Home Gaya Hirup Implik-implik IRMAN 32 Taun Satia Jadi Komunitas Rumaja Masjid
Implik-implik

IRMAN 32 Taun Satia Jadi Komunitas Rumaja Masjid

Share
Réngréngan pangurus IRMAN 2023-2024.
Share

Henteu gampang hayang boga beungkeutan anu kuat salila 32 taun téh. Komo ieu sifatna kumpulan rumaja anu kagabung dina  Ikatan Remaja Masjid Nurhidayah (IRMAN). Kumaha bisa kitu? Manglé ngobrol jeung Aep Kusnawan, nu pangheulana boga gagasan ngadegkeun IRMAN. ***

Perenahna di padésaan, malah bisa disebutkeun nyingkur nyaéta di Dusun Mandalagiri, Désa Cisontrol, Rancah Kab. Ciamis  Jawa Barat.

Najan kasebutna jauh ka kota, tapi Ikatan Remaja Masjid Nurhidayah (IRMAN) geus mampuh ngabuktikeun minangka organisasi anu tanggoh. Salila 32 taun tetep éksis sauyunan. Malah nepi ka kiwari téh geus 23 kali ganti kapangurusan anu di tempat séjén mah mungkin waé jarang kaalaman.

IRMAN téh salah sahiji komunitas widang agama anu diadegkeun dumasar binaan UIN Sunan Gunung Djati Bandung. Ti saprak diadegkeun taun 1992, IRMAN terus ngarundaykeun générasi-générasi anyar. Nu boga gagasan mimitina nyaéta Aep Kusnawan, nu kiwari jeneng dosén di UIN Sunan Gunung Djati Bandung.

Nurutkeun Aep Kusnawan nu ogé jadi ketua munggaranana, bisa kitu téh ku sabab kurnia Alloh sarta aya gawé bareng sarta dukungan ti sababaraha pihak. Kaasup para alumni nu geus nyebar di kota-kota terus méré arahan.

Sedengkeun tujuan ngadegkeun IRMAN téh diantarana jadi wahana transformasi SDM kota jeung désa nu positif. Kitu deui jadi wadah aktifitas rumaja pikeun mekarkeun poténsi, diajar jadi jalma nu réa mangpaatna keur balaréa, cinta kana masjid jeung lian ti éta.

“Nu jelas saha waé nu janten pangurusna, IRMAN dipertahankeun sangkan ngajalankeun kagiatan anu seueur mangpaatna pikeun balaréa. Utamana kanggo warga sabudeur Dusun Mandalagiri, Désa Cisontrol, Rancah Kabupatén Ciamis,  Jawa Barat,” Aep Kusnawan nandeskeun.

Cucu Kusmayatin.

Diantarana kagiatan nu geus maneuh jadwalna téh nyaéta ngayakeun pangajian keliling ti masjid ka masjid anu ngalibetkeun pembimbing agama ti unggal désa di sabudeur Kacamatan Rancah.

“Unggal malem Minggu para rumaja téh sanés amengan ka ditu ka dieu, tapi dieusi ku pangajian keliling ti masjid ka masjid,” ceuk Maman Suryaman nu jadi pembina ti saprak taun 1996.

Sedengkeun Cucu Kusmayatin anu ogé pembina IRMAN, ngajelaskeun, masjid anu biasa digunakeun pikeun pangajian keliling téh nyaéta Masjid Nurhidayah, Masjid Kebon Kawung, Masjid Kebongedé, Masjid Kebonjati, Masjid Bojongjati, sarta Masjid Kutaharja.

Dina unggal Romadon IRMAN maneuh ngayakeun kagiatan khataman Al Qur’an jeung kuliah subuh anu ngahadirkeun pembimbing kaagamaan ti unggal daérah sarta dihadiran ku unggal jamaah ti sababaraha masjid.

“Béntenna kuliah subuh di dieu, unggal anu hadir diabsén ku pangurus RW-na masing masing. Didata anu hadir henteuna. Kitu deui materi anu didugikeun ku pembimbing téh diévaluasi dina ahir Romadon. Nerap atanapi henteuna ka masararakat hususna para rumaja ku cara diayakeun Cerdas Cermat. Kitu deui aya ‘doorprize’ kanggo masarakat,”  Cucu Kusmayatin reueus.

Para Pembina IRMAN.

Lian ti soal kaagamaan, IRMAN ogé ngayakeun kagiatan séjénna saperti pembinaan Seni Budaya Islam (seni marawis), pelatihan MC, PHBI, Rihlah, Olahraga, Pertanian, Bakti Sosial, Perlombaan, Konsultasi Studi Lanjut, jeung nu lianna.

“Kiwari IRMAN ogé nuju ngararancang kagiatan nu tiasa mekarkeun poténsi ékonomi masarakat nu kasang tukangna masjid,” ceuk Cucu Kusmayatin.

Sedengkeun Undang, Ketua RW 03 nu ngawakilan masarakat nyebutkeun, “Sim kuring ngaraos reueus ku ayana Ikatan Remaja Masjid Nurhidayah. Kahadiranana tos seueur masihan kontribusi kanggo masarakat,” Undang nandeskeun.

Grup Marawis IRMAN.

Dina kapamingpinan Alifyia Zalfaa nu kiwari jeneng Ketua IRMAN, Komunitas Ikatan Remaja Masjid Nurhidayah terus bebenah. Lian ti neruskeun program program nu geus ditaratas ku ketua saméméhna, Alifyia Zalfaa jeung réngrénganana boga program-program hadé demi majuna organisasi anu dipingpin ku dirina.

“Diantawisna nyaéta ngahirupkeun ékonomi masarakat berbasis masjid ngalangkungan Bazar IRMAN. Anu mana produksi hasil masarakat téh dipamérkeun diical unggal dinten Ahad sabudeur masjid. Dipublikasikeunana ngalangkungan kontén kréator dina Médsos nu digerakkeun ti masjid saréngséna pangaosan malem Ahad,”  Alifyia Zalfaa sumanget. “Pokona, Ikatan Remaja Masjid Nurhidayah kedah teras aya bari ageung mangpaatna kanggo balaréa,” Alifyia Zalfaa nandeskeun. ***

Mangle 2973

Share
Written by
EEP NR -

Wartawan Majalah Basa Sunda Mangle yang tegabung dalam Persatuan Wartawan Indonesia Jawa Barat. Juga Atlet Tenis Meja Porwanas Jawa Barat.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Gaya HirupImplik-implik

Paniisan Cippo Tempat Ngojay di Gunung Manglayang

Lain tempat ngojay nu standar sabenerna mah. Tapi Paniisan Cippo atawa anu...

Gaya HirupImplik-implik

Khalana Villa Citengah Wisata Murah Ngaharib-harib Ubud Bali

Piknik atawa wisata mah henteu kudu mahal, nu penting bisa sugema nyukakeun...

Gaya HirupImplik-implik

Rafting di Walungan Palayangan Situ Cileunca Pangaléngan

Wisata rafting/arung jeram atawa tumpak parahu karét di walungan anu caina tarik...

Gaya HirupImplik-implik

Ngamangpaatkeun Poé Peré Naék ka Gunung Papandayan

Pikeun nu resep suasana alam, naék gunung mangrupa hal nu kaasup penting....