Home Gaya Hirup “KASIDAH CINTA AL-FARUQ” Drama Réligi Sunda Bulan Puasa
Gaya HirupImplik-implik

“KASIDAH CINTA AL-FARUQ” Drama Réligi Sunda Bulan Puasa

Share
Adegan dina “Kasidah Cinta Umar Al-Faruq”.
Share

Pagelaran Drama Réligi Musikal Sunda nu judulna “KASIDAH CINTA AL-FARUQ” suksés dipagelarkeun di Gedung Kasenian Rumentang Siang. Siga kumaha? Manglé ngobrol jeung Rosyid E. Abby, nu boga karya sarta sutradarana. ***

Pikeun ngeusi kagiatan di bulan Ramadan 1446 H, Teater Senapati Bandung ngagelar drama musikal réligi Sunda nu judulna “Kasidah Cinta Umar Al-Faruq” karya sutradara Rosyid E. Abby, ass. sutradara Dadan Darto Ramdani, di Gedung Kesenian (GK) Rumentang Siang, Jl. Baranangsiang No. 1, Kosambi, Bandung, Rebo jeung Kemis, 19 – 20 Maret 2025, jam 13.00 & 15.30 WIB.

Pagelaran drama musikal éta didukung henteu kurang ti 50 pamaén. Konsép garapanana adumanis tina seni drama, nyanyian (seni musik), jeung seni tari (gerak/koréo), kalawan média dialogna ngagunakeun Basa Sunda.

Rosyid E. Abby

Pagelaran éta mangrupa runtuyan tina pagelaran Drama Sunda Religi “Kasidah Cinta”, nu dipintonkeun unggal Ramadhan ti mimiti taun 2006 ku kolompok Teater Senapati Bandung.

Pagelaran Ramadan Teater Senapati taun ayeuna dikuatan ku aktor senior saperti Rinrin Candraresmi, Eka Candra W., Deden Syarief, Apip Catrix, Dado Tisna, May Ramadhan jeung anu lianna. Ogé para aktor ti komunitas téater kampus jeung SMA Pasundan 3 Bandung.

Lian ti éta Panata Gerak Laras Yoseph Iskandar, Panata Artistik Para Senapati, Panata Lighting Rana Beben, Panata Make Up Dini Ariyanti, Panata Kostum Yasinta Indriani & Para Senapati, Panata Musik Farhan Venyol, Pemusik Farhan Venyol, Rasyid van Ocid, Raden Silfa, Berkat, Arif Fathur, Stage Manager Dado Tisna anu pingpinan produksina Ipan Garmawan.

Aktor Apip Catrixs ngajejeran aktor Rinrin Candraresmi, merankeun salaki pamajikan Sa’ad bin Zaid jeung Fatimah binti Khattab. Duanana mangrupa narator, ngariwayatkeun ngeunaan lanceukna, Umar Al-Faruq (anu diperankeun ku Deden Syarief), anu asalna bengis jeung nolak kana Islam, ahirna jadi bébéla jeung jadi sahabat nabi nu paling deukeut.

Saacan ngagem Islam, Umar kaasup jalma nu dipikasieun sakaligus dihormat ku masarakat Mekah. Umar kacida teu satujuna kana ajaran nu dibawa Rasulullah Saw. Umar ogé kacatet jadi jalma nu paling remen nandasa balad Nabi Muhammad Saw, malahan ampir waé maténi Nabi.

“Kasidah Cinta Umar Al-Faruq” mangrupa gambaran sarta bukti cinta Umar bin Khattab ka Pangéranana, Allah Azza wa Jalla, sarta rasul-Na, Muhammad Saw.

Sinopsis

“Al-Faruq” nyaéta gelaran ti Nabi Muhammad Saw ka salah saurang sahabatna, Umar bin Khattab, anu ogé khalifah kadua Islam période 634 – 644 M. “Al-Faruq” hartina “Sang Pembeda”, atawa “nu bisa ngabédakeun atawa misahkeun antarana bebeneran jeung kabathilan”. 

Magelaran ti taun 2006.

Umar lahir di Kota Mekah ti Bani Addy nu masih saturunan jeung sélér Quraisy, sélér panggedéna di Kota Mekah harita.

Basa Umar rék mergasa Nabi Muhammad Saw, di tengah jalan inyana panggih jeung salah saurang balad Nabi Muhammad Saw, Nu’aim bin Abdullah, nu méré kabar adi awéwéna jeung salakina, Fatimah binti Khattab jeung Sa’ad bin Zaid, geus asup Islam.

Kalawan ambek nu pohara Umar ngadatangan imah adina. Basa kanyahoan adina Fatimah keur ngagalindengkeun ayat Alquran (Surat Thoha ayat 1-8), Umar beuki ambek sarta neunggeul adina nepi ka baloboran getih.

Tapi Umar ngahelas, nu ahirna hayang apal naon eusina nu dibaca ku adina. Saterusna jiwana jadi ngageter sanggeus apal naon anu kabacana téa. Satuluyna Umar mendakan Rasulullah pikeun asup Islam anu harita dina mangsa taun kagenep kanabian Muhammad.

Islamna Umar mawa pangaruh gedé kana perjuangan Rasulullah. Umar jadi jalma panghareupna nu buméla ka Rasulullah jeung ajaran Islam dina unggal aya kasempetan. Malahan inyana teu ragu-ragu pikeun ngalawan urut baladna nu baheula mah sarua sok nandasa baladna Rasulullah.

Taun 622 M, Umar bareng jeung Rasulullah sarta umat Islam lianna hijrah ka Madinah. Umar ogé kalibet dina Perang Badar, Uhud, Khaybar sarta milu ngajorag ka Syria.

Sanggeus Abu Bakar tilar dunya taun 634, Umar ditunjuk pikeun ngaganti kalungguhan minangka khalifah kadua dina sajarah Islam. Dina pamaréntahanana, kakuasaan Islam kacida mekarna sarta réa nagara gedé nu taluk.

Maneuh unggal taun.

Dina kalungguhanana jadi khalifah 10 tahun (13-23 H/634-644 M), jabatan Umar réngsé sanggeus inyana dipaténi ku ‘budak’ ti Persia, Abu Lu’luah. Waktu Umar keur ngimaman solat Subuh, Rebo, 25 Dzulhijjah 23 H/644 M. ***

Manglé 3019

Share
Written by
EEP NR -

Wartawan Majalah Basa Sunda Mangle yang tegabung dalam Persatuan Wartawan Indonesia Jawa Barat. Juga Atlet Tenis Meja Porwanas Jawa Barat.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Gaya HirupImplik-implik

Mudik, Tradisi Taunan Mulang ka Sarakan

Lebaran teu bisa dipisahkeun tina urusan mudik. Mudik kaasup nu dirarancang ti...

Implik-implik

Pasantrén Bani Sulaiman Nyitak Générasi Tahfidz Qur’an

Pasantrén réa diadegkeun di mana-mana. Salah sahijina nyaéta Pasantrén Bani Sulaiman nu...

Implik-implik

Rupaning Kamonésan Mapag Puasa

Munggahan atawa mapag puasa geus umum dilakukeun ku masaraka. Réréana mah ku...

Implik-implik

Ngeueum di Citiis Galunggung Tasikmalaya

Tasikmalaya geus sohor tempat wisatana. Utamana tempat ngeueum cipanasna sabab ku ayana...