Teu nyangka mun kiwari, Yasri jeneng wasit pingpong internasional. Aya kareueus nu teu bisa disumputkeun. Sabab di Jawa Barat waé ukur tiluan. Kumaha lalakonna jeung naon suka dukana, Manglé ngobrol jeung Yasri Mustaq Pratama, S.Pd. ***
Lain hal gampang hayang boga sesebutan wasit internasional téh. Husus dina cabang olahraga ténis méja (pingpong) mah kudu ngaliwatan sababaraha tahapan. Diantarana ti mimiti kudu boga sértifikat heula ti Pengcab jeung Pengda. Saterusna aya sértifikat anu disebut Nasional B jeung Nasional A.
“Éta sadayana parantos ditempuh ku sim kuring,” ceuk Yasri Mustaq Pratama, S.Pd, sababaraha waktu ka tukang.
Henteu anéh lamun aya pertandingan pingpong, Yasri teu weléh hadir. Malah keur para pelajar mah nu sok miluan pertandingan ngawakilan sakola, ngaran Yasri geus kacida dipikawanohna. Ti mimiti SD, SMP jeung SMA apaleun ka Yasri.
Kitu deui keur komunitas pingpong nu ceuk paribasana mah aya di unggal RW, ngaran Yasri geus lain si itu si éta. Inyana kasohor wasit nu tegas, gedé wibawa jeung paham pisan kana aturan pertandingan pingpong.
Sanggeus sakitu lilana jadi wasit lokal ceuk istilah Yasri mah, ti mimiti Juni 2018 inyana boga sértifikat wasit internasional. Tangtu waé keur dirina kacida reueusna. Sabab sa Jawa Barat waé ukur aya tiluan anu dua diantarana ti Kota Bandung kaasup jeung dirina téh.
“Kitu gé sim kuring mah nembé gaduh sértifikat internasional téh White Badge. Anu ujianana ukur téori wungkul. Bénten sareng Blue Badge. Éta mah lian ti aya téori téh katambihan ku wawancara sareng prakték,” ceuk Yasri nu pagawéan sapopoé mah jadi guru olahraga di SDN 075 Jatayu Kota Bandung.
Soal pangalaman mah teu kudu diragukeun. Yasri welasan taun jeneng wasit ti mimiti nu ‘event’-na leutik nepi ka nu gedé saperti PORDA jeung PON. Éta remen ditempuh ku Yasri. Tangtanganana mah angger, rék jadi wasit lokal atawa internasional ogé, anu dilarapkeun téh “Kedah nétral sareng adil,” Yasri nandeskeun.
Nu jelas, pangna dirina ancrub dina dunya perwasitan téh hayang nanjeurkeun bebeneran. Aturan maén dina pertandingan, para atlit pingpong kudu bener bener paham. Sangkan henteu ngarugikeun dirina. Hal kitu kudu geus ditancebkeun dina pertandingan ti mimiti usia dini cenah. Sabab sababaraha kleup pingpong dina ngalatih muridna téh kadang ukur téhnik maénna wungkul. Henteu bari disartaan ku aturan-aturan pertandingan di lapangan.
Légalitas Referee
“Pangpangna mah nu sering lepat téh dina ‘service’. Éta jelas upami di ‘fault’ téh bakal teras ngaganggu kana konséntrasi pamaén. Sim kuring saparakanca sering sosialisai standar aturan ITTF. Hususna perkawis ‘service’,” ceuk Yasri.
Nurutkeun Yasri, ayana tilu wasit nu boga sértifikat internasional di Jawa Barat sabenerna mah masih kurang cenah. Hal kitu bisa diungkulan ku remenna diayakeun kajuaraan atawa ‘event’ nu bisa ngadorong krédibiltas jeung légalitasna. Tangtu ku lobana pertandingan, bakal jadi pamecut sangkan aya kereteg jadi wasit internasional.

“Hanjakalna kiwari nuju pandemi. Kajuaraan atanapi pertandingan téh seueur nu teu cios diayakeun,” ceuk ieu carogé Ikke Siti Rohmatul Jannah rada rumahuh.
Yasri nu ngakuna bisa pingpong alakadarna téh kungsi ngawasitan dina even internasional. Diantarana Asian Game jeug Asian Para Game di Jakarta taun 2018, Thailand Para Table Tennis di Chiangmai 2018, Seatta Senior di Bali taun 2019, Asean School Game di Semarang, Asian Championship di Yogyakarta 2019 nu dihadiran pamaén pamaén kelas dunya sarta di ITTF Chalange di Batam 2019 jeung réa-réa deui.
Salila jadi wasit, loba pangalaman nu matak nyenangkeun haté atawa sabalikna. Senangna lamun pertandingan lungsur langsar. Tapi teu saeutik nu lamun teu gancang diungkulan mah nimbulkeun riributan. Pangpangna cenah lamun aya pihak nu protés sabab ngarasa dirugikeun.

“Padahal kitu téh saleresna ku teu acan pahamna kana aturan,” ceuk Yasri teureuh Ciawi Tasikmalaya kalahiran Bandung taun 1987.
Nu disebut wasit téh nyaéta ‘umpire’ nu langsung ka lapangan mingpin pertandingan. Saperti ngitung skor jeung sajabana. Sedengkeun ari ‘refeere’ mah nyaéta inspéktur pertandingan nu nanggung jawab kana sakabéh pertandingan ti mimiti ‘technical meeting’ nepi ka penutupan. Sawatara ayeuna ari di tingkat lokal mah Yasri remen jadi wasit jeung referee.

“Sanaos légalitas referee mah sim kuring teu acan nyakuan. Margi di Indonésia mah teu acan kantos ngayakeun penataran referee husus pingpong. Nu mawi sim kuring gaduh cita-cita hoyong ngahontal sértifikat Blue Badge anu diteraskeun kana penataran referee internasional. Supados légalitas referee énggal kacangkem ku sim kuring,” ceuk Yasri nu kiwari keur neruskeun Studi Formal d Pasca Sarjana UPI.
Nu jadi masalahna perkara basa. “Tapi insya Alloh perkawis basa ogé sim kuring kiwari teras-terasan nuju diajar. Sangkan sanaos atlit-atlit ténis méja di urang téh kirang aweuhan di dunya internasional, manawi atuh ari wasit atanapi referre mah janten kareueus bangsa,” Yasri Mustaq Pratama pinuh harepan. ***
Mangle 2846
Leave a comment