Kota Bandung – Dina raraga ningkatkeun peran Perguruan Tinggi Swasta (PTS) pikeun ngawangun pendidikan, Ketua APTISI (Asosiasi Perguruan Tinggi Swasta Indonesia) Jawa Barat, Prof. Dr. Ir. H. Eddy Soeryanto Soegoto, MT. miharep pamaréntah ngadorong Perguruan Tinggi Negeri (PTN) sangkan ngawatesanan Penerimaan Mahasiswa Baru (PMB), hususna keur strata diploma jeung S1.
Nurutkeun Prof. Eddy, perguruan tinggi negeri (PTN) tas waktuna metakeun tarékah ngudag réngking perguruan tinggi dunia (world class university). Ku kituna, PTN dipiharep ngahangkeutkeun program pendidikan (Prodi) di tingkat S2 (magister) jeung S3 (doctoral), utamana Prodi nu can bisa dikokolakeun ku PTS.
“APTISI Jabar miharep PTN mah langkung miroséa kana ningkatkeun kualitas atikan di tingkat S2 sareng S3. Ku cara kitu dipiharep PTN tiasa lebet top 100 paguron luhur dunya,” ceuk Prof Eddy basa narima audiensi Forum Wartawan Pendidikan (FWP) di kantor Sekretariat APTISI Jabar, Jalan Cimincrang, Kota Bandung (5/2/2025).

Prof Eddy ngémbohan yén nepi ka danget ayeuna sawatara PTN sohor di Indonesia, can aya nu asup top 100 paguron luhur dunya. Nurutkeun Prof Eddy, salah sahiji cukang lantaranana téh PTN masih fokus kana program pendidikan di tingkat S1. Penerimaan Mahasiswa Baru (PMB) di jenjang S1 gé jumlahna pohara, nu dipikahariwang bisa ngurangan kualitas pendidikan.
“PTN téh masih fokus kana S1. Nampi mahasiswa di éta strata gé jumlahlah pohara. Aya PTN nu nampi 20 rébu, aya ogé 30 rébu. Ku seueurna mahasiswa téh naha sanggem dosén ngawulangna?” pokna.
Prof Eddy ngécéskeun yén upama dina hiji prodi téh ngan aya sapuluh dosén, ni sasarina bisa ngajar di lima kelas, ujug-ujug jadi 50 kelas. Ngudag kawajiban éta tangtu butuh tarékah. Ulah nepi ka ngapilainkeun kompetensi dosén asal mahasiswa kaajar. Dina éta kasempetan, APTISI Jabar nepikeun kamandang ka pamaréntah ngaliwatan kementerian jeung Dirjen Dikti keur PTN mah masing diwatesanan jatah PMB.
“PTN nampi lima rébu mahasiswa anyar mah masih wajar. Upami langkung ti sapuluh rébu mah kedah diimeutan kamampuh dosén. Dipikahariwang tiasa ngirangan kualitas pendidikan,” ceuk Prof Eddy tandes naker.

Dina diskusi jeung Forum Wartawan Pendidikan, pihakna maliré kualitas pendidikan wedalan PTN nu jumlah mahasiswana pohara. Sagigireun éta gé dirojong waragad ku pemerintah. Aya PTN nu narima anggaran nepi ka Rp1,5 triliun/taun.
“Janten dipiharep PTN mah soson-soson ningkatkeun ajén strata S2 sareng S3. Paparin lolongkrang ka PTS dina ngokolakeun D3 sareng S1. Ku kituna PTN sareng PTS tiasa sasarengan majukeun bangsa,” ceuk Prof Eddy bangun miharep.
Kualitas PTS gé teu bisa disapirakeun. Prof Eddy nandeskeun yén teu saeutik PTS nu unggul dina kompetisi nasional jeung internasional. Salah sahiji préstasi nu nyambuangkeun wawangi Indonésia téh Unikom (Universitas Komputer Indonesia) juara robot tingkat dunia taun 2007. Unikom samalah mah kungsi jadi juara dunia Digital & ICT taun 2024. Préstasi éta dicangking ku mahasiswa Unikom dina pasanggiri World Skill Competition 2024 nu digelar di Lyon, Prancis.

Henteu ngarawu ku siku. Saeutik tapi kageroh. Hal éta nu sacara makro didorong ku APTISI patali jeung panarimaan mahasiswa anyar. Demi patali jeung skala mikro mah, pihakna satékah polah ningkatkeun kualitas paguron luhur, jeung nataharkeun sacara internal. Yayasan jeung rektor kudu bisa sinergi dina ngawanohkeun kaunggulan nu dipimilik ku paguron luhurna séwang-séwang.
“Ulah dugikeun ka ngawanohkeun nu saraéna, nanging internalna mah kirang saé. Margi aspék internal gé sami dititénan ku masarakt. Pihak yayasan sareng rektor kedah tiasa sinergi dina raraga ningkatkeun jumlah mahasiswa baru,” pokna.
Lian ti éta, APTISI Jabar salaku asosiasi nu mayungan sakurang-kurangna 350 perguruan tinggi swasta téh ngarojong pisan tarékah PTS nu keur soson-soson ningkatkeun kualitas pendidikan. Ditandeskeun ku Prof Eddy, PTS kudu bisa jembar jeung janglar dina komunikasi ka APTISI.
“Sim kuring peupeujeuh, ka rékan-rékan di PTS, saupami peryogi bantosan, mangga dihaturanan. Lawang APTISI mah ngagemblang. Naon nu tiasa dibantos tangtos moal dikorétkeun. Saupami bangga mah, urang sasarengan ngaréngsékeun, supados sadayana PTS di Jabar tiasa sareundeuk saigel sabobot sapihanéan,” pungkas Prof Eddy.
Kamandang sangkan ngawatesanan PMB keur PTN, laju PTN leuwih daria ka jenjang S2 jeung S3 téh bagian tina genep isu penting tur jadi perhatian APTISI. Genep isu penting APTISI Jabar téh dipedar ku Sekretaris APTISI Jabar, Dr. Supriyadi, S.E., M.Si., dina diskusi jeung FWP (Forum Wartawan Pendidikan).
Dr. Supriyadi, S.E., M.Si., nétélakeun yén aya genep isu penting nu jadi perhatian APTISI, wincikanana: 1.Ngawatesanan PMB (Penerimaan Mahasiswa Baru) pikeun PTN (Perguruan Tinggi Negeri); 2. PTN mah alusna fokus kana program S2 sarta S3, tatahar asup ka world class university; 3. Nambahan tunjangan keur dosen PTS; 4. Ningkatkeun kualitas SDM (Sumber Daya Manusa) Dosen PTS; 5. Ulah aya pajeg patali jeung pendidikan; pamungkas; 6. Pasualan Akreditasi.***
Leave a comment