Ku: HD. Bastaman
Aya nu nyarita mun urang pareng aya di luar negeri hég amprok jeung rombongan nu laleumpangna santéy bari saleuseurian, biasana éta téh rombongan urang Indonesia. Tah, mun aya di antarana nu seuri pangkacirina huntu moal salah deui manéhna téh urang Sunda. Da kawentar atuh urang Sunda mah beuki seuri jeung resep guguyon. Malah jejer obrolan nu matak kataji urang Sunda mah pajah nu pikaseurieun, pikasieuneun, jeung pipanasaraneun. Naon éta téh? Nyaéta carita humor atawa lulucon nu matak ngabarakatak, dongéng jurig jeung ririwa nu mawa muringkak, jeung dongéng-dongéng jorang nu matak … pogot. ‘Ka teuing atuh.
Jejer nu pikaseurieun nu rék dipedar téh ambéh nulisna santéy bari seuri leutik, atuh nu maracana ogé milu umat-imut kahibur, sukur-sukur mun ngabarakatak. Ari jejer nu pikasieuneun mah moal waka dipedar hariwang nu nulisna kukurayeun, nu maraca ngayekyek. Komo nu pipanasaraneun mah… pisan moalna ogé bisi kabaca jeung kadéngé budak. Pangpangna mah kétang bisi dipanggil ka kantor polisi dianggap milu nyebarkeun pornografi. Moal boa ku rédaksi ogé dibléklis teu meunang nulis-nulis deui dina Manglé.
Humor Téh Daria
Masalah humor jeung seuri sihoréng lain masalah leuleutikan, tapi geus diungkab ti jaman Yunani Kuno mangratus-taun saméméh Kangjeng Nabi Isa dibabarkeun, tepi ka jaman filsafat modern. Nu ngungkabna ogé lain jalma joré-joré, tapi para ahli filsafat jadul nu kamashur saperti Sokrates, Plato, Aristoteles, Descartes, Immanuel Kant jeung Thomas Hobe. Malah Henry Bergson mah nyieun buku husus ngeunaan seuri nu judulna “Laughter” alias Seuri.
Sajaba ti ahli filsafat, para élmuwan (hususna ahli psikologi) gedé pisan perhatianana kana masalah humor, sabab humor téh dianggap salah sahiji ciri khas manusa. Da ngan manusa atuh nu mibanda sipat humoristis jeung bisa seuri, hususna nyeungseurikeun diri sorangan. Malah di urang baheula mun aya jalma nu carang seuri, paroman kucem tur nyaritana sarwa dines sok dilandi Si Hayam. Meureun dianggap teu parok jeung jelema.
Naon Ari Humor téh?
Terus-terang hésé nerangkeunana. Komo kudu maké définisi ilmiah mah éstu matak bingung. Contona dina A Dictionary of Psychology karya James Drever aya définisi ngeunaan humor, mun disundakun mah kieu “Humor téh nyaéta kahususan hiji situasi komplék nu nimbulkeun kagumbiraan, sakurang-kurangna seuri, bisa langsung ngaliwatan simpati atawa émpati”. Coba geura mana rasa humorna? Nu aya mah garing tur hésé ngahartikeunana. Tapi sakadar gambaran, humor téh kira-kira kieu ceuk kuring mah: “Humor nyaéta rasa nu nimbulkeun pikaseurieun jeung kagumbiraan”. Stop, tong naroskeun naon ari rasa, gumbira & kagumbiraan, seuri & pikaseurieun. Mending gé dipraktékkeun ku nyalira. Kieu geura carana. Baca rubrik “Barakatak” jeung “Hahaha” dina Manglé atawa nongton pilem Mr. Bean jeung Stand-Up Comedy tina YouTube, ngehkey geura. Sakurang-kurangna imut-kanjut. Mun tacan bisa seuri, titah batur sina ngélékétékkeun cangkéng urang nepi ka urang seuri bari ngejat. Mun keukeuh teu sugema kénéh? Tong ambek mun aya nu nyebut, “Abong Si Hayam.”
Humor dina Kamus jeung Buku-buku Sunda
Dikotéktak dina kamus-kamus Sunda nu aya di imah kecap humor teu kapanggih. Nu aya téh kecap-kecap nu raket patalina jeung seuri atawa polah pikaseurieun. Upamana: lulucon, banyol, guguyon, bodor, ngabodor, bobodoran, bojég jeung ngabojég, gonjak jeung gogonjakan, kaasup pintonan réog jeung banjét nu aya bobodoranana. Kitu deui panakawan (Cépot, Dawala, Garéng) nu paguneman jeung kalakuanana matak sééleun.
Euweuhna kecap humor dina kamus-kamus Sunda lain hartina urang Sunda tuna-humor, tapi nandakeun kecap humor tacan diadopsi jeung diadaptasi kana basa Sunda. Da ari buku carita humor dina basa Sunda mah kawasna geus puluhan nu medal ti jaman Dogdog Pangréwong (1930) jeung Dongéng Si Kabayan (1932) nepi ka jaman serie Sabulangbéntor (Taufik Faturohman) jeung humor-humor millénial kaayeunakeun. Malah carita Si Kabayan mah apan kungsi jadi disertasi doktorna L.M. Coster Wijsman taun 1929. Naha Mevr. Coster Wijsman téh sok dilandi Nyi Doktor Kabayan ku kolégana, teu kapaluruh.
Humor dina Sawangan Psikologi Humanistik
Psikologi Humanistik objék tala’ahna nyaéta: sipat (traits), pamadegan (attitude), situasi kahirupan (existential situation) jeung kualitas-kualitas has manusa (human qualities). Naon baé éta téh? Contona: imajinasi & kréativitas, kasadaran & mekarkeun diri, akal & daya cipta, ajén inajén & ma’na hirup, ulin & kaulinan, nyaah & asih, étika & éstétika, kabébasan & tanggung-jawab, humor & seuri, nyawang bihari & baring supagi. Tah éta di antarana kualitas-kualitas insani nu teu dipibanda ku mahluk séjénna, pangpangna ku héwan. Malah dina Psikologi Humanistik mah manusa meunang jujuluk istiméwa The Self Determining Being, nyaéta mahluk nu bisa nangtukeun jalan hirup jeung nasib dirina sorangan. Dalah dina Islam ogé perkara nangtukeun jalan hirup mah méh sagemblengna disérénkeun ku Nu Maha Kawasa ka umat manusa. Aya réngkolna éta mah dina QS. al-Ra’ad/13 ayat 11: “Saéstuna Allah teu ngarobah kaayaan hiji kaum, nepi ka maranéhna ngarobah kaayaan dirina sorangan”.
Ngeunaan manusa bisa nyeungseurikeun diri sorangan, ceuk David Cohen, salah sahiji pakar Psikologi Humanistik, lantaran manusa mah boga kamampuh nyieun anggang ka dirina sorangan. Self distance atawa Self detachment légégna mah. Cobi geura manahan, mun urang nyeungseurikeun polah sorangan, saha nu nyeungseurikeun jeung saha nu diseungseurikeun? Apan urang kénéh. Hartina manusa mah dina saharita bisa sakaligus jadi subjek nu nyeungseurikeun jeung objek nu diseungseurikeun. Éta kamampuh téh nu ngalantarankeun urang bisa introspéksi, mawas diri, jeung sadar diri. Self awareness istilah légégna, ‘wanoh ka diri sorangan’ basa sundana.
Dina psikologi, wanoh ka diri sorangan hartina paham kana kakuatan jeung kahéngkéran diri sorangan. Éta kasadaran taya lian awal pikeun mekarkeun diri (self development) nyaéta ngurangan kagoréngan jeung ningkatkeun kahadéan nu aya dina diri urang enggoning ngudag karakter mulya alias akhlakul karimah. Geus pasti nu mibanda akhlak mulya mah jalma hadé tur séhat jiwana.
Humor jeung Kaséhatan Jiwa
Prof. G.W. Allport, pakar élmu Psikologi Kapribadian ti Universitas Harvard nyebutkeun pribadi nu jiwana séhat tur sawawa (mature pérsonality) tanda-tandana nyaéta: salawasna ngajembaran diri ku hal-hal nu mangpaat; soméah dina campur gaul; narimakeun manéh kana kaayaan nu karandapan; sawanganana realistis tur objektif; mibanda cecekelan hirup nyaéta agama atawa palsapah hirup; sikepna objéktif ka diri sorangan nu ngawengku bisa humor tur wanoh ka diri sorangan. Tuh geuning rasa humor jeung wanoh ka diri sorangan mangrupa salah sahiji tanda kaséhatan méntal.
Ku kituna humor henteu ngan aya patalina jeung nu pikaseurieun baé, tapi humor téh sihoréng jadi ulikan ilmiah nu daria. Buktina taun 1975 di kota Cardiff Inggris kungsi aya konperénsi internasional ngeunaan humor jeung seuri (International Conference on Humor and Laughter). Konperénsi nu diluuhan ku mangratus psikolog, psikiater, jeung para ahli sosial budaya kaliber internasional ngahasilkeun kacindekan di antarana humor téh mibanda poténsi pikeun mekarkeun kréativitas; ngaleungitkeun kahariwang jeung kasieun; ngarobah hubungan resmi jadi leuwih conggah; pasién leuwih gancang wanohna ka ahli térapi; ngébréhkeun kakeuheul jeung kaambek ku jalan humor mah moal aya matakna.
Teu aya katerangan naha suasana konperénsi ilmiah téh ramé ku nu ager-ageran atawa sabalikna jempling lantaran daria teuing mikiran masalah humor. Mun nepi ka jempling téh kuduna konperénsi nambahan ku kacindekan kieu: studi ilmiah ngeunaan humor bakal ngaleungitkeun rasa humor tina humor. Tong kapalang humor!
Nu Daria Dihumorkeun
Humor nu hakékatna nyangkaruk dina alam rasa mun diulik sacara objéktif rasional atawa disawang sacara abstrak filosofis mah hasilna bisa mangrupa bahasan daria. Tapi sabaliknya dina humor mah sagala ogé, boh jalma boh sato atawa kajadian naon baé bisa dipaké bahan gogonjakan jeung pikaseurieun. Hartina hal-hal nu sapopoé dianggap daria bisa dihumorkeun. Tapi saméméh medar éta hal, urang sawang heula patalina humor jeung seuri.
Humor jeung seuri hésé dipisahkeunana. Duanana sarua ngandung rasa lucu, hégar jeung gumbira tur ngahudang sééleun. Malah seuri sering dianggap wujudna humor. Sabenerna mah duanana teu salawasna sajalan, sabab rasa humor teu salawasna ngawujud seuri. Rasa humor leuwih anteb tur jero karasana dina haté jeung pikiran batan seuri. Cukup ku imut ngawujudna humor mah, teu kudu seuri babarakatakan jeung éak-éakan. Éta ogé rajeun ager-ageran seuri jeung keprok meneran aya kecap jeung kalimah nu keuna kana mamaras rasa humor. Masing sarua seuri, tapi ari seuri ngécé atawa seurina logojo rék maténi pasti lain seuri nu mawa hégar. Komo mun tengah peuting ngaliwat ka komplék kuburan canéom hég ngadéngé sora nu seuri tarik ngahihih téngé tangtu matak muringkak jeung kukurayéun.
Urang sering teu sadar yén seuri ngawengku pikiran, rasa jeung badan sakujur, sanajan nu pangkatarana mah raray jeung sora. Geura titénan éksprési nu keur ngeunah seuri, awakna oyag-oyagan, panon mélétét pétét, baham calangap kaciri huntu, létah katarik ka béh jero kana elak-elakan bari terus kaluar sora ngahahah. Tah, awak nu biasana tumut kana pikiran jeung kahayang, dina keur babarakatakan seuri mah mindeng teu tumut kana kadali pikiran jeung kahayang urang. Hartina beuki ngehkey beuki hésé dieureunkeunana. Disebutna ogé apan sééleun jeung nyeri kulit beuteung. Malah sakapeung aya nu buru-buru lumpat ka kamer mandi bari nyenyekel beuteung béh handap.
Sabalikna dina nahan seuri ogé awak téh mindeng teu tumut kana pikiran jeung kahayang urang. Contona, dina acara resmi ngalantik diréktur anyar nu diluuhan ku para pejabat jeung ondangan séjénna, Bapa Dirjén nu kawentar sarwa daria dina sasauran tur carang imut keur pidato miwejang diréktur anyar. Ti luar ujug-ujug aya ucing bikang lumpat diudag jaluna. Persis hareupeun mimbar nu keur pidato, ucing bikang katewak pundukna, nu bikang éong-éongan, jaluna gegereman. Haliwu. Saréréa satékah polah nahan seuri, aya nu tungkul bari ngarapetkeun biwir, aya nu nutupan baham ku saputangan, malah aya nu ngahaja mindahkeun perhatian tina ucing papuket kana raray Bapa Dirjén nu kucem. Taya saurang ogé nu wani silih pelong sieun teu katahan seuri nénjo batur satékah polah nahan seuri.
Teu béda jeung seuri ngehkey, dina nahan seuri ogé karasa kulit beuteung rengkeng caréham pegel akibat nahan piseurieun nu méh bitu. Éstu bener-bener kondisi kritis, sabab mun aya baé saurang nu teu bisa nahan seuri, tangtu saréréa mo kaampeuh katépaan milu seuri. Meureun cul baé pidato Bapa Dirjén mah teu aya nu maliré, malah bisa jadi anjeunna ogé milu ngabarakatak. Boa pangtarikna.
Nu Piseurieun
Sangkan seuri kudu aya lulucon atawa hal-hal nu pikaseurieun, boh nyata boh dina pikiran wungkul. Teu aya nu seuri teu pupuguh, dalah pasién jiwa ogé nu sok seuseurian sorangan dina hayalna mah manggih nu pikaseurieun. Contona, di ruangan rawat inap bagian Psikiatri aya pasién keur ngehkey seuri sorangan ditanya ku perawat, “Ku naon seuseurian, euy?”
Pasién molotot, “Ngaganggu pisan! Keur pogot lalajo Si Cépot gelut jeung buta nepi ka butana utah emih. Tuh leungit bé. Halik ka ditu déwék rék nyambung lalajo.”
Perawat ngaléos bari gegelendeng, “Dasar si gung-clo.”
Arthur Koestler, pangarang jeung budayawan mashur, dina bukuna The Art of Creation (Seni Daya Cipta) nyebutkeun yén timbulna rasa humor ku sabab aya faktor surprise atawa rénjagan, nyaéta aya nu teu sangka bakal kitu, rada ngarénjag tapi matak hayang seuri. Contona:
Sihoréng
Aya jalma datang ka hiji lembur, terus nanya ka urang dinya nu keur nangtung di pakarangan imahna, “Punten badé tumaros, Mang. Dupi lembur ieu téh namina Cipularang atanapi Cipuralang?”
“Cipulalang, Jang,” walon nu ditanya.
“Oh, Cipulalang. Dupi Bapa didamel di mana?” pokna nanya deui. “Supil tleuk” jawab nu ditanya.
Pelukis abstrak
Kang Ijan kagungan sobat jenenganana Kang Udi, pelukis abstrak nu kamashur di Bandung. Pasosonten Kang Ijan natamu ka bumi Kang Udi. Kasampak sobatna téh nuju jongjon ngalukis di studiona.
“Dagoan heula sakeudeung, Jan, sayah keur kakagokna,” saur pribumi.
“Teu nanaon, sok teruskeun. Keun sayah mah rék ningalian lukisan,” waler Kang Ijan.
Teu lami Kang Ijan sasauran, “Di, ieu téh lukisan énté nu anyar?”
Kang Udi ngarérét sakedap teras ngawaler, “Lain. Éta mah eunteung.”
Nu nimbulkeun piseurieun ogé loba pisan tur rupa-rupa. Di antarana aya hal-hal nu teu parok, jauh ti panyangka, salah harti, sarwa salah, jeung béda persépsi. Geura urang contoan nu salah harti.
Béda ucap
Sersan Manurung, asli Dano Toba, ditugaskeun di lembur Cibeureum ngalatih calon-calon hansip nu kabéh urang dinya.
“Siaaap!” manéhna ngomando.
Anak buah kabéh nangtung ajeg.
“Angkat sénjataaa grak!”
Kabéh anak buah manggul bebedilan masing-masing.
“Létakkan sénjataaaaa grak!”
Anak buah disiplin nurut. Tapi Sersan Manurung kalah ambek, “Kenapa begitu? Aku bilang létakkan sénjata, bukan disuruh dijilat!”
Sarwa salah
Aya budak ngora curhat ka sobatna.
“Aing mah galau. Unggal boga kabogoh tara pisan kapaké ku ema aing. Mun teu pendék teuing, jangkung teuing. Sakapeung gembru teuing atawa begéng teuing cenah. Aya baé nu dipoyokna téh. Bingung aing mah.”
Ceuk sobatna, “Céték atuh éta mah, euy. Pilih baé mojang nu siga ema manéh.”
Walon nu keur bingung, “Éta ogé kungsi, malah can lila. Mawa kabogoh nu rupana siga ema, dedeganana, kulitna katut ka sora-sorana mirip ema. Ayeuna mah giliran bapa aing nu ijideun téh.”
Bahan guguyon
Dina humor mah sagala jeung saha ogé bisa jadi bahan guguyon. Ku kituna loba carita humor ngeunaan santri, pejabat, ajengan, pastor, dokter, olah raga, budak leutik, aki-aki, sélér bangsa, jeung sajabana. Malah sato, robot jeung jurig ogé bisa dihumorkeun. Conto carita humor sato jéung robot.
Béo pintér
Poé Minggu di Lapang Gasibu aya nu ngajual manuk béo.
Céuk nu ngajual, “Bapa-bapa, Ibu-ibu, taringali iéu béo. Tos capétang da tos dilatih. Upami sukuna nu kénca dibétot ka handap, béo bakal nyarios ‘wilujéng énjing’. Upami sukuna nu katuhu dibétot, éta mah ‘wilujéng siang’. Mangga saha nu minat?”
Aya mahasiswa nu kabénéran milu lalajo, ma’lum mahasiswa nanyana kritis, “Kumaha mun suku kénca jéung nu katuhu duanana sakaligus ditarik ka handap?”
“Aingna atuh nu tijongklok, Boloho!” céuk béo nyéntak.
Robot Anti Bohong
Aya hiji jalma beunghar pisan boga anak hiji-hijina, rumaja. Istiméwa pisan kalakuana anakna téh, nyaéta gedé bohong.
Bakat ku geus taak ku kalakuan anak, bapana mesen ti luar negri robot canggih anti bohong. Saha baé nu nyaritana teu jujur bakal kanyahoan jeung ditampiling ku robot. Hiji peuting anak tacan balik baé. Bapana ngadagoan dibarengan ku robot canggih gigireunana. Jam dua kakara datang, langsung ditanya ku bapana.
“Tas ti mana jam sakieu karék balik?”
Walon anakna, “Uih diajar, Pa, sareng réréncangan.”
Can balem-balem acan, ana gampleng robot téh nampiling. Anakna ngagoak. Bapana lain nyombo tapi kalah mupuas, “Puas siah! Yeuh, déngékeun, Bapa mah ti leuleutik nurut jeung bageur teu baong kawas manéh!”
Gampleng robot canggih nampiling bapana nepi ka tikusruk aduh-aduhan. Ngadéngé nu ribut-ribut indungna norojol, nénjo anakna bengep disangkana tapak nyabok bapana, atuh indungna nyarékan, “Ari Bapa kumaha sih? Sadis! Kawas lain ka getih sorangan baé!”
Gampleng si ibu ditampiling ku robot canggih.
Buku-buku Humor Basa Sunda
Lobana buku jeung tulisan ngeunaan humor dina basa Sunda tur rupa-rupa jejer jeung eusina bréh baé kacipta beungharna hazanah budaya Sunda ku carita humor. Éta hartina fénoména humor jeung sipat humoristis geus hirup ti baheula di lingkungan sosial budaya Sunda. Malah sok jadi kacapangan majar urang Sunda mah kawentar resep ngabojég mawa gumbira ka nu araya tur logor dina campur gaul. Moal boa éta téh salah sahiji sipat karakter urang Sunda. Mun bener téh éstu matak bungah, lantaran numutkeun sawangan psikologi mah salah sahiji tanda kaséhatan méntal nyaéta mibanda sipat humor jeung teu hésé seuri, pangpangna bisa nyeungseurikeun diri sorangan. Kadé sing émut, nyeungseurikeun diri sorangan, lain sura-seuri sorangan!
Macaan sawatara buku humor Sunda katiténan lolobana mangrupa kumpulan carita guguyon pikaseurieun nu tacan diklasifiksi dumasar témana. Upamana Seuri Leutik (Ajip Rosidi), Cakakak (Kang Ibing), Dulag Nalaktak (Usep Romli). Sabenerna mah aya tapi tacan loba, di antarana seri Sabulangbéntor-na Taufik Faturohman nu unggal jilidna dumasar téma husus, upamana Humor Persib. Malah Banyolan Sunda: Carita ti Kampung Rancabanyol karya Abah Amin sajaba aya klasifikasi téma (sosial, rumah tangga, sakola, asmara), ngaran-ngaran inohong ogé disebutkeun ti camat nepi ka paraji sunat. Kabéh ogé keur bacaan hiburan mah alus jeung teu nanaon. Tapi pikeun ulikan psikologi mah kudu diteruskeun ku analisa eusi carita, supaya katimu ajén-inajén, proses jeung pola pikir nu nyumput satukangeun carita humor. Tah éta mah bagéan Fakultas Psikologi Unpad, Unisba, Unpas jeung UPI, paguron-paguron luhur nu ngakar dina Budaya Sunda.
Mangpaat Humor
Humor nu kaasup salah sahiji kualitas insani nu ngalantarankeun urang bisa wanoh ka diri sorangan tangtu loba mangpaatna. Di antarana: kahiji, rasa humor nimbulkeun suasana jiwa nu longsong. Nu keur sumpeg ogé maca carita humor mah jadi ngehkey luyu jeung motto “Humor Ubar Lieur”.
Kadua, ngarojong kaséhatan méntal nu tanda-tandana di antarana: soméah dina campur gaul, mibanda cecekelan hirup, narimakeun manéh, jeung bisa humor tur wanoh ka diri sorangan, kaasup bisa kalawan énténg nyeungseurikeun diri sorangan. Dina pajamanan sarwa hariwang kawas ayeuna mibanda kaséhatan méntal kacida pereluna.
Katilu, humor ngalantarankeun masalah nu pirieuteun jeung matak sumpeg jadi leuwih énténg tur longsong. Ku kituna humor ngandung daya terapi. Contona baé Paradoxical Intention salah sahiji tehnik terapi ngagunakeun humor. Prof. Hans Geertz, ahli Logoterapi, kungsi ngubaran pasienna nu ngarandapan obsesi sieun maot. Anjeunna nulis resép nu unina “Maot 3x sapoé”. Maca resépna pasién ngabarakatak nepi ka cirambay. Cageur!
Ciputat, 15 November 2023
Edisi majalah 2973
Leave a comment