Home Warta Katumbiri Ketua ABPPTSI Jabar: Régulasi Antara PTN jeung PTS Kudu Adil
Katumbiri

Ketua ABPPTSI Jabar: Régulasi Antara PTN jeung PTS Kudu Adil

Share
Ketua ABPPTSI Jabar, Dr. Ricky Agusiady, SE., M.M., Ak., CFrA., CHRM.
Share

Kota Bandung – Dina raraga ningkatkeun ajén pendidikan tinggi di Jawa Barat (Jabar), Ketua Asosiasi Badan Penyelenggara Perguruan Tinggi Swasta Indonesia (ABPPTSI) Jabar, Dr. Ricky Agusiady, SE., M.M., Ak., CFrA., CHRM., nétélakeun yén masih aya sikep pamaréntah nu teu adil nu dilarapkeun ka Perguruan Tinggi Negeri (PTN) jeung Perguruan Tinggi Swasta (PTS) dina sababaraha aspék, utamana patali jeung régulasi sarta waragad.

Hal éta ditepikeun Ricky dina lawungan jeung Forum Wartawan Pendidikan (FWP) Jabar, nu lumangsung di Sekretariat ABPPTSI Jabar, Gedong Pascasarjana  Universitas Sangga Buana (USB) YPKP Jalan Surapati No 189, Kota Bandung (13/2/2025).

Demi nu dititénan ku Ricky téh nyaéta teu adil dina rasio dosén jeung régulasi penerimaan mahasiswa baru (PMB) di PTN. Patali jeung PMB mah, nurutkeun Ricky, di PTN bisa narima mahasiswa anyar nepi ka puluhan rébu, sarta ditarimana bisa lumangsung nepi ka bulan Januari (jenjang S2). Demi PTS mah diwatesanan nepi bulan Agustus. Upama meuntas ti Agustus masih narima mahasiswa anyar, PTS bisa ditibanan sanksi, teu kitu keur PTN mah.

“Ieu téh tangtos janten tangtangan kanggo PTS nu gumantung pisan kana jumlah mahasiswam, éta téh mangaruhan kana operasional. Numawi 90 persén PTS mah tiasa huripna téh tina uang kuliah tunggal (UKT). Kumargi masih sakedik PTS nu tas ngagaduhan unit bisnis,” ceuk Ricky tandes naker.

Patali jeung pasualan dosén mah, émboh Ricky, lebah dosén nu diasuh ku yayasan di PTS ujug-ujug bisa pindah tugas ka PTN. Angot pindahna téh teu maké lolos butuh. Dina kaayaan sarupaning kitu, Ricky nandeskeun kana pentingna komunikasi antara PTS jeung PTN. Nilik kana waragad nu gedé nu tas digolontorkeun ku PTS pikeun invéstasi pendidikan dosén.

Ketua ABPPTSI Jabar, Dr. Ricky Agusiady, SE., M.M., Ak., CFrA., CHRM., basa ngawangkong jeung awak média nu aub di Forum Wartawan Pendidikan Jawa Barat.

Sagigireun dua hal kasebut, aya deui aturan nu kudu diimeutan deui ku pamaréntah, nyaéta lahan keur paguron luhur. Sarat minimal lahan paguron luhur téh kudu boga 5.000 m² (keur sekolah tinggi, politeknik, akademi), 8.000 m² (keur institut), jeung 10.000 m² (keur universitas). Legana lahan téh jadi bangbaluh badan penyelenggara. Lantaran teu saeutik kampus nu tas lila ngadeg di puseur dayeuh ngarasa héngkér dina nyumponan éta pasaratan. Da di kota mah lahan tas heureut (gegek ku kantor, gedong, hotél), atawa kateug ku waragad ngawangun sacara vértikal.

Laju dina sértifikasi dosén gé pabeulit. Nurutkeun Ricky satutas dosén ngalaman tugas leuwih ti dua taun jeung tas jadi dosén tetap mah bisa ngajukeun jabatan fungsional (Jafung) salaku asistén ahli, dua taun satutasna jadi léktor, dua taun satuluyna jadi léktor kepala. Teu kudu deui aya tes atawa nyadiakeun deui waragad.

Ricky gé maliré kana pentingna ngokolakeun waragad, sumber daya manusa, sarta dana nu sumberna tina APBN ogé APBD. Sumber tina duit rayat mah kudu diaudit. Kaasup monitoring jeung evaluasi patali jeung ngamangpaatkeun dana Kartu Indonesia Pintar (KIP) Kuliah. Pihakna teu weléh peupeujeuh ka sakabéh PTS di Jabar pikeun mituhu, da paur pisan tikoséwat.

Ketua FWP Jabar, Ahmad Mualif (katuhu), nepikeun kamandangna.

“Dana KIP kanggo mahasiswa mah teu kénging dicocéng sapérah gé ku paguron luhur. Watesanana kedah nembrag, sareng dianggona dumasar aturan,” pokna.

Miroséa kana ajén paguron luhur, Ricky neueulkeun kana pentingna ngaping jeung nalingakeun ti pamaréntah, teu cukup ku nibanan sanksi. ABPPTSI teu kendat ngingetan yén dina ngokolakeun PTS téh kudu taat azas, wajib ngaroris pangkalan data perguruan tinggi (PDDikti). Ricky gé ngajurung kana tata kelola perguruan tinggi, kaasup ngabagi tugas nu jelas antara yayasan jeung rektorat.

“Yayasan mah ngurus 3M, nyaéta Man (sumber daya manusa), Money (waragad), sareng Material (sarana prasarana),” ceuk Ricky écés naker.

Demi tugas réktor mah, écés Ricky, paham kana tugas jeung kawajiban, motékar, rancagé, bisa diskusi, teu ngan nyenangkeun dunungan (yayasan). ABPPTSI Jabar miharep pamaréntah bisa miroséa kana kamekaran PTS, utamana dina nyanghareupan tangtangan ketak nu teu adil batan PTN.  Sangkan taya aya kacindekan ka dinya, Ricky meredih aya rohang dialog nu bisa medalkeun solusi pikeun kamajuan babarengan.***

Share
Written by
Yadi Karyadipura -

Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
KatumbiriWarta

Madrasah Qur’an Asyifa Mantuan Warga Sangkan Cinta Al Quran

Tong héran mun ngaliwat ka Komplék Bumi Langgeng Blok 26 No. 13...

Katumbiri

Ajengan ka Sakola, Ajén Kaislaman Nanjeur di SMAN 14 Bandung

Kota Bandung – Romadon téh mangsa neuleuman élmu agama Islam. Di SMAN...

Katumbiri

Ngamulyakeun Romadon di Darul Hikam

Bulan Romadon 1446 H, bulan anu mulya, bulan nu kacida dianti-antina keur...

KatumbiriWarta

Tempat Latihan Pingpong Standar Internasional Di Kabupatén Bogor

Kabupatén Bogor ngabogaan tempat latihan pingpong standar internasional nu ngaranna Donic Table Tennis...