Home Warta Katumbiri Kang Asmul: Kontribusi Pulitik Bisa Ngabebenah Kahirupan
Katumbiri

Kang Asmul: Kontribusi Pulitik Bisa Ngabebenah Kahirupan

Share
Ketua DPRD Kota Bandung, H. Asep Mulyadi, S.H., basa jadi narasumber di FISIP Unpas (30/1/ 2025).
Share

Kota Bandung-Ketua DPRD Kota Bandung, H. Asep Mulyadi, S.H., ngajak nonoman sangkan wani jeung méré kontribusi dina pulitik sangkan kahirupan téh leuwih luhung ajénna. Hal éta ditepikeun ku Kang Asmul (nénéhna H. Asep Mulyadi, S.H.) basa jadi narasumber dina acara Himpunan Admnistrasi Publik Fakultas Ilmu Sosial dan Ilmu Politik Kampus I Universitas Pasundan nu jejerna “Tema materi Potensi dan Strategi Berpikir Generasi Muda Melawan Apatis Berpolitik”, nu lumangsung di Aula Sidareja Unpas Bandung (30/1/2025).

Kang Asmul nétélakeun yén nonoman téh turus nu bakal ngabebenah kahirupan, salah sahijina ngaliwatan pulitik, ngalarapkeun pulitik nu beresih dina kahirupan sapopoé. “Kedah beunta dina pulitik mah sanaos teu lebet praktisi pulitik. Sangkan dina mangsa nu ka payunna pulitik téh teu ngan dikawasa ku jalmi-jalmi nu heureut deuleu,” pokna.

Ketua DPRD Kota Bandung, H. Asep Mulyadi, S.H., basa silaturahmi ka Pimpinan Daerah Muhammadiyah Kota Bandung di Kantor PDM Muhammadiyah Kota Bandung.

Kang Asmul ngémbohan yén pulitik praktis téh séktor publik, nyaéta hiji jalma nu kasebut praktisi pulitik boga tugas keur méré palayanan ka masarakat. “Pulitik téh séktor publik, margi peryogi sarana pikeun tiasa maparin palayanan. Bénten sareng séktor privat, éta mah séktor sapertos wirausaha atanapi nu milarian artos,” cenah.

Ku kituna, Kang Asmul ngajak nonoman nu boga visi ngabebenah kahirupan sangkan wani dina pulitik. Ku kawani téh bisa nyicingan posisi nu medalkeun kaputusan dina sagala pasualan nu aya dina kahirupan masarakat.

“Pikeun ngungkulan pasualan ulah dugi ka jabatan téh dieusian ku jalmi-jalmi nu heureut deuleu, seueur kapentingan pribadi, nya nonoman kedah wantun perténtang midang di dunya pulitik. Janten pasualan téh tiasa dikokolakeun ku jalami-jalmi nu miluhung idealisme pangabdian ka masarakat. Margi dina medalkeun kawijakan téh teu tiasa mung saurang, nanging ku lembaga, kolektif kolegial. Tos kitu mah, dayeuh nu dicicingan ku urang téh baris janten dayeuh nu éndah tempatna, raharja masarakatna,” ceuk Kang Asmul écés naker.

Demi pasualan nu disanghareupan ku Kota Bandung téh di antarana runtah, macét, trotoar. Upama dikokolakeunana ku jalma nu boga idealis mah moal aya cucuk rungkang nu ngegebruskeun ka pangbérokan.***

Share
Written by
Yadi Karyadipura -

Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Katumbiri

Plt IKWI Resmi Ditunjuk Dina Perayaan HPN 2025 di Riau

PEKANBARU:  Ikatan Keluarga Wartawan Indonésia (IKWI) ngalaksanakeun silaturahmi nasional jeung konsolidasi nu...

Katumbiri

Puncak Dipiélingna HPN 2025 di Riau Menkomdigi: Waktuna Mentés Kawani, Integritas, jeung Sumanget Juang

Pekanbaru, 9 Fébruari 2025 – Puncak Dipiélingna Hari Pers Nasional (HPN) 2025...

Katumbiri

Ngararapih Réklame di Kota Bandung Butuh Perda Anyar

Kota Bandung – Ketua Pansus 3 DPRD Kota Bandung, Dr. Ir. H....

Katumbiri

Dibekelan Sertifikat BNSP Lulusan SMKN 5 Bandung Babari Digawé

Kota Bandung – Siswa tingkat ahir di sakabéh jurusan nu aya di...