bil ghoib atanapi bil nadhor. Saparantos lulus, tiasa diwisuda. Ieu hontalan nu luar biasa,” ceuk ieu Mubaligh nu sering nebarkeun Islam di masjid-masjid di Jawa Barat, saperti di Al-Jabbar, Pusda’i, jeung masjid lianna.
Préstasi Dicontoan Heula ti Kulawarga
Keur ngahudangkeun sumanget para santri sangkan tigin ngapalkeun Al-Qur’an, dina larapna mah butuh conto préstasi hasil atikanana. Kitu ogé dina nataharkeun generasi qur’ani di pasantrén Ulumul Qur’an Al-Mustofa, KH. Asep ogé, salawasna geus ngabuktikeun hasil préstasi hasil atikanana. “Alhamdulillah hasilna atikan ieu pasantrén, kanggo conto préstasi mah henteu tebih milarina, da murangkalih nyalira téa. Sapertosna waé putra kahiji H. Muhammad Rif’at Al Banna, M.Ag. kantos sababaraha kali juara Tahfidz tingkat nasional, ogé kantos juara dua tahfidz 30 juz Internasional di Iran taun 2022 sareng di Maroko cabang tafsir bahasa Arab. Kitu deui nu kadua Alvi Iswatin Hasanah Kamal, seueur préstasina, sapertos Juara 1 MFQ Tingkat Jawa Barat 2019-2020, ogé Juara Harapan 1 MFQ Nasional di Padang 2020,” ceuk ieu carogé Hj. Siti Mahduroh (Umi) témbrésna.
Luyu jeung harepanana ieu pasantrén, ceuk KH. Asep deui, geusan numuwuhkeun generasi Qur’ani nu tanggoh élmuna tur mulya ahlakna. Duanana sawadina bakal adumanis. Atikan ahlak geus ngahiji di Pasantrén Ulumul Qur’an Al-Mustofa mah. Pituduhna tina Al-Qur’an parantos jinek, sarta larapna bisa nyonto ahlak di lingkungan pasantrén jeung di lingkungan kulawarga éta santri. Santri nu pinter, jujur, singer, cageur, bageur, éta sadayana pimulyaeun. “Para santri nalika ngalarapkeun program pangabdian ka masarakat, insya Alloh élmuna teras mancer sareng ahlakna mulya. Kitu deui nalika babakti ka sepuhna,” ceuk Kiyai Asep deui.
Pasantrén Ulumul Qur’an Al-Mustofa diadegkeun taun 2010. Dina ngokolakeunana, teu weléh ngalarapkeun garapan keur nataharkeun nonoman Sunda nu aya dilingkunganana sangkan jadi generasi qur’ani, jadi hafidz hafidzoh Al-qur’an ogé pinter ngaji kitab-kitab gundul (konéng) nu bisa diajarkeun ogé di éta pasantrén.
Daria Neuleuman Al-Qur’an
KH. Asep Mustofa Kamal teureuh Serang Banten, nu lahir 28 April 1961. Upami ieu putra Bapa H. Syamlawi (Alm) sareng Ibu Siti Namrah Nawawi, kiwari tiasa ngadegkeun pasantren tahfidz Al-Qur’an, mémang luyu jeung angen-angenna mangsa leutik. Aya di lingkungan kulawarga nu deukeut jeung atikan agama, Asep ogé, ti keur leutik geus katingal onjoyna. Atuh, soal nimba élmu, keur Asep mah mémang nu karasa mah, teu aya istilah cukup. Mana, dina lalampahan sakola ogé, loba kacida pangalamanana, boh para guruna ogé tempat sakolana. Saperti nalika SDN di Serang, SLTP di Sukabumi, atuh SLTA mah di Jawa Timur sarta Perguruan Tinggi, boh S1, S2 boh S3 di UIN SGD Bandung. “Masantrén deuih kantos di saban tempat. Ngawitan di Giripada Serang, Cibeureum Sukabumi, Situbondo Jawa Timur ogé kantos di Al-Amin Parinduan Madura. Alhamdulillah seueur berkah ti para guru, sapertos diajar husus atanapi takhasshush Al-Qur`an ti KH. Qurtubi Asmawi di Ciparé Serang, ti KH. Hasan Ali, ti KH. Q. Ahmad Syahid Cicalengka Bandung atanapi ti pasantren Qiro`at Sab`ah di Kudang Limbangan Garut,” ceuk ieu Dosen UIN SGD pokna deui.
Ngadumaniskeun rupa-rupa élmu agama jeung umum, nu karasa ku Asep mah, asa beuki numuwuhkeun tiginna kana neuleuman Al-Qur’an, utamana qiro’atul qur’an.
Nepi ka kiwari, KH. Asep Mustofa Kamal teu weléh panceg kana prinsip lalampahan hirupna, nyaéta geusan nebarkeun kahadéan jeung kamaslahatan ka umat balaréa, saperti ngaliwatan jalan pasantrén tahfidz Ulumul Qur’an Al-Mustofa di Sumedang.
“Insya Alloh, nataharkeun generasi Qur’ani nu unggul. Kituna téh sangkan leres-leres tiasa dipikareueus umatna, ogé tiasa ngiatan diri sareng moral bangsa nu saé,” ceuk KH. Asep Mustofa Kamal, nutup obrolanana.***
Mangle 3020
Leave a comment