Home Warta Tamu Kang Gun: Mawa Seni Malar Boga Pangaji
Tamu

Kang Gun: Mawa Seni Malar Boga Pangaji

Share
Share

Lamun keyeng tangtu pareng. Tah, kekecapan karuhun nu kawas kitu téh, ku Rd. Gunawan Sumadikara mah karasaeun pisan. Tina keyeng ngalaksanakeun pagawéanana, ahirna mah tinemu jeung hasil nu luyu jeung harepanana. Kawas nu salila ieu dilakonan, saperti jadi seniman jeung pangusaha, duanana gé kaasup suksés dina harti jadi cukang lantaran hirup jeung huripna kalayan kaalap mangpaatna ku balaréa.

Upama ayeuna  Kang Gun ngararasakeun hasilna boh tina seni boh tina usaha, mémang teu ujug-ujug.  Ieu panyanyi  kalahiran Bandung, 16 Agustus 1960 téh, saperti  umumna jalma-jalma nu maraju, teu weléh ngaliwatan lalampahan nu mikabutuh kadaék nu teu bisa dialalaworakeun.

“Tangtosna gé, kanggo ngahontal angen-angen téh butuh tékad anu kuat, usaha anu keyeng,  sareng kajurung ku karesep,” pokna.

Tah, perkara nu patali jeung nyeniman, inyana gé balaka. Bisa ngahibur  boh dina panggung boh dina layar kaca, lantaran ti leuleutik atawa keur budak, biasa ngahaleungkeun kakawihan barudak lembur. Malum, apan ieu teureuh Bandung téh keur budak mah, ngahaja sina matuh di Kampung Cinta, Garut Jawa Barat.

Tina biasa kakawihan téa, bet loba mangpaatna. Horéng kituna téh, jadi salah sahiji modal dina ngahaleuangkeun rupa-rupalalaguan. Tina resep ngahariring, ahirna mah, ludeung ngahaleuangkeun lalaguan, boh lagu-lagu Sunda, lagu-lagu pop Indonesia, jeun lagu-lagu Barat.

Lain Ukur Resep

Najan biasa ngahaleuangkeun rupa-rupa genre lalaguan, Kang Gun ngarasa boga kawajiban geusan milu ngaronjatkeun ajén panyanyi-panyanyi Sunda. Tah, karepna nu saperti kitu gé, dipetakeun ku dirina dina waktu kudu mintonkeun kabisana boh di panggung boh dina televisi.

“Upami urang hoyong diajénan batur, tangtosna gé urang nyalira kedah satékah-polah ngupayakeun malar urang diajénan batur,” ceuk ieu panyanyi nu ogé biasa nyiptakeun rupa-rupa lalaguan téh.

Mintonkeun seni, ceuk Kang Gun, kudu alus sagala rupana. Da, cenah,  pintonan mah sapakét. Ti mimiti papakéan, cara mintokeun kamampuh dina panggung, jeung kapribadian dina luareun pintonan téh, moal leupas tina paniténan pamiarasa atawa nu lalajona. Ku lantaran kitu, dina waktuna mintonkeun kamampuhanana gé, inyana mah, tara sambarangan.

“Upami seni Sunda hoyong diajénan, urang salaku seniman kedah merenahkeun salaku nu payus diajénan,”pokna.

Maksud Kang Gun mah, sakumna pihak nu ancrub kana pintonan, kudu bener-bener nataharkeunana sagala rupana. Ti mimiti papakéan para palaku senina, pakakas nu dipakéna, jeung kualitas pintonan kudu bener-bener  maksimal.

Keur inyana, tina pintonan ka pintonan téh kudu terus ningkat. Sakurang-kurangna ku angger,  ulah leuwih handap batan saméméhna. Kitu téh, cenah, penting pisan, lantaran pintonan téh lain ukur hiburan, tapi kudu aya niléy-niléy nu nyangkaruk dina masing-maisng pamiarsa nu ngabandungan éta pintonan.

Nyaritakeunn kadariaan pintonan Rd. Gunawan Sumadikara mah, mémang lain ukur lalambé. Da, naon waé nu digarapna,  teu weléh satékah polah digarap kalayan daria.

“Upama urang hoyong diajénan batur, nu langkung ti payun teh urang heula ngajénan diri sorangan,” pokna basa ngawangkong di salah sahiji kafe di Bandung, sawatara poé sabada Lebaran.

Memang patékadanana nu kawas kitu téh lain ukur lalambé, da dibarung ku prakna. Kawas mun rék manggung gé, tahaharna  téh sataker kebek. Sagala rupana dibalitungkeun ti anggalna kénéh, taya basa dudak-dadak lantaran dina mintonkeun karya téh lain ukur keur sasoranganeun jeung saharitaeun, tapi deuih hayang mawa pamor seni nu dipiharep mangpaatna keur balaréa.

“Upama urang mintonkeun seni, saperti nyanyi jeung sajabana, hartosna téh urang mintonkeun éta seni kanggo ngahibur anu sanés, ngahibur balaréa,” ceuk ieu piminan Band The Gun  téh.

Ketakna anu daria dina dunya hiburan, Kang Gun jadi loba baladna. Inyana nu dipiwanoh minangka panyanyi jeung musisi di Jawa Barat, meunang kapercayaan ti batur-baturna. Apan, inyana téh kapeto jadi Ketua DPD PAPPRI (Persatuan Artis Penyanyi Pencipta Lagu dan Pemusik Republik Indonesia) Provinsi Jawa Barat, Ketua Umum DPP Himpunan Artis Penyanyi dan Musisi (HAPMI), jeung  Ketua Nasional New Tembang Indonesia Kenangan (NTIK).

Lian ti kitu, dina widang usaha gé, lain ukur jadi pangusaha sasoranganeun. Da, deuih memang kapercayaan ngurus organisiasi . Dina ancrubna jadi pangusaha property, inyana ogé meunang kapercayaan jadi Ketua DPD APERSI (Asosiasi Pengembang Perumahan dan Permukiman Seluruh Indonesia) Jawa Barat.

Kasebut seniman jeung pangusaha, keur Kang Gun mah, sarua pentingna. Kituna téh, da loba mangpaatna. Jadi pangusaha, apan, boga modal diajar, ti sakola jeung ti bangku kuliah. Atuh, upama daék jadi ketua DPD APEPRSI gé lantaran loba hal anu kudu disanghareupan. Apan, sawatara hal nu jadi bangbaluh pangusaha perumahan téh, kudu kaungkulan.

 “Misalna pasualana sadiana kuota KPR Bersubsidi, masalah waragad nu patalina sareng perbankan, legalitas sareng perizinan kanggo para pengembang, penting dibahas sareng masalahana kedah kaungkulan, ” ceuk Kang Gun tandes pisan.

Jatidiri Lembah Cinta

Ciri sabumi, cara sadésa! Kitu ceuk kekecapan karuhun Sunda mah. Atuh, upama Kang Gun mekar tur ngahontal kalungguhan nu saperti ayeuna, moal leupas tina pamianganana. Malah, ti Bandung ‘hijrah’ ka sarakan luluhurna di Garut, ngancik di Kampung Cinta atawa di Désa Cinta, teu bisa dipungkir, éta palemburan jadi salah sahiji cukang lantaran  Rd. Gunawan Sumadikara ‘jeneng’ jadi seniman jeung pangusaha téa.

Désa Cinta, Karang Tengah, Kabupatén Garut, memang  sohor ti jaman Walanda kénéh. Kituna téh, lantaran kaéndahan alamna, nu jadi pangirutan balaréa. Hawa seger, cai cur-cor, matak ningtrimkeun haté. Atuh, kaayaan alam nu kawas kitu gé, gedé mangpaatna keur padumuk éta lembur mah, kaasup jadi pangrojong kana karancagéan padumukna.

Di éta tempat,  Rd. H. Gunawan Sumadikara, nyimpen salaksa panineungan. Mangsa sakola SD di éta lembur, inyana ngarasa kahirupan palemburan nu sarwa basajan jeung saayana. Geura wé, mun diajar peuting-peuting saperti maca pangajaran sakola jeung ngaji gé, ukur kacaangan ku cempor nu remeng-remeng.

Dina kaayaan nu saperti kitu, loba hikmahna. Da, barudak gé, nu kaaping ku kolotna mah, bisa ngamangpaatkeun waktuna.  Barudak SD gé, masih boga waktu keur mantuan pagawéan kolotna.

Kampung Cinta ayeuna, béda ti baheula. Ayeuna mah, éta tempat téh sohor pisan. Kituna téh, teu leupas ti pihak-pihak nu ngokolakeunana. Tah, ti antarana, nu gedé katineungna ka sarakanana téh  Kang Gun téa.

Najan loba pisan kasibukananana,  Kang Gun teu weléh sono ka lemburna baheula. Kituna téh, lantaran kaéndahan alamna nu teu weléh ngirut haténa.  Panorama  éndah nu matak ngirut katineung, saperti pasir nu matak waas, pasawahan nu medalkeun katingtriman, kalayan hiliwirna angina nu matak seger, jadi daya pangirut keur saha waé nu kungsi ka lebah dinya.

Tah kaayan lembur nu kawas kitu deuih nu ngajurung medalna inspirasi Kang Gun dina nyiptakeun lagu. Matak teu sing anéh upama inyana remen nyiptakeun lagu nu saterusna,  ngawujud  7 album rekaman nu sumebar ka balarea. Ti antara,  Athaya, Album Religi Kang Gun, Setetes Ibadah Panggilan Arafah, Nostalgia Kang Gun, Album kompilasi karya Ismail Marzuki.

 “Album-album ieu téh langkung husus mah, kanggo kenang-kenangan kulawarga, husuna  pun anak sareng pun incu. Atuh muga wé deuih kanyaah sim kuring kana seni Sunda gé nétés ka turunan sim kuring,” pokna.  *(Ensa/Nay)

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Tamu

Prof. H. Deni Miharja; Nyurahan Sunda-Islami dina Kakiwarian

Islam téh ajaran nu  universal, rembes nyerep meuntasan wates-wates sélér, ras jeung budaya....

Tamu

Acuviarta Kartabi: Mekarkeun Ékonomi Larapna Kudu Walatra

Kaayaan alam di ieu bangsa kaasup di tatar Sunda, lain ukur padumukan,...

Tamu

KH. Asep Mustofa Kamal; Mekarkeun Pasantrén Nataharkeun Generasi Qur’ani Unggulan

Hadirna pasantrén-pasantrén  tahfidz hususna di Tatar Sunda Jawa Barat, henteu leupas tina...

TamuWarta

Halaqoh Ash-Sholawat Teu Kendat Babagi Élmu ka Lansia

Nu nyebarkeun élmu kahadéan hususna widang kaagamaan geus réa. Komo di Kota...