Palakiah

Kabiasaan

Kaayaan atawa hontalan nu jadi kabiasaan, teu ujug-ujug. Boh hadé, boh goréngna ‘kabiasaan’ ngaliwatan lalakon panjang. Ngan, nu béda téh, kabiasaan hadé mah, mikabutuh waktu anu lila sarta jalan sorangeun anu tarahal.

Share
ilustrasi kabiasaan
ilustrasi kabiasaan
Share

Ngaranna gé biasa, teu sing anéh. Apan, nu biasa mah, tara ngondang kapanasaran. Kawas pintonan anu  ‘jajar pasar’, mun kaasup alus gé, tara meunang pangajén anu ‘istiméwa’ ti nu lalajo. Ma’lum, apan ajén éta pintonan téh teu sing matak ‘katagihan’.

Najan kitu, nu biasa téh dina urusan préstasi mah, lain pagawéan méméh mumuluk. Nepi kana ukuran ‘biasa-biasa’ pintonan gé butuh tarékah anu daria. Hartina, bisa ditanggap dina ‘panggung’ mah, butuh latihan nu lain énténg-énténg.

Kaayaan atawa hontalan nu jadi kabiasaan, teu ujug-ujug. Boh hadé, boh goréngna ‘kabiasaan’ ngaliwatan lalakon panjang. Ngan, nu béda téh, kabiasaan hadé mah, mikabutuh waktu anu lila sarta jalan sorangeun anu tarahal.

Nu pastina, deuih mikabutuh tékad anu kuat. Da, kitu ceuk papatahna gé! Cenah, mun keyeng tangtu pareng. Kituna téh, béda jeung kabiasaan ‘awon’ nu meunang tanaga ti luar dirina. Mun diibaratkeun mah, lir nepak parahu ka hilirkeun di walungan.

Ari geus jadi kabiasaan goréng, geus ‘ngabaju’ sesebutanana gé, ti antarana dasar adat kakurung ku iga. Atawa, maké kekecapan séjén, cenah,  matih tuman batan tumbal.   

Kitu deui upaya ngabiasakeun hal-hal kahadéan, karuhun Sunda mah, boga padikana. Dirékam dina  kekecapan nu jadi kacapangan balaréa ti mangsa ka mangsa. Ungkara basa nu ngajurung ludeung geusan metakeun tarékah kaasup, minangka panyombo ngarah henteu épés-méér, dibibitaanana gé,  ku kekecapan, cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok. Atawa, ceuk paribasa séjénna, alah bisa karna biasa!

Najan kabiasaan téh dianggap teu pira,  éta ‘métode’ téh, jadi cara nu panglobana dipaké dina rupa-rupa widang kahirupan. Komo deui, dina widang atikan mah, boh formal boh informal, teu weléh hadir kalayan sesebutan pembiasaan atawa ngabiasakeun.

Urusan sapopoé, saperti disiplin hudang subuh, bisa jadi mimitina mah, teu babari dilakonanana. Atuh, saterusna, nepi kana bisa hudang dina wanci nu kawas kitu téh, butuh usaha anu teu gampang, da  mimitina pisan mah, bangga kacida, atawa hésé béléké naker.

Larapna ‘ajaran’ ngabiasakeun témbong dina katerampilan. Apan, kawas jurus silat, gerak tari jeung sajabana, mikabutuh pembiasaan. Atuh, mun geus jadi kabiasaan mah, dina waktuna dipikabutuh, éta gerakan nu geus meunang latihan téh, bisa muncul saharita.

Patali jeung kabiasaan, James Clear  dina buku Atomic Habit (2019) nétélakeun, parobahan-parobahan anu témbongna henteu sapira, bisa mekar jadi nu luar biasa. Dimitembeyan ku kabiasaan leutik nu dipilampah kalayan mayeng bisa ngahasilkeun, nu saméméhna mah, henteu diduga.  Da, ceuk inyana, kabiasaan téh paripolah anu tuluy-tuluyan.

Lian ti kitu, inyana ogé nyebutkeun, yén ‘ngagemuk’ kabiasaan téh strategi nu bisa dipaké keur nuwuhkeun kabiasaan nu dipiharep. Malah, cenah, kabiasaan téh bunga majemuk geusan ngabebenah diri. Parobahanana, mungkin kawas nu teu sapira atawa leutik. Ngan, upama dipetakeun atawa dipilampahna mayeng mah bakal gedé pangaruhna.

Ari geusan noong pikahareupeun, ceuk James Clear, kari nyoréang mangsa ka tukang sarta niténan hasil atawa balukarna. Kabiasaan hadé jeung kabisaan goréng, nu pasti mah, natrat ngantengkeun tapak.

Ari ceuk karuhun Sunda, nu kawas kitu téh, disilibkeun kana kekecapan melak cabé moal jadi bonténg. Atuh, nu kaala dina mangsna gé, moal henteu baris dumasar kana pepelakanana.

Dina kandaga papatah karuhun, loba pisan kekecapan nu ngélingan ngeunaan pentingna milih-milih  kalakuan atawa paripolah téh. Kekecapan nu méré pépéling euyeub naker. Apan, mun manggihan jalma anu teu euih-euih dina kalakuan (goréngna) basana téh, matih tuman batan tumbal atawa, adat adat kakurung ku iga. (*)

Edisi majalah 3007

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Mun kayang tangtu pareng
Palakiah

Ciri Sabumi

Mun butuh supana kudu daék miara catangna! Kitu ceuk kekecapan karuhun Sunda...

Ilustrasi panyaringan
Palakiah

Panyaringan

Najan teu salilana dipaké, dina sawatara hal mah saringan atawa panyaringan téh...