Ditilik tina medal munggaran, 21 Novémber 1957, lalakon Manglé téh genep puluh tujuh taun. Atuh, nepi nepi ka 21 Novémber 2024 téh, hartina, 67 taun Manglé nyaangan jaman. Medal munggaran di di Bogor, salah sahiji dayeuh legénda kareueus urang Sunda nu natrat dina sajarahna.
Tékadna, miara, ngamumulé jeung mekarkeun budaya daérah dina pigura nasional, menang pangbagéa ti balaréa. Tangtu, kituna téh, moal leupas tina kamampuhan panaratasna nu dina nebarkeun éta gagasan téh ‘repok’ jeung situasina.
Medalna Mangle diluluguan ku H. Oeton Muchtar, kalayan meunang pangrojong ti garwana Hj. Rochamina Sudarmika, sarta nu séjénna ti antarana, Saleh Dansasmita, Wahyu Wibisana, Ir. Sukanda Kartasasmita, jeung Abdullah Romly. Tina babadamian asak kalayan dituturkeun ku prosesna, nitih wanci medal média Sunda, sunda anyar mangsa harita, Manglé, nu titi mangsana 21 Oktober, 1957.
Manglé nomer munggaran, kalayan coverna potret mojang nu ngaranna Ika Rostika. Tiras mimiti 500 éks. Tapi, éta majalah téh kakara dina tanggal 21 Nopember 1957 sumebar ka balaréa kalayan haratis. Tah, éta titimangsa nu biasa dipileing Milangkala Manglé téh.
Upama Manglé lana manjang caritana, cukang lantaranana mah, jinek lahan tempat tuwuhna sarta dipira, diriksa, jeung dijaga ku ais pangampihna, utamana mah, ku panaratas katut ais pangampih séjénna.
Lalakon medalna ieu majalah, ti antarana, dicaritakeun ku Ki Umbara dina Manglé No. 739 (19 Juni 1980 – taun ka 23). Medalna Manglé kajurung ku pakarepan panaratasna geusan méré panglilipur ka urang Sunda sarta nu ngarti kana basa Sunda, bari sasieureun sabeunyeureun milu ngarakasa jeung ngarikasa basa katut budaya Sunda. Atuh béh dituna hayang méré mangpaat ékonomi ka karyawan-karyawana jeung ka sakur nu ngarojong kana ieu majalah.
Patali jeung tujuan medalna ieu majalah, Ki Umbara namabahakeun, malar sakumna aisi pangampih kudu tukuh kana tujuan Manglé.
“Omat ulah kabawa ku sakaba-kaba, ulah nuturkeun luak-léok kumaha raména baé. Pedah ayeuna masarakat keur resep kana carita-carita jeung gambar porno. Ulah, teu meunang. Urang mah, kudu tetep dina panglipur manah anu séhat,” saur Wa Umbara malikan lisan nu dikedalkeun ku eta panaratas Manglé.
Malah, laju ngingetan, upama kabeh Ais Pangampih tukuh kana éta tujuan, insya Alloh Manglé bakal manjang majang pusaka tuturunan karuhun urang, Beuki panjang umur Manglé beuki panjang mangpaatna.
Kapancegan H. Oeton Muchtar, saur Ki Umbara, éstu teu bisa dionggét-ongget. Malah sakapeung mah karasa pisan neugtreugna. Upama waé dina sual ngaran Manglé, sesebutan majalah panglipur, bentuk aksara Manglé, simbul manglé kembang malati jeung candrasangkala (Sukaning indiya gapuraning rahayu) kudu angger tempatna di hareup.
Kitu deui adeg-adeg tangtungan, Manglé kudu gampang katingali ciriren mandirina. Atuh ku lantaran kitu, potret jilid hareup majalah (cover depan) kudu mojang wae, kumaha waé alesanan, ti nu hayang ngarobah teu aya nu mental.
Nya kitu deui sual eusi, kudu tetep nyumponan sarat majalah panglipur anu séhat. Ari pangna kacida tukuhna kana sual-sual bieu, rusiahna mah, saurna, lantaran beunang anjeunna Istikharoh atawa tos kenging restu ti ramana.
Jurus nebar panglipur kalandep ku mitra pamaca Mangle. Pangbagéa urang Sunda ka Manglé harita pikabungaheun. Urang Sunda ngarasa boga wawakil geusan némbongkeun budayana. Tina Manglé mangsa harita, loba nu ngarasa kawakilan dina karep némbongkeun jati dirina.
Manglé nempatkeun diri minangka bacaan panglilipur. Diterbitkeun ku PT. Mangle Panglipur. Dina saban terbitan, aya fiksi, saperti carita pondok, carita nyambung , sajak jeung sajabana. Malah, kungsi ngabogaan lalakon nu fenomenal, carita nyambung Rustandi Kartakusuman, Mercedes Benz, nu sohor keur mitra Manglé nepi ka mampuh naékeun oplah nu mangtikel-tikel.
Upama ayeuna Manglé bisa kénéh medal, lantaran katineung mitra-mitrana. Atuh, tangtu wé mitra ieu majalah gé teu sakelir, kaasup dina kahayangna. Pilihan eusi nu warna-warni, demi nyumponan kahayang mitra pamaca kalayan nu luyu jeung visi katut misi ieu majalah, satekah polah ditedunan, najan bisa jadi loba kénéh nu kudu dibebenahna.
Ais pangampih sadar, tukuh kana pamiangan, lain hartina teu meunang ngindung ka waktu. Ku lantaran kitu, saterusna mah, eusi ieu majalah téh dieuyeuban ku bacaan nonfiksi saperti artikel, kolom, jeung pedaran ngeunaan rupa-rupa hal nu raket patalina jeung kahirupan masarakat Sunda.
Nu ogé bagian, tulisan ‘hiburan’ sejenna, ti antarana Nyingraykeun Lalangse Aheng, Pangalaman Sajati, jeung Katurug Katutuh.
Saterusna, luyu jeung pameredih jaman, Manglé gé milu nebarkeun warta, kalayan tetep dina tilikan cara sawang ‘urang Sunda’. Hal-ihwal nu ditulis atawa nu diwartakeun téh pasualan-pasualan nu raket jeung kasundaan (manusana, tanahna, jeung budayana). Atuh, mun ‘ngaléngkah’ tina ‘pakem’ ogé tetep dumasar kana tinimbangan atawa sisi pandangan nu ceuk redaksi mah, masih keneh sabudereun ‘kapentingan’ urang Sunda.
Upama Manglé masih kénéh mayeng nepungan mitra-mitrana, da mémang loba kénéh nu mikanyaah. Pilarna, kahiji ais pangampih ieu majalah, ti mimiti pingpinan nepi ka karyawan. Samiuk sahate, sakanyaah, jeung satujuan. Kadua, mitra pamaca Manglé nu teu weléh nyéngsarkeun sabagian wargadna rumah tanggana keur ngalanggan Manglé. Katilu, para inohong kalayan rupa-rupa cara pangrojongna. Kaopat, pamaréntah daérah nu ngarojong instansi/ lembagana ngalanggan Manglé.
Upaya Manglé dina ngirut pamaca, ogé taya kendatna. Lian ti satékah polah ningkatkeun ajén eusi jeung jenglénganana, Manglé gé metakeun tarékah séjén, nyadiakeun hadiah keur carpon pinilih, barakatak pinilih, tarucing cakra (teka-teki silang). Nu ditataan bieu téh disponsoran ku mitar-mitra Manglé boh pribdi boh lembaga nu gedé katineungna ka Manglé.
Salila ieu, Manglé hadir lana manjang caritana. Genep puluh tujuh (67) taun nyaangan jaman. Aya karep hayang ngahontal wilayah-wilayah nu leuwih lega, malah ngalanglang dunya. Kandaraan media online jeung digital, geus ditataharkeun ti anggalna.