Carita Pondok

Ijén

Danu diluluh. Manéhna ukur bisa metakeun dua leungeunna pikeun nahan panarajang bagong. Untungna téh tanaga bagong geus suda pisan, sabab itu ogé sarua pada ripuhna. Awakna geus darewang. Kitu deui Danu, geus méh béakeun tanaga.

Share
Carpon Tatang Sumarsono-Ijen
Share

Carpon Tatang Sumarsono

Kudu guguntayangan heula hayang unggah ti léngkob téh. Ngeumbing akar bari angsrod-angsrodan. Sakapeung mah sorodot deui ka handap, da pangeumbinganana lésot. Taneuh beueus bari uduh, atuh puguh waé dina sakali nincak maké tanaga téh terus ngadelewo. Untung henteu remen tigurawil ogé.

Kaduhung kudu milu ngasruk, cék dina jero haténa. Babaturan aing mah meureun geus jarauh ieu téh. Da teu kadéngé hauk-haukna. Boa teuing ayeuna téh geus meuntas walungan lebakeun geger anu pinuh ku manjah téa. Sok ka lebah dinya boroan téh lumpatna, lamun diasrukna ti pasir anu ieu mah. Geus dipastikeun, jebulna téh ka kebon karét. Mun keur alus milik, sok di dinya ditingkerna téh. Tara kungsi balik deui ka tonggoh, asal anu megatanana wé henteu cileureun.

Paling-paling terus tuturubun ka lebak. Gubrag baé ka sawah tonggoheun lembur. Geus aya di dinya mah tara bisaeun deui incah. Komo lamun lumpatna kana embel mah. Kari ningker wé tina galengan. Atuh lamun kira-kira bakal kahontal, kari dilempengkeun kuli téh. Puguh waé nyocol, bagong keur ukay-ukey dina leutak, dipapag ku kuli sahabekna, meunang ngalelempeng kana kekemplonganana. Geus kitu mah kari nyérénkeun ka anjing, da moal bisaeun deui ngejat jauh. Sok komo lamun ruruhit kuli ngait kana tulang igana mah. Pamatang kari susurakan nyacapkeun kabungah. Boroanana beunang!

Tapi, naha ayeuna bagong udagan téh geus rubuh? Danu nanya ka dirina sorangan. Kétang, biheung teuing babaturan aing ogé keur sarua ripuhna ayeuna téh. Ripuh kudu pupuranténgan atawa asruk-asrukan dina dapuran kirinyuh.

Najan bari jeung hésé béléké, tapi ahirna mah teu burung tepi ka lebah geger anu rada lénglang. Téténjoan plung-plong, awas ka jauhna. Tonggoheun geger téa ngalamuk leuweung tutupan. Ka handapna loba gerembel paselang jeung dapuran manjah, anu saterusna nyambung jeung kebon karet.

Naha ieu téh mani taya hauk taya panting, gerentesna. Éstu simpé, ari lain sora angin anu ngoyag-ngoyag pucuk dangdaunan mah; tingkérésék. Mani teu sora manuk-manuk acan ieu téh.

“Di marana, euy …!” gorowokna bedas naker.

Taya anu némbalan. Meunang sababaraha kali manéhna gogorowokan, ngageroan babaturanana. Lebeng. Danu ngarasa buntu laku. Teuing kudu ka mana nyusulna ieu téh, cék pamikirna. Tungtungna mah gék waé diuk bari ngageberan awakna ku dudukuy pandan.

Kaduhung aing maké milu ngasruk, sakali deui haténa nyarita kitu. Abong geus mangalam-alam tara mileuweungan, dina sakalina kudu kukurubutan téh bet tinggaleun ku batur. Lain sieun kasarung, da apal ari jalan balik mah. Ngan atuh asa teu puguh waé di leuweung sosoranganan.

Enya, sasat geus jadi pangulinan pikeun Danu mah ieu leuweung téh. Manéhna geus apaleun pisan sakur jalan satapak liliwatan anu keur moro. Kasarna mah, geus kaubek. Sok leuleuweungan geus aya welasna taun téa, bet piraku maké kudu teu apal. Ti umur salapan taun, manéhna geus resep mimilu moro.

Pleng teu kungsi asruk-asrukan ka leuweung. Ari sababna, Danu lunta ninggalkeun lemburna. Kawas anu ngabuang manéh, aya kana lima taunna teu embol-embol. Danu anclang-anclangan di kota, néangan pangupa jiwa ukur ngandelkeun tanaga jeung kawani. Niatna mah hayang boga pacarian anu merenah jeung ilahar ceuk ukuran umum. Tapi nya kitu, kahirupan di kota téh dina pamustunganana mah henteu soméah. Komo deui pikeun urang kampung anu teu boga kaahli nanaon, iwal kuat naktak mundak. Hayang hirup aya dina kamarasan téh bet samar pisan kahontal. Tungtungna Danu nyokot jalan énténg tur pondok, najan gedé résikona. Manéhna jadi o’ah di hiji terminal. Bangga pisan rék ngahontal éta kalungguhan téh. Manéhna kudu nyingkirkeun sawatara sainganana anu tangtuna ogé henteu bolostrong. Mun teu asak pangwarah ti Bah Kadir mah jigana geus kana katétér.

Keur genah-genah nguyup amisna kinca kahirupan, naha atuh bet narima béja yén indungna di lembur gering ripuh. Sakumaha lalanangna Danu dina nguntun kahirupan anu sakitu kerasna, tapi teu burung lééh barang ngadéngé éta béja mah. Bet jorojoy hayang nyelang heula balik ka lembur.

Hanjakal, bet teu kaburu tepung. Barang jol téh, indungna geus dikurebkeun. Danu ukur bisa nénjo gundukan taneuh beureum. Rasa kaduhung, sedih, kuciwa, jeung ngarasa dosa gumulung dina haténa. Katurug-turug deuih, ceuk rarasaanana, sakur panuding tamplok ka dirina. Naha bet téga ninggalkeun lembur ampleng-amplengan, tepi ka indung-bapana kaleleban? Danu méh teu tahan merangan sora haténa sorangan. Ngan untung waé kaburu kageuing ku bapana, anu ayeuna mah geus jadi aki-aki cetuk huis sarta batukna kerep.

“Tong maké hayang indit deui, Ujang. Saha atuh anu rék maturan Abah lamun manéh lunta deui ti lembur mah? Komo lamun inditna jauh tur bakal ampleng-amplengan cara ti heula mah. Leuheung basa lamun babari ditéangan jeung disusulanana. Anggursi cicing di lembur, bari bantuan Abah ngurus pakaya, da geus teu kaduga lamun ukur ngandelkeun tanaga sorangan mah,” ceuk bapana.

Manéhna teu némbal. Caritaan bapana mémang enya kitu kuduna. Merenah pisan hiji kolot nyarita kitu ka anakna. Sok komo kaayaan bapana kiwari téh geus maju ka sareupna, tur anakna téh ngan manéhna hiji-hijina. Ari dulurna mah saenyana loba, ngan geus narungtutan muguran ti heula.

Enya kaharti, ceuk sora dina haténa. Ngan nyaéta atuh, lain teu nyaah ka kolot aing téh. Pangna baréto lunta ninggalkeun lembur ogé da aya pasalna. Aing rék miceun wiwirang. Sugan waé bisa lipur tur manggih katengtreman mun jauh ti lembur mah. Tapi nyatana, éta udagan can kungsi kasungsi. Mémang enya, moal dileuleungit, aing bisa nguyup maduna hirup. Dahar paké teu hésé ladang tina nandonkeun kawani jeung tanaga téh. Tapi lamun dipikir leuwih teleb mah, éta téh ukur kalangkang anu ririakan. Anu geus karasa ngahirupan diri aing sakujur téh saéstuna mah lain nu dipiangen ti anggalna. Buktina waé, hasil tina boborot anu sakapeung mah nandonkeun jiwa téh henteu karasa ngahuripkeun. Ayeuna pareng balik ka lembur naha aing bisa mawa pakaya hasil tina nyangsangkeun beubeunangan sapopoé? Tétéla henteu. Meureun mana kitu ogé éta téh lain milik anu matak maslahat. Tong waka keur di ahérat, di dunya ogé teu cumpon. Lamun dipikir kalawan gemet, jigana aing bakal bisa hirup merenah saupama matuh deui di lembur. Enya, jigana kudu kitu.

Tapi, jol deui gerentes séjén dina haténa, naha aing bakal sanggup nyieuhkeun sakur rereged, kamarudah, jeung kaéra anu timbulna alatan polah aing sorangan kénéh baréto? Apanan pangna luas indit ogé pikeun nyingkahan hal éta. Ari ayeuna ceuk sasatna rék disampeurkeun deui.

Danu lila pisan nimbang-nimbang enggoning rék nyokot hiji putusan. Lamun téa mah aya anu bisa ngadéngékeun, rosa pisan padungdengan dina batinna téh. Lamun teu kagareuwahkeun ku sora batuk bapana mah jigana manéhna bakal anteng pisan nataran paguneman haténa.

“Teu kudu hantem-hanteman ngagugulung lalakon heubeul. Ayeuna mah pan geus caang bulan opat belas jalan gedé sasapuan. Anu enggeus mah, nya enggeus waé. Da jigana téh tinggal silaingna waé ménta hampura. Abah yakin, bakal bérés, moal aya gantar kakaitan.”

“Kitu sotéh ceuk pikiran Abah, da kuring mah lain deui,” manéhna buru-buru némbal.

“Ih, anaking, ulah sok ngagugulung napsu, bisi matak kaduhung di ahir. Buktina waé geuning manéh teu bisa manggihan heula indung alatan tina abur-aburan ngagugu hawa napsu téh. Anu matak, ieu mah ceuk Abah, boa kétang ceuk haté manéh sorangan ogé kitu, taya hadéna boga musuh téh. Sok komo lamun kasalahan gegedéna nyampak dina diri manéh pribadi.”

Danu teu némpas, kalah nyot deui udud; diseuseup jero pisan.

“Kumaha tah, rék digugu caritaan Abah?”

Méméh pok némbalan, manéhna ngekesek heula puntung rokona, “Teuing atuh, Bah. Ménta témpo waé, rék dipikiran heula.”

“Kitu hadé atuh. Abah moal rék maksa, da eukeur-eukeurna ieuh,” ceuk bapana, sorana alon.

Sapoé, dúa poé, tepi ka méh samingguna, Danu masih can lunta ti lemburna. Manéhna masih kénéh ngarasa bingung dina rék nyokot putusan anu tandes. Salila matuh di lembur téh manéhna beunang disebutkeun tara lunta ti imah. Paling-paling ukur ngalantung di buruan. Éta ogé sawatara sobat medokna baheula mah sok aya anu nepungan. Ngan waé sikep manéhna sorangan teu mikeun lamun kudu gulet cara anu enggeus-enggeus mah. Jadi kararagok ayeuna mah. Lamun cacarita ogé ukur sahinasna waé. Sobat-sobatna surtieun kana kaayaan diri manéhna.

Ari tadi, isuk-isuk, bet kabeneran aya anu ngaleu rék ka leuweung. Enya, rék maroro. Nyarorén bedog jeung narungtun anjing. Malah aya anu maranggul tumbak sagala.

“Jang, urang nonggoh yu, ah!” salahsaurang sobatna ngajak, da geus apaleun yén Danu sapangaresep jeung manéhna.

“Enya, hayu. Cing geura pecak deui wewesén téh! Mangkaning ayeuna aya begu nunggal anu geus teu rubuh-rubuh, sakitu hantem diboro jero tilu minggu ogé,” ceuk nu saurang deui.

Enya, mending kénéh ka leuweung, itung-itung ngabangbrangkeun pikiran anu keur marungkawut, ceuk pamikirna.

“Dagoan heula atuh,” témbal Danu. Manéhna ngoréléng ka dapur, rék nyokot bedog, da piraku ari indit ka leuweung bari lémor mah. Teu kungsi lila Danu geus milu ngaleut, ngajugjug tegal pamoroan. Sajajalan ogé manéhna angger teu loba omong. Atuh ku sobat-sobatna diarentep deuih, teu hantem diajak cacarita.

Bubuhan geus langka téa, atuh dibéré tanjakan Haurmuseur téh manéhna geus ngahégak. Manéhna mimiti tinggaleun léngkah ku babaturanana. Komo barang anjing geus mimiti manting mah, anu séjén tingserebet lalumpatan, teu nolih tincakeun anu geus mimiti rumpil. Danu ogé maksakeun lumpat, tapi meusmeus reg, meusmeus reg, da geus mimiti béakeun tanaga. Pamustunganana, di lebah léngkob manéhna tinggaleun téa. Anu séjén mah teuing geus ka marana, sedeng manéhna ukay-ukey kénéh dina biwir jungkrang.

“Di marana, euy …!” ngagorowok sakali deui. Angger taya sora anu némbalan.

Ah, mending terus mudun waé. Atuh dina teu panggihna jeung babaturan, nya kari terus balik, nyokot jalan ka Juarjajar. Ti dinya mah ngan kari ngidul ka lembur téh.

Terus waé manéhna mapay jalan satapak. Pungkal-péngkol nuturkeun tapak anu geus rada lidig. Sabot kitu, bet gok tepung jeung anu manggul bedil cuplis, leumpangna ka tonggohkeun.

Danu ngarandeg. Itu ogé ngarandeg. Danu melong. Itu ogé melong. Danu mencrong beungeut. Itu ogé mencrong beungeut.

Naha aing bet jadi panggih di dieu, ceuk Danu dina jero hatena. Aya ruhak amarah dina paneuteupna.

Duanana ngajengjen lir arca. Tapi, saenyana mah pada taki-taki, bisi kabongohan. Meléng saeutik, hartina pati.

Saenyana Karis ogé henteu ngahaja ngaliwat ka lebah dinya téh. Tadina rék motong ka Lebakputat, ngan waé bieu kadéngé aya anu gogorowokan di lebah geger. Anu matak manéhna nyokot jalan ka katuhu, ti lebah batu nyohcor anu kungsi dipaké numpi oray anu méh sagedé catang jambé. Maké jeung rugag-regog heula, bisi aya deui baturna anu ti heula.

Karis henteu nyoara. Cadu maké kudu dipangejatkeun, ceuk dina jero haténa. Lalakon baheula, kira-kira lima taun ka tukang, anu teu kungsi réngsé, ayeuna urang paratkeun. Di dieu!

Bruh-bréh deui gambar mangsa lawas antara manéhna jeung Danu. Teu nyangka bet kudu ditungtungan ku kagoréngan, da tadina sakitu dalitna. Geus jadi babaturan sakokoh ti bubudak Danu téh. Layeut lain ngan di pangulinan waé, tapi deuih sakocoran murid Bah Kadir, guru sahbandar wedalan ti Pandéglang.

Ngan nya kitu, abong kangaranan sipating hirup; sok aya waé robahna, tur sakapeung mah barobahna téh henteu disangka-sangka. Kitu hubungan Karis jeung Danu ogé. Tina layeut, jadi silih ceuceub, antukna tepi ka kungsi pakotrék bedog. Itu dewang, ieu rubuh. Ngan untungna téh can tepi kana titis tulisna waé duanana ogé.

Bongan manéhna maké ngawiwirang kulawarga aing, ceuk Karis dina haténa. Alesan éta pisan anu ngalantarankeun manéhna megatkeun sosobatan jeung Danu téh.

Saenyana, Karis téh sama sakali teu hayangeun megatkeun sosobatan. leu mah bakat ku kapaksa. Pikeun manéhna, kahormatan kulawarga leuwih mahal batan ajén sosobatan.

Bréh deui rupa adina, awéwé anu ngan hiji-hijina. Kiwari, dina umur anu geus nincak likuran taun, masih kénéh tacan katénjo aya anu noél-noél. Jeung deuih, jinisna ogé bangun anu teu boga karep rarabi.

Si Danu anu kudu tanggung jawab! Ku pamolah manéhna, adi aing jadi noda, tur jadi bahan catur lain waé ukur di salembur. Kulawarga aing ngarasa wirang pisan, tepi ka ahirna pindah lembur ka luareun désa, bari saenyana mah ukur mindingan beungeut ku saweuy.

Ku aing ayeuna rék dibérésan!

Demi ari Danu sorangan, ti barang teup paneuteupna ka Karis anu ngajengjen hareupeunana, lelembutan geus teu puguh rasa. Sarua dina kongkolak panonna ogé bruh-bréh lalakon dina mangsa ka tukang. Anu pangheulana némbongan téh Imas. Kacipta kénéh réngkak paripolahna. Wawuh ti keur budakna kénéh tangtuna ogé, apanan nyobat jeung lanceukna ti leuleutik. Nincak umur rumaja, naha atuh bet kaseundeuhan asih. Henteu nogéncang deuih. Danu hayang, Imas purun. Anu banget suka nya Karis pisan. Sugan waé tina sosobatan undak jadi duduluran.

Ngan nya kitu, apanan manusa mah sok keuna ku owah gingsir. Hahadéanana Danu jeung Imas bet jadi kakotoran ku dosa anu purba. Duanana palid dina gulidagna caah napsu. Eréng, babantar, jeung leuwi pamali ku maranéhna haben diarojayan, anu antukna anjog ka muara kaduhung. Hamo bisa ngejat deui!

Saenyana, Danu ogé rék tanggung jawab. Harianeun maké kudu nyingkahan hasil pamolahna sorangan. Manéhna ogé rék balaka, geus kasalahan anu gedé rambat kamaléna jeung kahormatan kulawarga. Ngan nya kitu, anu ménta pertanggungjawabanana dianggap ku manéhna kurang wiwaha. Bet jadi Karis, lanceukna Imas, anu pangneugtreugna téh. Danu sorangan teu réa pamolah, da rumasa salah. Haténa geus léah, rék nurut kana paménta ti pihak kulawarga Imas. Hanjakalna téh, bet aya caritaan Karis anu nyigeung pisan perasaanana. Ceuk anggapan Danu, asa teu pantes sobatna maké nyarita kitu. Antukna, anu geus léah téh jadi mancangah.

Saenyana aing ogé teu hayang béntrok. Ieu mah awahing ku kapaksa waé, bongan ituna bangun anu teu narima kana karumasaan anu kedalna tina haté aing.

Ku Danu ogé kacipta kénéh lumangsungna éta kajadian téh. Harita manéhna keur nyacaran eurih di kebonna. Jebul Karis rurusuhan bari beungeutna semu geuneuk, siga beusi atah beuleum. Nyaritana téh jol-jol kana setelan tarik waé, teu méré lolongkrang ka dirina pikeun engab. Mimitina Danu cicing kénéh, tapi lila-lila mah amarahna bijil. Nya der waé tarung di sisi saung. Duanana ogé sabanding jeung sapangabisa, bubuhan kokocoranana sarua. Depek jeung weweg kuda-kudana, rikat ngulinkeun bedogna. Tungtungna rubuh duanana.

Éta téh kajadian lima taun ka tukang. Ti harita, Danu lunta ninggalkeun lemburna. Kitu deui kulawarga Karis ogé kajeun ngajual jaar pakaya, ngarah buru-buru bisa pindah ka lembur séjén. Wirang temen, sabab Imas geus rék mimiti mendeyang, bari jeung anu boga dosana teuing aya di mana.

Tacan cageur pisan raraheut dina awakna ogé, basa Danu merenyeng indit téh. Ngelemet waé teu loba carita. Nyaho-nyaho sotéh basa rék diriungkeun, Danu geus teu nyampak di lembur. Indung-bapana ogé ngan ukur bisa ngabigeu, basa ditanya ku kokolot lembur téh. “Duka teu terang, da inditna ogé teu bébéja-bébéja acan,” ceuk bapana.

Saréréa sapuk, peun waé riributan téh tepi ka dinya. Teu kudu kapapanjangan unggah baléwatangan. Barabé ku anggay-anggayanana, canah, bari jeung can tangtu caina hérang laukna beunang. Kitu dina émprona mah. Tapi naha dina batin masing-masing pihak masih kénéh aya anu ngemu kakeuheul? Wallohu alam.

Najan geus lunta jauh, tapi Danu masih rajeun meunang béja ngeunaan kaayaan di lemburna. Sual kulawarga Karis geus pindah, éta ogé tepi ka manéhna. Kira-kira dua taun ti harita, jol deui kabar anu ngalantarankeun manéhna ngajenghok pisan. Sanggeus dibawa pindah, Imas terus kaluron, brek gering ripuh aya bulanna. Barang geus cageur deui, ingetanana kungsi ngalaman teu jejeg. Remen hulang-huleng tara beunang ditanya, ceuk anu mawa béja téh.

Danu ngahuleng. Geus tangtu manéhna sorangan anu bakal jadi paneumbleuhanana. Éta ogé sok jorojoy aya niat hayang nepungan, rék nyacapkeun tanggung jawab. Hanjakal niat anu éta téh sok kalindih deui ku sora haténa anu séjén. Tungtungna niat mulang ka lembur pikeun nepungan Imas téh ukur semet angen-angen.

Lamun aing mulang ka lembur, naha Imas masih kénéh daékeun narima diri aing sakujur? Kumaha deuih sikep anu baris ditémbongkeun ku kulawargana, pangpangna Karis? Jigana manéhna masih kénéh ngunek-ngunek, da buktina aing sorangan ogé masih kénéh neundeun kakeuheul. Jigana, ari nepungan mah arék éta ogé, ngan teuing iraha waktuna. Keun waé sugan jaga, sugan pareng aya kénéh umur.

Tapi, barang ngadéngé indungna gering ripuh mah, Danu maksakeun mulang ka lembur.

Danu jeung Karis masih kénéh nangtung pahareup-hareup. Kitu lah, anggangna téh paling ogé ukur wewelasan méter. Anéh, sakecap ogé taya anu kedal tina biwir maranéhna. Jigana téh cukup diwakilan ku sorot panon séwang-séwangan. Ceuk pangrasana, kaayaan di sakurilingna jadi ngadadak simpé pisan. Meureun bakat ku anteng-antengna museurkeun perhatian.

Gorobas, gubrag! Danu rada ngarénjag, Karis nya kitu kénéh. Bagong gedé naker geus cumagug hareupeunana. Awakna gagadungan, rupana geus semu hawuk. Sihungna anu geus nyengklik kadéngé cutrak-catrék, bari sungutna ngabudah. Igana geus dewang, tapak pakarang.

Teuing saha waé anu kasimana, da meunang dua kiceupan mah taya anu gerak. Kitu deui éta bagong ogé bangun anu reuwaseun, duméh waktu ngagubrag ka anu rada lingih bet aya dua jalma keur nangtung pahareup-hareup. Jeung kabeneranana téh, cumagugna mani pas di tengah-tengah.

Karis anu pangheulana ngabijilkeun hojah téh. Manéhna rikat ngabekaskeun bedil cuplisna. Beledag! Pélorna mancawura, haseup ngebul tina kucubung bedilna.

Lain ogé paninggaran lamun tepi ka luput mah. Komo deui anggangna ukur genep tujuh méteran. Tapi, lain ogé bagong kahot lamun tepi ka rubuh ku sakali ngabedil mah. Apan geus bukti, cenah, sakitu geus diambreg ogé teu daékeun waé paéh, kalah anu morona éléh wowotan bari jeung teuing geus sabaraha hiji anjing anu bangkar.

Bagong téh rikat malik ka lebah Karis. Durugdug narajang, ngudag haseup bedil anu masih ngelun. Karis ngagiwar. Habek bedilna dibabukkeun satakerna kana tonggong bagong. Tapi, batan ngudupruk kalah terus ngabanting, meneran pisan kana lebah pingping Karis. Brah dewang ku sihung, bedilna lésot, Karis tijengkang!

Teu dibéré mingé. Nénjo musuhna éléh papan, bagong terus nguwak-ngawik. Karis teu dibéré kasempetan nangtung heula. Manéhna ukur bisa ngagoréntel, ka kénca jeung ka katuhu. Sok béakkeun ku sia! Keun, ku aing disaksian ti dieu, omong Danu dina jero haténa. Manéhna ngarasa sugema, nénjo jalma anu dipiceuceubna keur digaley ku sato bayangan.

Tapi, lain ogé Karis lamun kudu éléh ku sageprakan mah. Najan geus sababaraha liang kulitna soéh ku sihung, tapi manéhna masih kénéh mampuh ngayonan panarajang bagong. Getih ucrat-acrét kana pucuk jukut jeung daun kirinyuh.

Genep detik, tujuh, dalapan … dua welas ‒lamun téa mah maké ukuran detik‒Karis masih tagen. Manéhna ngagurinjal hudang. Tapi, can ogé nangtungna ajeg, bagong nubruk satakerna. Karis nyengir nahan kanyeri. Gebru labuh, nyangsaya kana canir.

Jiga anu rék dianggeuskeun ku éta sato téh. Katénjona Karis geus teu boga daya pikeun ngalawan. Sajorélat katénjo ku Danu, sorot panon Karis anu geus méh teu dayaan. Ku Danu kabaca, siga anu ménta tulung.

Teuing sora haté anu ti lebah mana nu harita dadak sakala nyieuhkeun kaceuceub. Karis anu sajero lima taun dianggap satru, ujug-ujug robah jadi Karis anu kungsi nyobat dalit jeung manéhna.

Detik anu jadi itunganana. Danu luncat bari mesat bedog. Keplas, meneran pisan kana lebah walikatna. Bubuhan diheumbatkeun satakerna, bedog téh mebes jero pisan.

Bagong rikat malik, narajang ka Danu. Cul waé Karis anu geus nyangsaya mah, sabab terus nyanghareupan musuh anyar. Danu masih kénéh boga lolongkrang pikeun masang kuda-kuda, saméméh bagong narajang. Geus teu cepet ayeuna mah gerakna ogé, bubuhan walikatna geus tatu parna pisan.

Anu kadua kalina Danu bisa ngadékkeun deui bedogna, meneran pisan kana pipi bagong. Hanjakal rada nyolédat heula kana sihungna.

Najan geus ditigas beungeutna, angger waé nyuruntul. Danu mundurna ukur meunang dua léngkah, sabab kahalangan ku catang. Keplas deui kana igana, tapi bagong teu daékeun waé rubuh, malah tungtungna mah manéhna jadi tikoséwad. Manéhna leungit kasaimbangan. Dina kaayaan kitu, bagong nubruk satakerna. Danu tijengkang, cungur sakadang bagong geus aya dina luhureun dadana. Der waé galungan. Bubuhan anggangna kurang ti sajeungkal, Danu teu bisaeun laluasa ngaheumbatkeun bedogna, malah ahirna mah tepi ka lésotna pisan, sabab pigeulang leungeunna kajejek ku suku hareup bagong.

Danu diluluh. Manéhna ukur bisa metakeun dua leungeunna pikeun nahan panarajang bagong. Untungna téh tanaga bagong geus suda pisan, sabab itu ogé sarua pada ripuhna. Awakna geus darewang. Kitu deui Danu, geus méh béakeun tanaga. Dadana karasa eungap jeung nyeri anu pohara, urut ditéjéh ku suku tukang bagong anu sakitu gedéna. Jaba deuih getih ulawéran tina peupeuteuyanana. Barang ngagoréntél ka kénca, dumadakan panonna kacolok ku régang tina catang anu malang téa.

Sabot Danu galungan, Karis ngumpulkeun deui sésa-sésa tanagana. Najan bari jeung jumarigjeug manéhna masih kénéh bisaeun ngadeukeutan Danu anu keur papuket. Leungeun kénca Danu dipaké nyekelan gado bagong, sedeng leungeun katuhuna pageuh ngeupeul ceulina. Guprak ka kénca, guprak ka katuhu. Duanana aduregéng méakkeun tanaga.

Karis ngarongkong bedog anu bieu lésot tina leungeun Danu. Seuseukeut tungtungna dilelempeng kana lebah jajantung bagong. Bari jeung ngagorowok éta bedog ditubleskeun satakerna. Bagong rék malikan ka Karis, ngan ku Danu masih kénéh dicekel pageuh pisan. Bedog dicabut deui. Getih nyereleng tina sela-sela tulang iga. Keplas deui lebah pundukna. Ti dinya mah terus waé dicehcer tepi ka ngalumbrukna bagong téh. Sesegor bari sakarat, kusah-koséh, hos waé paéh!

Karis masih ngajengjen bari nyekel bedog anu lamokot ku getih. Danu ogé maksakeun nangtung. Sanggeus pahareup-hareup, duanana ngaléngkah méh bareng. Pluk bedogna diragragkeun. Karis mencrong ka Danu. Danu ogé mencrong ka Karis. Dina sorot panonna geus ilang seuneu amarah. Anu méncéngés téh ngan kari kasadrah jeung kaléah.

Detik deui waé anu jadi itunganana. Danu jeung Karis silihrangkul. ***

Cibiru, Maret 1992

Edisi majalah: 3006

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Carpon Saéfudin Firmansyah-WAYAHNA
Carita Pondok

Wayahna

Pamajikanna deuih loba kahayang. Samarukna salaki jadi kepala téh kawas batur. Ieu...

Carpon Lemoel-Taun Anyar Nu Ayeuna
Carita Pondok

Maleman Taun Anyar

Harga diri salaku lalaki ancur, asa hina jeung taya guna. Tapi akal...

Carpon Kiki Oke Yasminiati-Nu Nyampeurkeun di Candi
Carita Pondok

Nu Nyampeurkeun di Candi

Dirina pasrah tumarima kana papastén ti nu Maha Kawasa. Geus kudu kitu...

Carita Pondok

Surat dina Buku Agénda

Méméh asup katingali mahasiswa ngagimbung hareupeun rohangan kuliah. Mahasiswa lalaki sawaréh katingali...