Yayasan Kebudayaan Bandoeng Mooi (YKBM) ngalaksanakeun deui kagiatan Pewarisan Seni Longser nu jejerna “Pewarisan Mewujudkan Pelestarian, Inovasi, Tata Kelola, dan Sumber Daya Seni Longser Berdaya Saing”. Kagiatan pelatihan téh mimiti dilaksanakeun tanggal 1 Februari 2025 di Bengkel Kreatif Bandoengmooi, Yayasan Kebudayaan Bandoeng Mooi, Kampung Ciawitali RT 02 RW 09 Kelurahan Citeureup, Kecamatan Cimahi Utara, Kota Cimahi, Jawa Barat.
Ketua YKBM, Hermana HMT nétélakeun yén aya 40 urang nu miluan pelatihan akting, tari, musik jeung pencak, sarta 3 mahasiswa Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) Bandung nu magang Merdeka Belajar Kampus Merdeka (MBKM) Mandiri.
“Kagiatan ieu téh taun kadua. Neraskeun hanca taun kahiji, rukun gawé Kementerian Kebudayaan, Dana Indonesiana sareng Lembaga Pengelola Dana Pendidikan (LPDP) dina wangun Program Layanan Fasilitasi Bidang Kebudayaan kanggo Komunitas sareng Pelaku Budaya Kategori Dukungan Institusional 2023 nu tas réngsé sasih Oktober 2024. Mugia program fasilitas nu tas sapuk téh tiasa mayeng salami 3 taun,” ceuk Hermana dina siaran pers (2/2/2025).
Pikeun nuluykeun éta program, émboh Hermana. di taun 2025 YKBM rarancangna baris mekarkeun Kampung Longsér di Kota Cimahi. Jadi wadah ngamumulé, mekarkeun, ngamangpaatkeun, sareng ngaping di widang seni hususna seni longsér nu tas jadi Warisan Budaya tak Benda ti Jawa Barat ku Kemdikbudristek taun 2022.
“Tujuan ngadamel Kampung Longsér, diantawisna pikeun medalkeun entragan anyar sarta nambihan aktivis nu ngamumulé seni longsér. Janten sarana komunikasi ogé promosi seni longsér,” pokna.
Sagigireun éta, Kampung Longsér gé sarana révitalisasi seni longsér sangkan leuwih maju jeung boga daya saing. Ngajaga ekositem seni longsér minangka bagian tina kahirupan masarakat Jawa Barat kiwari jeung ka hareupna, sarta bagian diri kahirupan masarakat Indonésia jeung dunia, sakaligus nguatan jati diri budaya bangsa tina budaya asing nu beuki rongkah mangaruhan pangwangunan karakter anak bangsa.
Hermana ngécéskeun yén pewarisan seni longsér taun 2025 téh teu saukur pelatihan. rarancangna, YKBM baris ngayakeun seminar Feasibility Study Kampung Longsér Cimahi, nyadiaan sarana jeung prasarana Kampung Longsér Cimahi, féstival Kampung Longsér Cimahi, kolaborasi antar institusi kebudayaan, jeung ningkatkeun kapasitas sumber daya manusa YKBM/Kampung Longsér.
“Dipiharep Kampung Longsér Cimahi tiasa janten salah sahiji déstinasi wisata budaya di Kota Cimahi. Mugia éta angen-angen téh aya pangrojong moril sareng matéril ti pemeritah pusat (Kementerian), pemerintah daerah (Provinsi dan Kota), dunya usaha sarta stakeholder,” ceuk Hermana bangun miharep.
Hermana nandeskeun yén Kampung Longsér YKBM téh can bisa macakal. Kawatesanan fasilitas jeung waragad operasional kagiatan jadi bagian nu kudu ditarékahan babarengan, lantaran YKBM mah lain badan usaha nu ngudag bati.
YKBM téh oganisasi nirlaba nu soson-soson ngalarapkeun 4 hal (panyalindungan, mekarkeun, ngamangpaatkeun, jeung ngaping) amanat Undang-Undang Nomor 5 Taun 2017 ngeunaan Pemajuan Kebudayaan di widang seni, hususna seni longsér.
“Dina raraga majukeun kabudayaan, surti yén waragad pemeritah pusat sareng daérah téh kawatesanana. Pikeun ngungkulanana, dipiharep pemerintah pusat sareng daérah teras ngadorong BUMN, BUMD, dunya usaha, pikeun ngalarapkeun program CSR di widang kabudayaan, sangkan program nu dilaksanakeun ku komunitas/lembaga, palaku kabudayaan téh tiasa lungsur langsar, mangpaatna karaos ku balaréa,” pungkas Hermana.**
Leave a comment