Home Gaya Hirup Jualan Sacara ‘Online’ Kudu Pinter Maca Pasar
Gaya HirupImplik-implik

Jualan Sacara ‘Online’ Kudu Pinter Maca Pasar

Share
Doni Pebrianto; Kedah pinter maca pasar. (foto: Gina)
Share

Saluyu jeung kamekaran jaman, nu usaha ku cara ‘online’ beuki ramé. Pangpangna dilakukeun ku nu ngarora. Salah sahijina Doni Pebrianto, nu ti awal 2024 ngajualan rupa-rupa sapatu urut nu husus mérek kasohor. Kumaha lalakonna? ***

Konsumén nu keur milihan barang di tempat usaha Doni. (foto: Gina)

Balanja atawa usaha ku cara ‘online’ kiwari geus mangrupa gaya hirup. Lian ti hargana bisa leuwih murah, konsumén jeung anu jualanana henteu kudu adu hareupan. Hahargaanana gé leuwih murah batan langsung meuli ka toko.

Teu anéh kiwari mah mun nu nganteurkeun barang ka imah-imah atawa ka kantor, ampir unggal poé aya. Di kota atawa di lembur sarua waé. Ti mimiti barang saperti pakéan, sapatu, éléktronik, alat olah raga, dahareun, inumeun, malah meuli tarajé ge bisa dipesen ngaliwatan ‘online’.

Sapatu ‘second’ kualitas hadé keur budak, di Tasik ukur aya di tempat Doni. (foto: Gina)

Keur jalma-jalma nu kréatif, kasempetan sarupa kitu digunakeun sahadé-hadéna pikeun usaha. Hand Phone atawa HP bener-bener dipikabutuh. Sabab tina HP éta sagala rupana bisa dilakukeun. Ti mimiti mesen barang, ngajual, transaksi, kaasup maca pasar naon anu sakirana dipikabutuh ku masarakat.

Salah sahijina Doni Pebrianto, warga Jalan Mohammad Hata, Gang Citalaksana, RT 01 RW 01 nomer 35 Cipedes Kota Tasikmalaya. Doni anu wedalan Universitas Muhamaddiyah Yogyakarta jurusan hukum sarta dua kali tésting jadi polisi henteu katarima téh, mimiti Januari 2024 robah haluan usaha jualan ‘online’ nu ngahususkeun sapatu budak.

“Kawitana mah sapatu atanapi sendal kanggo murangkalih. Margi di Tasik mah teu aya anu muka usaha kana sapatu ‘second’ murangkalih,” ceuk Doni di tempat usahana anu sakaligus panganjrekanana sababaraha waktu ka tukang.

Kadieunakeun ku sabab usahana beuki maju, nu disadiakeun ku Doni ditambahan ogé ku sapatu-sapatu keur déwasa. Ngan kabéh ogé mérek sapatu anu geus kasohor anu karéréaanana mah produk luar negri.

Sapatu kualitas hadé sok gancang aya nu meuli. (foto: Gina)

Nurutkeun Doni, najan jualan ‘online’ kacida viralna, tapi masih aya anu masih cangcaya lamun meuli ku cara ‘online’. Hal kitu teu bisa dipungkir, ceuk Doni kumaha jalmana. Da sok aya waé anu teu jujur. Contona barang anu datang téh teu saluyu jeung nu dipesen. Boh warna, wangunna, atawa ajénna (kualitas).

“Pokona sim kuring mah prinsipna ‘Trusted and Branded’. Terpercaya sareng Bermérek. Éta téh kedah dipertahankeun. Nami usaha sim kuring mah Second Kid, nu gaduh slogan Trusted & Branded,” ceuk Doni.

Kudu Jujur

Ku lantaran barang-barangna kaasup mahal, anu dijual ku Doni kabéhanana gé barang ‘second’ import. Harga pameulianana rupa-rupa. Ti mimiti nu welasan juta nepi ka nu puluhan juta dina sa’Bal’ téh. Gumantung ajénna.

Mun poé peré Doni muka lapak di sabudeur Lapang Dadaha. (foto: Gina)

Nu ngaranna meuli ‘bal’-an, henteu salilana saluyu jeung nu dipiharep. Kadang aya barang anu nu kurang alus nepi ka nyésa hésé kajual. Tapi deuih henteu saeutik nu nguntungkeun. Upamana aya sapatu anu dijual nepi ka Rp. 500.000,- sapasangna.

“Tapi tara dugi ka rugi mah. Paling untungna aya anu ageung sareng anu alit,” ceuk Doni deui.

Minangka promosi sok dina Facebook atawa Tik-tok jeung anu lianna. Tapi Doni leuwih neueulkeun dina Instagram. Sabab nurutkeun Doni nu baroga Instagram mah bisa dipastikeun ti golongan jelema pertengahan ka luhur.

Kréativitas Doni teu cukup ku kitu, kadang dina poé-poé peré mah Doni gé muka lapak di sabudeur Lapang Dadaha kareueus warga Kota Tasikmalaya.

“Nya lumayan, sakantenan promosi ogé. Kadang nu mésér téh sok sakantenan nyuhunkeun alamat,” Doni nerangkeun.

Aya sababaraha kaunggulan cenah dagang ku cara ‘online’ mah. Diantarana sagala rupana cukup ku tina HP. Anu kadang keur gogoléran gé sok aya nu mesen barang. Kitu deui teu kudu boga karyawan keur saayeunaeun mah.

Keur nu teu apal, kadang ngajenghok ku hargana. (foto: Gina)

“Nu paling utama kedah jujur ngajaga kapercayaan ka konsumén sareng kedah apal kana kabutuh masarakat. Konsumén dipahing pisan sangkan ulah kuciwa. Kitu deui harga kedah ramah sarta tetep sumanget. Nu ulah hilap ngado’a ka Nu Maha Kawasa. Éta koncina mah,” Doni Pebrianto mungkas obrolan. ***

Share
Written by
EEP NR -

Wartawan Majalah Basa Sunda Mangle yang tegabung dalam Persatuan Wartawan Indonesia Jawa Barat. Juga Atlet Tenis Meja Porwanas Jawa Barat.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Gaya HirupImplik-implik

Paniisan Cippo Tempat Ngojay di Gunung Manglayang

Lain tempat ngojay nu standar sabenerna mah. Tapi Paniisan Cippo atawa anu...

Gaya HirupImplik-implik

Khalana Villa Citengah Wisata Murah Ngaharib-harib Ubud Bali

Piknik atawa wisata mah henteu kudu mahal, nu penting bisa sugema nyukakeun...

Gaya HirupImplik-implik

Rafting di Walungan Palayangan Situ Cileunca Pangaléngan

Wisata rafting/arung jeram atawa tumpak parahu karét di walungan anu caina tarik...

Gaya HirupImplik-implik

Ngamangpaatkeun Poé Peré Naék ka Gunung Papandayan

Pikeun nu resep suasana alam, naék gunung mangrupa hal nu kaasup penting....