Ku Élih Hérlina
Jaman kiwari mah. ngaganti pamingpin téh mani tuksel pisan. Dina sataun di tempat kuring gawé geus tilu kali ganti. Nambahan kariweuh keur bawahanana. Komo bendahara mah, pagawéanana téh ngan bulak-balik ngaganti spécimén wé. Kuring onaman saukur ngaganti SK-SK.
Keur ngimeutan pagawéan nu rada kabolér, torojol Bu Imas, sekertaris PKK. Pamuluna alum.
“Néng, ibu mah rék mundur wé tina sekertaris téh, wios janten kader désa wé.”
Kuring kerung. Anéh puguh gé. Si Ibu nu biasana sumanget bet kawas nu peunggas harepan.
“Ari Ibu kunaon teu puguh-puguh badé kaluar sagala?”
“Ah, Ibu mah da geus kolot,” pokna dumareuda.
“PKK mah teu aya aturan yuswa Bu. Nu penting mah masih kersa sareng tiasa damel,” cekéng téh.
Bingung atuda lamun Bu Imas kaluar mah, kuring nu bakal riweuh. Nu anyar can tangtu kawas Si Ibu. Jelemana daékan, rapékan, tur cingceung. Kuring salaku staff PMD kabantu pisan ku manéhna.
“Ih ari Enéng, Ibu Camat nu énggal mah saurna ketat pisan. Laporan kedah lebet saban sasih. Jabi saurna téh di kecamatan nu ti payun ogé, pengurus téh digarentos ku nu aranom. Améh palinter saurna téh.”
“Ah Ibu, can tangtos atuh. Urang mah tingalikeun wé kinerja urang. Piraku nembé sumping, ujug-ujug ngagentos personil. Barina ogé PKK kecamatan mah teu aya honoran, kasarna mah daék gé untung. Angkat ka dieu ogé pan tara diongkosan.”
“Muhun ari kituna mah tapi tibatan dikaluarkeun mending kaluar ti payun Ibu mah.”
Bu Imas keukeuh hayangeun kaluar. Manéhna masrahkeun buku-buku administrasi ka kuring.
“Mangga Bu, buku mah ditampi. Mung wayahna urang ngariung heula sareng Ibu Camat énggal. Mangga ku Ibu dugikeun naon nu janten angen-angen.”
Nepi kana mangsana sertijab. Ibu Camat heubeul jeung nu anyar diuk ngaréndéng. Kuring nyidik-nyidik. Ningali Bu Camat anyar bet asa-asa. Enya manéhna. Sanajan ayeuna mah geus béda tangtungan jeung gayana tapi moal kapalingan puguh babarengan salila salapan taun.
Réngsé sertijab, Ibu Camat anyar nyaur para pangurus PKK. Kuring salaku staff Pemberdayaan Masyarakat Désa (PMD) kudu ngurus PKK alatan kaasup kana garapanana. Ku Ibu Camat nu kamari-kamari mah kuring diangkat jadi bendahara sanajan ukur ngaran. Jadi basa kudu ngariung heula ogé kapaksa kudu miluan.
Asa hayang sapok-pokeun nanyakeun ngeunaan asal-usulna tapi manéhna haré-haré. Atuh teu wani pok, angkanan téh, engké wé lamun geus nyalsé. Acara dimimitian ku ngawanohkeun diri jeung pancén séwang-séwangan. Saterusna ngadadarkeun program kerja, ditutup ku mariksa buku-buku administrasi. Malahan dimplik-implikan ku kecap rék aya penyegaran pangurus cenah.
Basa réngsé acara, kuring ngawanikeun manéh nanya bari jeung asa-asa ogé.
“Punten dupi Ibu téh Acih Ratnaningsih?”
Manéhna ngarérét terus neuteup ku teuteupan bangun nu teu pati resepeun.
“Pan tadi tos dikenalkeun ku Pa Camat, ngaran sayah Ratna Sari Arifin,” pokna.
“Oh muhun lepat panginten. Sarimbag sareng réréncangan sakola,” kuring ngabéléhém, “Mangga dikantun, Bu. Itu diantosan ku para sékdés nu badé masihkeun proposal,” cékéng téh, rurusuhan indit muru rohangan kuring.
Mangsa keur bébérés rék mulang kadéngé aya nu ngomong di luareun rohangan.
“Pa, dupi rohangan PMD palih mana?”
“Palih dinya Bu. Tuh nu pantona muka!”
Kadéngé trok-trakna sora sapatu jangkung ngadeukeutan. Tangtungan wanoja rada bayuhyuh tur dangdananana ginding nyampeurkeun.
“Ani, hampura sayah téh poho deui!” pokna.
Kuring mésem. Asa kacida nepi ka poho deui. Ceuk batur mah kuring teu loba robahna saukur jadi ngolotan. Pangawakan jeung keureutan beungeut mah angger.
Babarengan jeung manéhna sagulung-sagalang téh ti mangsa SD. Malah mah sok aya nu nyebut Acih téh gandék kuring. Acih urang pasir nu pakéanana kucel. Ari kuring lain sombong, boga rupa kawilang méncéngés diwuwuh ku papapakéan haradé katambah boga uteuk éncér. Saban dibagi raport jadi réngking umum.
Acih sapopoéna nutur-nutur kuring. Omongna mah ngarah kacéprétan pinter. Ari nu puguh mah kalah sok hayang dibéré niron da teu kaotakan cenah. Salian ti éta, manéhna ogé sok nyoro bekel. Manéhna mah aranglangka mekel, boh duit boh dahareun.
Ti basa tamat SMP papisah téh. Kuring nuluykeun sakola di kota, SMA pavorit malah tuluy kuliah ogé di universitas favorit. Ari manéhna mah duka nuluykeun sakola duka henteu. Ngan nu kadéngé mah bapana kungsi jadi kadés.
“Oh teu sawios,” ngawalon asa teu hayang, asa aya nu medenghel dina hulu angen.
“Ari baheula téh lain kuliah farmasi? Naha ayeuna digawé di dieu?”
“Kimia murni. Ngan nya kitu, rejekina sanés di dinya.”
Némbalan téh beuki teu mirasa. Kaseuit lalakon lawas nu matak peurih. Lalakon mangsa kuliah, ceuk mangsa harita mah asa moal pikieueun hirup téh. Jadi mahasiswa nu nyongcolang tur euyeub préstasi. Kungsi jadi wawakil lomba tingkat internasional. Nasib, lain ka dinya kuduna, nepi ka ngalaman DO kuliah.
Untung kénéh ku kolot disesepkeun bisa ngahonor di kantor kacamatan. Dua taun ngabdi nepi ka diangkat jadi PNS, sanajan golongan handap, puguh ijazah nu dipaké ukur SMA. Kiwari geus lima taun, pangkat geus naék satingkat. Ngeureuyeuh kuliah deui dina widang pamaréntahan.
“Oh kitu, matak sayah teu nyangka di dinya atuda. Sugan téh nu mirip wé,” pokna
Ayeuna mah nyebutna ogé ‘didinya’. Baheula mah tara wanieun ngomong kasar ka kuring téh. Aéh kétang meureun pangrasana mah kuring téh bawahan, padahal lain bawahan manéhna, kuring mah bawahan salakina. Ah kaya kieu mah rék eureun wé tina PKK téh.
Dijawab ku mésem bari meper kapeurih, “Aya peryogi naon Ibu téh?”
Sanajan keuheul ogé, narékahan teu nyirikeun.
“Itu, pangurus PKK, saha waé nu perlu dipertahankeun jeung saha waé nu perlu digenti?”
Nanyana éstu matak leuwih medenghel kana angen.
“Ari sanggem abdi mah tos wé nu tos aya. Margi upami digentos mah atah deui. Tapi teu langkung Ibu kétang.”
“Niténan laporan mah, asa teu baralég geuningan.”
“Oh kitu. Teu langkung atuh.”
“Ih ari Ani, sayah ménta bongbolongan. Ani mah leuwih apal, saha-saha waé nu bener digawéna jeung saha-saha waé nu saukur gaya jadi pangurus PKK kacamatan.”
“Muhun sanggem abdi mah, sadayana ogé sami. Atuh kantun pembinaan wé pami kinerjana kirang saé mah.”
“Nyéta hayang nu siap pakai. Ngabina mah lila.”
“Teu aya atuh Bu di dieu mah nu sapertos kitu téh. Angot nu énggal mah langkung ngatog.”
“Ah Ani mah horéam néangan meureun. Ani téh pan PMD jadi wayahna urusan PKK mah sayah bantuan.”
“Pami tiasa mah nu sanés wé Bu. Abdi mah bilih lepat jabi nuju rarépot. Sakedap deui kedah monitoring ADPD. Jabi abdi téh nuju panalungtikan kanggo bahan skripsi.”
“Nya teu bisa atuh, PKK téh aya kaitanana jeung PMD. Lamun embung wayahna wé dilaporkeun ka Pa Camat, di dinya teu bisa digawé. Urusan panalungtikan keur bahan skripsi teu bisa dijadikeun alesan. Éta mah urusan pribadi,” pokna teugeug, gejlig indit ninggalkeun kuring nu hookeun.
Asa hareneg ningali sikepna. Ibu Camat ketakna leuwih ti Pa Camat. Bari ngusapan dada, neuteup ka luareun jandéla. Katempo mobil Toyota Rush hideung, mobil dinesna ngageuleuyeung disupiran lalaki tengah tuwuh, di gigireunana wanoja bayuhyuh nu paromanna cakueum baketut haseum.
Keur kitu aya telepon, tétéla ti Bu Lilis, ketua Pokja 1. Barang diangkat, barabat wé Bu Lilis ogé curhat.
“Néng, Ibu mah badé mundur. Tos sepuh saurna téh. Kedah digentos ku nu anom nu seger, nu pinter. Ibu mah rumaos teu aya katiasa,” pokna téh.
“Saur saha Ibu? Upami Ibu lirén mah gé badé mungkur wé. Angot pami pangurus lami lalirén mah,” cékéng téh.
“Muhun Néng, atuda teu raos. Padahal Ibu nu jadi panglayarna basa anjeunna ngawitan hubungan sareng Pa Arifin téh. Harita istrina nuju teu damang wales. Ari ayeuna mah anjeunna tos jugala dugi ka hilap kana wiwitan.”
“Wios Bu, sing sabar! Kitu kapalayna panginten.”
Ngan sakitu anu kedal mah. Puguh haté mah sarua hareneg. Teu hayang saruana curhat katugenah ti manéhna. ***
Kadatuan, Fébruari 2024
Edisi majalah: 2971
Leave a comment