Budaya

Kacapi Baduy

Kaungulan mun maké rarangki kacapi siter téh, ngawatanana bisa leuwih réa, malah aya nu ngalikur sagala. Ngan, kakuranganana téh wangkis babari bejad, sabab wangkis nu éndahna maké papan ipis teu kuateun naha ngantengna kawat kacapi, ja dina kacapi siter mah si kawat téh langsung ngait kana papan wangkis.

Share
Pangguruan kami, Ayah Anirah, keur nyieun kacapi
Pangguruan kami, Ayah Anirah, keur nyieun kacapi
Share

Mun ditempo tina rarangki (organologi) mah kacapi téh kabagi dua: kacapi buhun jeung kacapi siter. Ciri utama nu ngabédakeunna nyaéta nempatkeun puret, “sekrup” anu gunana pikeun  nyangkedkeun jeung nganteng-ngedorkeun kawat kacapi.

Naha sakadang sekrup ieu jadi jejer carita? Sabab gedé pangaruhna kana rupa jeung kontruksi bagian kacapi anu lianna. Kacapi buhun puretna aya di bagian hareup kacapi—lamun urang nénjona papahareup jeung nu nabeuh kacapi, lamun lain ti lebah dinya mah béda deui caritana. Sabab kawat diasupkeun kana wangkis (papan luhur, lamun urang nénjona papahareup jeung kawat) laju dikaitkeun kana puret.

Supaya sanghyang puret magon jeung aya gunana pikun ngatur ngantengna kawat, di handapeun wangkis, di jero beuteung kacapi (resonator) dijieun “ilat-ilat”. Nyao teuing hubunganna jeung ilat létah mah, ngan upamana si wangkis dibuka, ilat-ilat téh aya di tengah, gambarannana siga pamuteran senar viul, biola. Jadi najan si puret teu ngaderat gé, sabab kasaimbangkeun ku dua papan jeung ku pakanteng-kantengna kawat, sipuret teh magon.

Kakuranganna rarangki kacapi buhun téh, gati mun kawatna loba, paling loba 15 kawat, 18 ogé kanjat ngan kudu rongkah ragana. Mun leuwih ti éta puretna beuki réa, kacapi bakal leuwih beurat, jeung deuih pangpangna mah teu kasaimbangkeun jeung papan waruga kacapi. Masalahna kacapi nu hadé téh bahanna tina kai uduh, siga lamé, tangkal kembang-kembang, siga kananga, jadi mun téhnisna kurang tarepti mah matak inggis bejad.

Meureun pédah ribed nyieunna, kiwari geus bisa disebut euweuh anu maké rarangki kieu téh, iwal dina sawaréh kacapi tembang jeung kacapi di Baduy, sababna di Baduy mah lamun wangunna teu kitu bisa disebut moal sah dipaké ritwal. Bisa disebut hanjakal mun cara nyieun kacapi modél kieu tumpur, ja sapamanggih kami mah kontruksi alat musik kieu téh ngan aya di Sunda. Di wewengkon séjén, naha sa-Nusantara atawa di luarna, euweuh alat musik dawéy nu puretna aya dina resonatorna siga kacapi buhun.

Anu kadua kacapi siter, matak disebut kacapi siter téh sigana pedah puretna siga puret siter Jawa, komo mun urang nengetan puret kacapi taun 2010-an ka tukang mah, puret kacapi siter téh nyeplés pisan siter Jawa. Kaasup tumpang sarina. Bédana kacapi jeung siter, kacapi mah dikélékéték ti gigir, ari siter mah digaranyangan ti hareup, jeung kawatna ge sanada dobel, aya dua kawatna, jadi sorana leuwih ngoncrang. Maénna mah sarua wé ku dua leungeun, tapi ari siter mah ku jempol hungkul, jadi si jempol kénca lan katuhu téh patémbalan siga maénkeun dua saron (kitu gé mun nyaho kana maén saron dina gamelan saléndro).

Kaungulan mun maké rarangki kacapi siter téh, ngawatanana bisa leuwih réa, malah aya nu ngalikur sagala. Ngan, kakuranganana téh wangkis babari bejad, sabab wangkis nu éndahna maké papan ipis teu kuateun naha ngantengna kawat kacapi, ja dina kacapi siter mah si kawat téh langsung ngait kana papan wangkis.

Jadi, mun urang tukang ngacapi, puret kacapi siter mah aya handapeun leungeun katuhu. Sabab puret mah mindeng diputer-puter, antukna si kawat téh teu rata aya nu handap teuing, aya nu luhur teuing, makana supaya rata diayakeun tumpang sari. Jadi ganjel kacapi nu wajib dina kacapi siter mah salian ti inang, nu posisina lebah kenca jeung ngaganjel kawat sakawatna-sakawatna, aya ogé ganjel kawat di lebah katuhu nu fungsina ngaratakeun jangkung jeung luhurna kawat téa sangkan sarua. Jeung, ari tumpang sari mah maké beusi/waja leunjeuran, ngebat malang sapanjang kawat, teu cara inang nu ilaharna maké paku payung supaya kawat teu ngakan kayu téh.

Tapi aya ogé kacapi “bangkok”, kacapi hibrida, ari rarangki, rarangki kacapi siter, ari rua, rua kacapi kacapi buhun, aya gelungan aya puret imitasian di hareupna. Biasana model kieu mah, gaya kacapi tembang kiwari.

Di dieu mo ngabahas kacapi éléktrik, nyukupkeun ku kacapi akustik baé. Ja mun laju di papay-papay mah moal aya anggeusna. Katambah di jaman digital jeung pikiran artifisial modél kiwari mah malah geus bisa ngacapi teu maké kacapi. Urang teundeun di handeuleun sieum baé tunda dihanjuang siang, urang caritakeun lalampahan diajar nyieun kacapi basa keur kami di Baduy.

Jadi kieu, musik keur urang Baduy mah aya patalina jeung kayakinan, ritwal, kaagamaan. Sok sanajan sipatna hiburan, siga “seni jaipongan” nu katompernakeun nyasalad di Baduy, pinasti aya patalina jeun ritwal, naha salametan atawa lianna, jeung deuih aya waktu-waktuna, mana bulan nu wenang mana bulan anu dipahing. Ari musik nu pangluhurna ceuk kasakralan urang Baduy nyaéta pantun, geus pantun karék angklung. Cenah gé, umpana dibandingkeun mah upacara maké carita pantun éta sarua jeung tujuh tikeleunna mun maké angklung. Ari pantun téa pan maké kacapi. Sok sanajan pantun di Baduy mah teu misti-misti teuing maké kacapi. Jadi di ditu mah paribasa “siga mantun teu jeung kacapi” téh teu laku.

Di Baduy kacapi dijieunna tina kai lamé, aya ogé nu nyaritakeun nyieun kacapi tina tangkal campaka. Ari sorana kumaha cenah? Nya, sora kacapi. Jeung urang Baduy boga kayakinan, dina saparo tangkal lamé, utamana nu geus bongkotan, sok kacundukan dangiang. Dangiang keur urang Baduy mah kira-kira hartina téh wujud sepiritwal nu ngancik dina hiji banda.

Keur anu bisa mah nuar pikacapieunna téh aya jampéna sagala. Kabeneran kami mah karék katurunan jampé keur ngala piangklungeun, acan ari keur kacapi mah. Jadi pamajikan (dina basa Baduy arhaik, pamajikan téh hartina sarua jeung dina lontar Sunda kuna, nyaéta tempat urang ngacik) kami di Baduy téh juru pantun nu pangnyongcolangna, kaasup pananyaan keur urang Baduy mah, lain ngan keur nu biasa baé malah ku baris-baris kolotna. Ngan dina struktur adat teu nyangking kalungguhan nanaon, disebutna téh ngabujangga euweuh dina struktur resmi tapi jadi pananyaan balaréa.

Tah ti mantenna kami diajar nyieun kacapi buhun jeung nyintreukna téh. Nyintreuk kacapi Baduy mah béda jeung di Bandung, naha mangkokoan atawa cianjuran, ngan sintreuk-toél. Sintreuk-toélna gé béda, ari di Bandung mah curuk katuhu nyinteuk, curuk kénca noél, ari di Baduy mah teu puguh, kumaha laguna, kumaha kamahéran nu maénna. Kawat kacapi Baduy teu réa ngan salapan atawa sabelas—aya nu panganguran nambahan jadi 12 atawa 13, tapi angger nu disintreukna mah teu nambahan. Nu salapan éta cukup jang mantun, nu sabelas jang maénkeun lalaguan, tapi aya ogé lalaguan nu ngan maké salapan kawat ngan teu réa. Lalaguan (revertoar) kacapi Baduy contona, anu salapan kawat: Cina Modar, Ménta Seupah, Ucing Candukul, anu sabelas kawat: Pangiring Layuan (ceunah mah baheula sok dipaké ngiringkeun nu maot), Pangantén Juga, Macan Tandang, jrr. Aya ogé lagu nu dicokot tina revertoar koromong (gamelan), contona lagu Iti-iti Uri. Cenah mah salian ti keur hiburan tamba nganggur téh, lalaguan kacapi sok dipaké nganjang ogé, makana teu héran upama baris bikangna ogé bisa ngaracapi, siga ambu-ambu pangguruan kami téa, éta mahér kana ngacapina.

Dina perkara kacapi buhun di luhur ku kami teu disebur ka mana ngaitna kawat kacapi sabeulahna deui? Nu pasti mah lain kana érang-érang. Jadi pikeun ngaitkeun kawat kacapi buhun beulah katuhu éta ditanceban paku jalosi, baréto mah di Baduy Jero make bongkot awi nu kolot pisan, sabab paku mah buyut. Ngaraketkeun papan (wangkis) kana jolang (beuteung, résonator) ogé teu maké elém tapi maké paseuk awi lalembut jeung kerep. Sabab di Baduy Jero mah teu meunang maké ragaji jeung sugu, atuh nyieunna ogé ngan maké bedog, péso, jeung tatah. Atuh hésé? Gampang waé keur nu bisa mah. Tah kami gé ieu buktina.

Hady Prastya (urang Ukur)

Edisi majalah: 2971

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Pedaran Budaya-Batik Trusmi
Budaya

Trusmi, Puseur Batik Cirebonan

Ku: Ceuceu Gumilang Sing saha nu kungsi ulin ka wewengkon Cirebon nu...

BMKG
Budaya

BMKG Nalingakeun Galagat Alam

Ku : Edoy Suhendar Lamun karasa aya lini, nu didagoan ku masarakat...

tradisi badud
Budaya

Badud, Hirup Teu Neut Paeh Teu Hos

Ditulis ku: Ummi Annadzriel Wanoh jeung seni badud téh mareng jeung apal...

Hidroponik Tatanén Téréh Panén
Budaya

Hidroponik Tatanén Téréh Panén

Ku: Edoy Suhendar Naha enya tatanén hidroponik téréh ka panén? Enya. Sababna,...