Carita Pondok

Hikmah

Ari kuring mah hayang geura minantuan téh sanggeus ngabandungan warta artis anu maot bari can ngalaman minantuan. Ari salaki mah teuing naon kasangtukangna, da kana infotainment mah teu resepeun. Lalajo tivina gé carang. Éta meureun pedah umurna geus kepala lima. Geus meujeuhna minantuan jeung hayang geura boga incu.

Share
Carpon Abdul Kohar-HIKMAH
Share

Carpon Abdul Kohar

Sisinarieun Ceu Hana daék milu pangaosan di masjid. Teuing iraha manéhna panungtungan ka pangaosan. Padahal jarak ti imahna ka masjid teu jauh teu sing. Waras ku leumpang ogé. Peupeuriheun kuring anu imahna leuwih jauh.

Pangaosan mingguan, bari tara lila. Ayeuna mah Ceu Hana sok geus aya di masjid pangheulana. Ibu-ibu tangtu aratoheun sakaligus héran. Geus pati loba anu nyebut sisinarieun. Kuring mah moal nyebut kitu, bisi kasigeung. Mun kasigeung bisi moal daék deui ka pangaosan. Ari pangaosan di lembur sorangan diayakeun saban poé Salasa.

“Rék ka mana Ceu?” tanya kuring dina poé Jumaah.

“Rék ka pangaosan,” jawabna bari imut.

Inditna dianteur ku anakna anu bungsu. Poé Jumaah bagéan pangaosan di lembur tatangga. Jadi aktif pangaosanna teu ukur di lembur sorangan. Ongkoh di lembur tatangga aya barayana. Nyaan ayeuna mah manéhna resep ngahadiran pangaosan.

Kitu deui dina poé Ahad. Ceu Hana miluan pangaosan di masjid agung nu aya di puseur dayeuh kacamatan. Nu haladir dina éta pangaosan ti mana-mendi. Kuring onaman can kungsi pangaosan di éta masjid agung. Kuring jadi mikir naon anu jadi lantaranana. Pasti aya kasangtukangna. Hayang nanyakeun éra. Pikeun manéhna mah teu jadi sual milu pangaosan di mana-mana sanajan di tempat anu jauh. Di imahna aya badéga; pagawéan di imah teu matak ngahalangan kana kagiatan di luar. Béda jeung kuring anu sagala pagawéan di imah ditangkes ku sorangan.

“Tarik-tarik teuing atuh nyetél tivi téh?” ceuk kuring ka budak.

“Aya warta artis anu maot,” ceuk budak.

Geus sababaraha poé dina infotainment ngawartakeun artis maot. Jarang-jarang aya artis anu maot bari henteu gering heula. Matak kitu ogé geus waktuna. Kuring muji kana rupa éta artis anu sakitu geulisna. Jauh dibandingkeun jeung kuring mah anu pakulitan hideung. Muji deui kana sumangetna nyiar pangarti. Teu pédah geus beunghar atawa sohor. Kuring sorangan sakola ukur tamat SMU. Balik deui ka Ceu Hana, aya deui anu béda ti sasari. Ayeuna mah remen katempo maké tiung kalayan rapih. Biasana mah jarang maké tiung, ari lain ka acara-acara masamoan mah. Pakéanana ayeuna mah lalandung.

Ti saprak aya artis anu maot bari henteu gering heula, Ceu Hana jadi robah. Jadi leuwih resep kana kagiatan kaagamaan. Teu nyangka, geuning kitu caritana. Lebah dieu, acara infotainmet aya kaliruna mun disebut euweuh mangpaatna. Buktina Ceu Hana jadi réligius ku ayana éta artis anu maot. Kuring ngahuleng. Mémang éta artis masih katémbong geulis pisan, tapi geus kolot. Umurna geus leuwih ti genep puluh taun. Ras inget kana katerangan, yén umur umat Nabi Muhammad SAW moal jauh ti umur Anjeunna. Hirup di dunya teu lila. Lila mah isukan di alam ahérat. Salila keur aya di dunya, urang kudu loba migawé amal soléh, sampeureun jaga di ahérat.

Tina rumah tangga, kuring boga anak tilu. Awéwé dua, lalaki saurang. Nu cikal anyar kénéh lulus SMU, ayeuna geus digawé di tukang seblak. Nu panengah karék asup SMU. Nu bungsu mah kelas 6 SD. Kuring hayang Ira, anak cikal, geura rumah tangga. Sakola geus anggeus ieuh. Kuring sieun maot bari can kaburu nungkulan anak rumah tangga. Najan ari umur mah saha anu nyaho, boa budak heula anu maotna. Hal ieu kudu diobrolkeun jeung salaki.

“Naon anu dipikahayang ku mamah gé kapikir ku akang,” ceuk salaki.

Kuring bungah. Tapi saterusna kuring jeung salaki bingung.

“Ari budak urang geus bogaeun kabogoh?” tanya salaki.

“Teuing Kang. Asa can kungsi nempo Ira diapélan. Can katémbong manéhna begér,” ceuk kuring.

“Akang yakin manéhna geus begér ngan meureun can aya wé nu cop kana haténa,” ceuk salaki.

Yakin loba anu raresepeun ka Ira. Rupana  kaasup geulis jeung awakna langsing.

“Pokona urang kudu geura-geura ngawinkeun budak! Meungpeung urang masih araya kénéh,” ceuk kuring.

“Naon anu kapikir ku mamah, sarua jeung pikiran akang,” salaki unggeuk.

Ari kuring mah hayang geura minantuan téh sanggeus ngabandungan warta artis anu maot bari can ngalaman minantuan. Ari salaki mah teuing naon kasangtukangna, da kana infotainment mah teu resepeun. Lalajo tivina gé carang. Éta meureun pedah umurna geus kepala lima. Geus meujeuhna minantuan jeung hayang geura boga incu.

Ngaranna gé artis, dimana maot ogé hayuh diwartakeun. Salakina témbong nalangsa kabina-bina. Kuring jadi ngabayangkeun mangsa ka hareup. Teuing kuring heula, duka salaki heula anu bakal tilar dunya. Umur kuring leuwih ngora, sahandapeun salaki, bédana sapuluh taun. Can tangtu salaki heula anu ninggalkeun alam dunya. Kumaha lamun kuring heula? Saumpama kuring heula, kira-kirana salaki rék rumah tangga deui? Biasana lalaki tara tahan ngaduda. Sabalikna, kumaha lamun salaki anu maot ti heula? Kuring jigana moal sanggup nahan kasedih ditinggalkeun ku lalaki anu sakitu dipikacintana. Kudu ngurus sakabéh pagawéan di imah. Teu kabéh pagawéan di imah bisa dipigawé ku kuring kayaning menerkeun listrik jeung kenténg bocor mun pareng hujan. Komo deui ngurus tilu barudak anu can rarumah tangga. Kana moal siap.

Kaayeunakeun kuring jadi leuwih rajin tadarus. Biasana sapoé cukup salambar. Ayeuna mah rék kawas batur, sapoé sajuz. Kasibukan di imah salaku ibu rumah tangga ulah nepi ka ngahalangan pikeun ibadah. Ngan ari kawas Ceu Hana miluan pangaosan di mana-mana mah can bisa. Ku geus miluan pangaosan di lembur sorangan geus cukup. Ayeuna kuring séhat, kitu deui salaki jeung barudak. Ari umur mah euweuh anu nyaho teuing rék nepi ka iraha. Nu jelas, maot teu salawasna dimimitian ku gering. Mémang lolobana mah gering. Di alam dunya moal lila, ieu téh keur ngumbara.

“Can siap rumah tangga Ma, Pa,” ceuk Ira.

Kuring jeung salaki teu bisa maksa. Ira hayang digawé heula cenah. Kahayang mah dimana isuk pagéto maot téh geus ngalaman ngawinkeun anak. Tiluanana geus laki-rabi jeung geus aya anu nyebut nini ka kuring jeung nyebut aki ka salaki.

Edisi majalah: 3006

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Carpon Saéfudin Firmansyah-WAYAHNA
Carita Pondok

Wayahna

Pamajikanna deuih loba kahayang. Samarukna salaki jadi kepala téh kawas batur. Ieu...

Carpon Lemoel-Taun Anyar Nu Ayeuna
Carita Pondok

Maleman Taun Anyar

Harga diri salaku lalaki ancur, asa hina jeung taya guna. Tapi akal...

Carpon Kiki Oke Yasminiati-Nu Nyampeurkeun di Candi
Carita Pondok

Nu Nyampeurkeun di Candi

Dirina pasrah tumarima kana papastén ti nu Maha Kawasa. Geus kudu kitu...

Carita Pondok

Surat dina Buku Agénda

Méméh asup katingali mahasiswa ngagimbung hareupeun rohangan kuliah. Mahasiswa lalaki sawaréh katingali...