Najan kakara kelas 2, Inara Izzatul Karomah nu sakolana di SDN 247 Sukapura Kota Bandung, geus réa préstasi anu dicangking ku ieu putra cikal Bapa Hendi Alwantoro sareng Ibu Fariza Firmawati téh. Diantarana taun 2002 Inara Izzatul Karomah Juara 1 Modél Casual Katagori A.
Méi 2023 ieu mojang anu sapopoé sok disebut Nara téh di Bandung kungsi Runner Up Mister Youth Tourism Jawa Barat. Kitu deui jadi The Best Make Up dina Grand Final Indonésia Modél Award sarta Prince and Princess Int’l Indonésia 2023 anu duanana dilaksanakeun di Hotél Orchard Industri Jakarta.
“Kantos ogé janten Runner up Mini Miss Frienship Indonésia 2024 di Bandung 24-25 Fébruari 2024. Kitu deui Juara 1 Foto Genic, Juara 1 Dancer sareng ngiringan syuting janten peran Mawar dina ‘Santet Tusuk Sate,” ceuk Ibu Fariza Firmawati di bumina Jl. Manglayang Bawah No. 80 Palasari Cibiru, Kota Bandung.
Bisa kitu ceuk Mamahna, élmuna téh diantarana ti LPK RMA Model & Akting, D’Vam Orgainezer, DSC Dancer & Purwacaraka.

Dilahirkeun di Bandung 22 Juli 2016, kaahlian Nara dina widang modél karojong pisan ku jangkungna anu 129 cm. Hobina lian ti kana dunya modél nyaéta ngojay jeung resep kana warna kayas. Ari cita-cita?
“Hoyong janten guru,” ceuk Inara Izzatul Karomah tandes naker.
Mugia Néng, tinekanan. Amin. ***

Mangle Edisi 3007
Leave a comment