Carita Pondok

Jarang-Jarang Nu Kitu Téh

Jadi bener, cinta téh botrok. Kuring anu geus boga pamajikan jeung anak, jujur, panas ku milik Yudi anu sakitu matak bagjana. Pikiran kuring jadi inget ka waktu keur kuliah. Aya hiji dosén geulis anu pikaresepeun. Kahayang mah éta dosén anu statusna randa ngora téh bogoheun ka kuring, terus kuringna dibéréan duit pikeun jajan, ngaroko jeung dipangmayarkeun béya kuliah, teu miduli.

Share
Carpon Hérmana-JARANG-JARANG NU KITU TÉH
Share

Carpon Hérmana

Aya paribasa, cinta téh botrok. Ceuk dina basa Indonésia mah cinta itu buta. Gening saenyana, éta lain ukur paribasa. Aya dina buktina. Salasaurang murid kuring anu lulus SMU taun ieu, nenggang ti batur. Yudi boga kabogoh ka dokter nu umurna jauh saluhureun manéhna.

“Sabaraha taun umurna?” tanya kuring harita.

“Aya panginten kana 30 taun mah,” ceuk Yudi anu harita umurna 17 taun.

Hartina bédana 13 taun. Ari éta awéwé téh statusna randa, ngan teu bogaeun anak. Salakina maot lima taun ka tukang.

“Di mana hidep wawuh ka éta awéwé?” tanya kuring nalika jadi wali kelasna.

“Waktos ngiringan seminar ngeunaan bahaya ngaroko,” ceuk éta murid anu aktif dina kagiatan ékskul PMR.

Nurutkeun Yudi, éta awéwé téh jadi salasaurang narasumber dina éta seminar. Lain Yudi tangtuna anu ngajak wawanohan, tapi awéwéna. Yudi maju ka hareup pikeun nanyakeun pertanyaan anu aya hubungan jeung jejer seminar. Nu ngajawabna éta awéwé, nu bangun katajieun ku Yudi.

Ti harita Yudi jeung Bu Mila bobogohan. Atoh wé pikeun Yudi mah, enya gé kabogohna téh saluhureun tapi rupana awét ngora tur geulis. Bubuhan jalma pinter, ngarti kana kaséhatan jeung kecantikan, diwuwuh ku beunghar, jadi kaurus beungeut jeung awak téh. Di imahna duaan wé jeung badégana anu satia ti barang manéhna anyar rumah tangga. Salian digawé di rumah sakit salaku dokter, Bu Mila gé muka prakték di imahna. Malah boga deui usaha kana dagang bahan-bahan bangunan anu dijalankeun ku babaturanana. Kolotna geus maraot, teu bogaeun lanceuk atawa adi. Barayana jarauh.

“Atuh hidep loba untungna,” kuring nyekelan taktakna.

Yudi nyéréngéh. Bagja temen Yudi. Ti saprak boga kabogoh, Yudi tara elat deui mayar keuangan sakola. Kitu deui remen jajan. Ti mana deui duitna ari lain ti kabogohna. Jarang-jarang anu kitu téh. Babaturanna mah teu nyarahoeun, ngan kuring wungkul. Ngan ari kahélok mah aya babaturanna téh, sabab ayeuna mah Yudi anu anak jalma biasa, bet boga motor jaba anyar. HP-na ayeuna mah alus deuih. Éta sakabéh ti kabogohna, Mila Anggraéni. Mun arapaleun mah, barudak lalaki kana bakal kabaritaeun. Saméméhna, Yudi can kadéngé bogaeun kabogoh. Nu remen gunta-ganti kabogoh mah Ilham, ngan asana téh can ngalaman bobogohan jeung randa kawas Yudi.

 Waktu téréh lulus sakola, kuring anu geus teu jadi wali kelasna tumanya ngeunaan rencanana salulusna SMU.

“Rék kuliah?” kuring ngolongan. 

Yakin, di mana Yudi hayang kuliah pasti dibéyaan ku Bu Mila.

“Moal Pa,” manéhna godeg.

“Dibéyaan ieuh meureun ku Bu Mila?” tanya kuring.

“Abdina tos wegah nyiar élmu, capé,” jawabna.

Rencanana rék nikah ngan teuing iraha. Nu jelas sakabéh béyana ditanggung ku Bu Mila. Saha anu teu hayang, kuring gé hayang, kabita. Mun geus rumah tangga rék milu ngokolakeun toko material.

“Nu kitu meureun nya nu disebut nyalindung ka gelung,” gerentes haté sanggeus Yudi lulus.

Lalaki anu nasibna hadé kawas Yudi téh aya, ngan jarang. Biasana mah di mana-mana ogé awéwé anu dipupujukeun ku lalaki, lain sabalikna. Jaba ieu awéwéna beunghar jeung berpendidikan. Jadi bener, cinta téh botrok. Kuring anu geus boga pamajikan jeung anak, jujur, panas ku milik Yudi anu sakitu matak bagjana. Pikiran kuring jadi inget ka waktu keur kuliah. Aya hiji dosén geulis anu pikaresepeun. Kahayang mah éta dosén anu statusna randa ngora téh bogoheun ka kuring, terus kuringna dibéréan duit pikeun jajan, ngaroko jeung dipangmayarkeun béya kuliah, teu miduli. Justru kalah resepeun ka babaturan sakampus. Ngenes. Kaharti kétang, babaturan mah kasép, jeung awakna atlétis. Ari kuring, rupa jajar pasar jeung awak begung kawas anu kurang gizi.

HP kuring dirését. Loba nomer dina kontak HP laleungit. Hayang ganti HP, teu boga duit. HP geus meujeuhna ganti, geus tinggaleun jaman, sok kalah éra ku babaturan ngajar. HP murid gé garaya. Pangabutuh di imah loba, tilu barudak sarakola kénéh, ari nu jadi tulang punggung ékonomi kuring wungkul. Babaturan ngajar di sakola, babaturan lalaki, kabéh pamajikanana sarua guru. Sahenteuna ari duanana baroga gawé mah moal ripuh kawas kuring.

Beuki panas ku milik Yudi anu ayeuna jigana geus rumah tangga jeung dokter. Ku sabab HP dirését, nomer WA Yudi gé leungit. Manéhna deuih teu ngahubungi ka kuring geus lila. Imahna jauh deuih. Kacipta, mun ka kuring aya awéwé kawas Bu Mila, heug bogoheun. Terus éta awéwé téh méréan duit, harta banda, jeung sajabana. Nikmat pisan hirup nu kawas kitu.

“Astagfirulloh,” kuring ngusap beungeut.

Ngalamun téh kamalinaan. Kumaha lamun jadi kanyataan.

“Ngalamun naon akang?” tanya pamajikan bari nyodoran cai kopi.

“Ah, henteu,” kuring ngarongkong gelas.

“Ti tadi aya ku anteng ngalamun,” ceuk pamajikan ka kuring anu nyanghareupan laptop.

Jigana moal curigaeun kana naon anu ku kuring dilamunkeun. Dadakuna mah kuring mikiran kagiatan di sakola. Bet asa kaingetan ka adina pamajikan anu taun ieu lulus SMU.

“Rék kuliah adi téh?” tanya kuring.

“Lah, kuliah kumaha, euweuh béya. Keuangan sakola ogé can lunas, ijazah can bisa dibawa,” témbalna.

“Geura rumah tangga wé atuh!” titah kuring.

“Ari akang, sidik adi kuring mah lalaki. Lain halna mun awéwé. Lalaki mah kudu usaha, boga imah, karék mikiran rumah tangga,” pokna.

Aéh enya, panyana awéwé. Lalaki mah mémang kudu digawé heula. Boga imah. Ulah saimah jeung kolot atawa mitoha. Sabab bakal jadi kapala rumah tangga, nyukupan pangabutuh pamajikan jeung anak. Langka nu rumah tangga ngora-ngora, béda jeung awéwé.

Saterusna pikiran kuring ngait deui ka Yudi, boga nasib hadé anu jarang karandapan ku batur. Kuring can nyaritakeun hal éta ka pamajikan. Guru-guru séjén, utamana guru lalaki, sarua euweuh anu nyarahoeun. Mangkaning aya guru lalaki anu resep pisan ngaheureuyan awéwé, bari taya anu miduli. Pa Mumung, sok tebar pesona ka barudak awéwé, tapi taya saurang ogé anu bogoheun. Lian geus boga pamajikan jeung anak, rupana menengah ke bawah. Kuring mah rada leuheung. Ngan asana, ti saprak kuring ngajar, can aya murid awéwé nu bogoheun ka kuring. Euweuh anu maling rérét-rérét acan.

“Akang, di sakola sok aya murid awéwé anu bogoheun ka akang?” tanya pamajikan pikeun anu munggaran.

“Nanya naon ah?” kuring imut.

“Sugan wé. Tapi asana moal aya, sabab nyarahoeun akang mah lain bujang atawa duda,” pokna.

“Dina akangna masih bujang atawa duda, moal aya. Sabab akang mah teu kasép, awak begang kawas anu jarang dahar,” ceuk kuring.

“Tah bener,” pamajian seuri leutik.

Inget ka guru anu geus pangsiun. Ka Pa Uwén mah aya anu naksir, murid awéwé, geulis. Sangkilang nyahoeun yén Pa Uwén téh guru, boga pamajikan, anak, jeung geus reuay ku incu. Tapi éta murid téh bogoheun pisan ka éta guru anu geus kolot bari buukna geus pinuh ku huis. Nangarkeun pisan bogohna téh. Kuring jeung guru lalaki lian bener-bener kabita, panas. Padahal rupa Pa Uwén teu kasép. Hadéna Pa Uwén kaburu pangsiun. Inget téh, éta murid anu ayeuna geus lulus dua taun ka tukang téh kungsi méréan kado ulang taun ka Pa Uwén. Ka kuring mah, euweuh. Bororaah kado, nu ngucapkeun wilujeng tepang taun gé, euweuh. Teu murid, teu pamajikan. ***

Edisi majalah: 3006

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Carpon Saéfudin Firmansyah-WAYAHNA
Carita Pondok

Wayahna

Pamajikanna deuih loba kahayang. Samarukna salaki jadi kepala téh kawas batur. Ieu...

Carpon Lemoel-Taun Anyar Nu Ayeuna
Carita Pondok

Maleman Taun Anyar

Harga diri salaku lalaki ancur, asa hina jeung taya guna. Tapi akal...

Carpon Kiki Oke Yasminiati-Nu Nyampeurkeun di Candi
Carita Pondok

Nu Nyampeurkeun di Candi

Dirina pasrah tumarima kana papastén ti nu Maha Kawasa. Geus kudu kitu...

Carita Pondok

Surat dina Buku Agénda

Méméh asup katingali mahasiswa ngagimbung hareupeun rohangan kuliah. Mahasiswa lalaki sawaréh katingali...