Carita Pondok

Hiji Waktu Nu Kalarung

Dina téténjoan kuring, lain baé hayang kadeugdeug ku batur indung daria sasadiaan téh. Daékna kuring macakal ngahuma siga-siga nimbulkeun rasa nu ngagalura dina dirina. Aya ulat bagja, atoh, reueus anu katémbong. Éta téh ti barang kuring wakca hayang ngahuma sorangan, henteu ngan ukur mantuan bapa.

Share
Carpon Hadi AKS-HIJI WAKTU NU KALARUNG warna
Share

Carpon Hadi AKS

Geus datang deui angin selatan. Noélan régang-régang, ngagalisir kana sela-sela babatangan nu ragas, lulumpatan dina pucuk eurih nu garing rék mungkur. Ti Pasir Kutakarang mudun ka lebak ka tegal haréndong, nyéot nebak eurih nu ngageba saparat tutugan. Naék deui ka mumunggang di béh kalér, ngulinkeun daun-daun kalapa, ngahéar patingarulang.

Engké di mana angin geus nedeng, daun kalapa ragem condong ka kalér. Kusut, ririaban kawas buuk parawan. Pasir katut mumunggang témbong jaligrah deui, mapag datangna musim anyar.

Aya haeub nu dibawa ku angin. Aya kakelar nu angger teu laas-laas. Kitu karasana unggal taun. Angin selatan salilana mangpéngkeun panineungan ka waktu nu jauh kalarung.

Bagéa, angin selatan. Waktuna ngahuma geus cunduk.

Kami saréréa ilaharna ketab ka leuweung-leuweung sabab narawas kudu geura dimimitian. Di pasir atawa bubulak, sada kenclong ramé patémbalan. Leuweung haneuteun deui ku gawé, ku harepan-harepan anyar nu terus diparelak ti usum ka usum. Lahan mana nu rék digarap, leuweung mana nu kudu dibukbak, tinggal milih sanggeus dibadé-badé hasilna baris mucekil. Ilaharna leuweung kolot leuweung gerot nu diboro. Naon hartina tangkal sagedé cangkéng, naon mungguhna batang sabeuteung kebo. Rubuh kabéh ogé. Rubuh ku sumanget jeung kayakinan: isukan leuit baris kaeusian.

Nya dina kaayaan kawas kieu, dina gumuruhna angin ‘na babatangan, dina hiji isuk kuring ngagedig indit ka leuweung…

Dina waktu sapuluh poé, pamatang angsana geus kelar jadi lahan pihumaeun.

Kaitung lega lahan téh. Ku taksiran moal kurang ti tujuh beungkeut kudu sasadiaan pibiniheun. Kolot nu ngahatéan. Kudu gedé hawa, cenah. Gedé hawa jeung gedé harepan nu karasa ku kuring. Geus diajam ti béh ditu mula, engké rumpak jami hayang boga “batur”. Ieu ogé kolot deui baé nu ngahatéan mun teu disebut ngosol-ngosol ogé.

Nu matak rada enya-enya ngahuma téh. Hayang mecakan mupugkeun tanaga. Ku itungan, mun téa engké hasilna mucekil, sakurang-kurangna asa kudu meunang lima ratus beungkeut mah. Sugan jejem boga bekel sakitu mah, mun téa engké tulus rumah tangga.

Pihumaeun geus ngeplak. Dua minggu sanggeus diganggang, cacaran terus dihuru.

Nincak usum ngaduruk, taneuh sésa huruan wuwuh seungit kaambeuna. Seungit bumi nu salawasna ngahudang rasa, ngagedurkeun sumanget ka sing saha baé nu nanggeuhkeun hirup ka leuweung-leuweung, ka lahan-lahan pihumaan.

Maleman rék ngaseuk, indung kaprak-keprek nyieun kaolahan. Ngangeun nangka, mindang teri, ngabubur béas ngabubur aci teu wawayagon. Bisi kaisinan, ceuk indung. Moal teu tamplok keur céndoleun. Bubuhan pihumaeun kaitung lega, sasadiaan téh engké salelembur anu rék mantuan ngaseuk-minihan. Kudu kaimpungan cenah dina waktu ngaseuk téh. Kudu haneuteun ngarah katungkulan Déwi Sri. Nu matak dina barang jieun ogé dienyakeun ku indung téh, pangpangna dina nyieun bubur-céndol. Dingeunah-ngeunah téh lain bobohongan. Amis pelemna kudu enya karasa, cenah.

Dina téténjoan kuring, lain baé hayang kadeugdeug ku batur indung daria sasadiaan téh. Daékna kuring macakal ngahuma siga-siga nimbulkeun rasa nu ngagalura dina dirina. Aya ulat bagja, atoh, reueus anu katémbong. Éta téh ti barang kuring wakca hayang ngahuma sorangan, henteu ngan ukur mantuan bapa. Harita bari sakalian kedal ucap hayang rumah tangga saréngséna panén. Tétéla kolot panujueunana. Sidik mupujuhkeunana. Nya nu jadi indung nu kaciri pisan mah, pangpangna kana pamaksudan kuring anu kadua. Dagdag-dégdég, uar-uar ka tatangga. Malah dina peuting harita maleman ngaseuk, piminantueun téh maké diogan sagala rupa, sina milu babantu. Padahal adi gé galituk nu geus singer gawé di dapur téh.

“Maké disina babantu sagala. Kumaha ké mun teu tulus? Isin ku batur kami mah,” kuring gegelendeng.

“Keun baé da geus teu asa jeung jiga ieuh ka Si Niah mah. Baraya kénéh tatéh mun pancakaki mah,” témbal indung.

Isukna, isuk kénéh pisan, tatangga geus rajol nu rék mantuan. Aya puluhna. Teu kudu dibéjaan. Asal nimu béja aya nu rék ngaseuk mah datang baé, mantuan baé. Guyub. Kangaranan ngahuma, liliuran silih béré tanaga téh geus gaplah. Kitu adatna. Silih bantuan ti mimiti nyacar tepi ka engké mangsana ngunjalan paré.

Kuring mandeurikeun manéh indit téh. Nanggung barikeukan, mawa gabah pibiniheun.

Paré reni jeung tambleg binih téh. Paré hawara, téréh kaala. Opat bulan ogé geus dina leungeun paré ieu mah. Kabeneran puguh boga binih téh. Reni katelah geus disanguna. Bodas, pulen bari seungit. Ari tambleg, paré beureum, paré baheula. Semu heuras mun disangu tapi matak kuat kana urat ceuk kolot mah. Nu resep ngingu manuk mah tara kaliwat melak tambleg téh. Matak bagus cenah kana manuk.

Ka dituna lain sual binih nu dipikiran téh. Inget kana kajadian tadi subuh.

Manéhna nu pangheulana hudang téh. Ngaguyah-guyah ngahudangkeun bari tuluy ngaharéwos, anteur ka cai, cenah.

Sajajalan paheneng-heneng baé. Manéhna ti heula bari ngélék kumbaheun. Kuring nuturkeun, mawa obor culu. Can sabaraha lila deudeukeutan téh, keur meujeuhna silih titénan. Nu matak asa ngadak-ngadak ragab manggihan kaayaan kitu mah. Ongkoh reuwas deuih, teu nyangka manéhna wani ménta dianteur ka cai téh.

Kemba salila-lila tungtungna asa jadi budak nganteur téh. Sajajalan tungkul baé, ngan semet bisa nyidik-nyidik bitisna nu ngaborélak ari dibawa ngaléngkah. Manéhna gé boa sarua ngarasa kagok. Kapaksa bangunna ngahudangkeun kuring téh duméh ka tampian kaitung jauh bari kudu ngaliwatan leuweung.

Kadéngé nyarita deui téh (ti barang ngaharéwos ngahudangkeun téa) waktu manéhna rék mandi. Éta gé teu papanjangan.

“Ka béh ditu!” pokna bari méré isarah sina mundur ka kuring, sina ngajauhan. Mun werat mah hayang némbal, ngagonjak kumaha baé. Merenah asana mun ngalalaga ku omongan, ‘keun baé atuh diténjo ku Kaka mah’! Henteu, teu pok. Nu betus mah tungtungna ngan déhém.

Kuring mundur sanggeus nancebkeun obor teu jauh tina babancik.

Negrak tampian téh teu maké pipinding. Sabudeureunana lénglang deuih taya tatangkalan. Jadi keurna mundur ogé bisa hayang museurkeun paneuteup dina kaayaan kawas kitu? Komo deui ieu wanci subuh rebun-rebun, euweuh nu nangénan. Komo deui ieu nu diténjona sasat keur jadi ceungceuman, malah (kitu umumna lalaki)  asa geus jadi milik sorangan.

Lamun tadi di jalan semet bisa maling-maling nénjo bitisna, ayeuna mah atra sabeuleugeunjeur dina cahaya obor nu remeng-remeng.

Parat tepi ka huma lalamunan téh.

Réngsé dalahar, der ngaseuk dimimitian.

Bapa nu ngamimitian, nyocogan sabudeureun pupuhunan. Geus kitu mah nu ngaraseuk laju ngajéjér ngatur sorangan. Aseuk tingarulang, brus-bres nyocog lahan nu seger kénéh karungkup ciibun. Tukangeun nu ngaseuk, parentul nu minihan, baris awéwé jeung barudak aya puluhna.

“Ulah ombol minihanana, barudak!” indung ngagorowok ti saung.

“Enya, écék baé ngarah teu hambur binih. Kieu yeuh Oding, béjérkeun curukna!” ceuk Nyi Sakmah bari nyontoan ka budak gigireunana.

“Ulah gancang teuing héh ngaseukna, ku kami teu katuturkeun!”

“Yéh, huma sakieu legana. Ngarah téréh anggeus.

“Ngarah téréh nguyup bubur nya, Mang Karim?”

Ti gigireun saung maju ngalér, ngudag lahan pasisian. Mapay sisi huma, muter.

“Kapan ngiclik tukangeun batur Si Niah mah. Tuh kaka dia tuturkeun!” Si Jumanta ngagonjak.

“Kudu satia ka beubeureuh mah, Niah. Tuturkeun ka mana-mana ogé, ka pasir ka lebak, ka nu caang ka nu bala!” Mang Ba’in satengah ngagorowok. Manéhna mah kudu harus baé mun cacarita.

“Tuluy rék kumaha mun di nu bala?” Bi Juju ngéngklokan.

“Yéh, maké nanya kumaha, nya kumaha baé!” nu ditanya teu kadéngé némbal. Pantesna ngan kéom baé Niah gé, cara kuring.

“Cenah engké mun geus rumpak jami kawinna, enya, Niah?”

“Heueuh mending rumpak jami kawinna, Ding,” ceuk Mang Mukri ka kuring.

“Kumaha kitu, Mang?”

“Sugan baé rék nurutan kawas dina dongéng téa.”

“Dongéng kumaha, Mang?” kuring panasaran.

“Heueuh baheula ceuk béja, aya nu ngahuma. Éta jalma kedal ucap ka pamajikanana, lamun meunang paré lima ratus beungkeut, urang eembéan handapeun saung.

“Eembéan? Aya-aya baé, tulus cenah?” Bi Umsah bangun milu panasaran.

“Ngaranna gé kaul, pamali mun teu dilakonan. Barang panén meunang lima ratus beungkeut, éta salaki-pamajikan téh cenah laju kokorondangan handapeun saung. Niron-niron embé nu ocon deuk lakian…”

“Bating, amit-amit!” Si Ipah ngajéréwét.

“Keur anteng eembéan, ari lar aya tukang nyadap ngaliwat. Laju reg baé éta jalma ngarandeg bari terus neundeun lahangna. Kaci mun kami miluan? Ceuk tukang nyadap bari deku milu kokorondangan…” ger baé saréréa ager-ageran, haliwu. “Heuheuy deuh, kabitaeun meureun, nyah?”

“Lamun Si Jumanta mah moal nanya deui tatéh Mang Mukri, moal teu laju gapruk baé.”

“Heueuh ngan kudu dok-dak heula meureun ngadu sirah jeung embé nu jaluna,” témbal Jumanta.

“Boa-boa laju dicabutkeun bedog ogé.”

Bubuhan rempeg nu mantuan, wanci tangangé téh geus pupuyuhan. Nu ngaseuk henteu ngajajar ngigir sakumaha tadi, tapi muter nguriling dina lahan aseukan nu pangangeusan. Ngaseukna pagancang-gancang bari hak-heuk salusurakan. Beuki lila beuki ngariut, beuki ngariut. Ceb wéh aseuk nu panganggeusan ditanceubkeun di tengah-tengah. Barudak mah laju tingberebet paheula-heula ka saung. Sung-song nandékeun wadah, hayang geura nyuruput céndol.

Bubur-céndol nu ngamplang lima baskom baradag téh ngan saréak. Didahama bari diuk nuuskeun késang nu ngagarajag, dina catang atawa handapeun rungkun di pasisian. Kani’matan sabada ngaseuk.

Nincak usum ngoréd, hubungan antara kuring jeung Niah, malah antara kulawarga kuring jeung kulawarga manéhna beuki raket. Kaayaan gawé di huma anu ngalantarankeunana. Niah mindeng mantuan ngoréd. Kitu deui indungna. Ngala liur, cenah, padahal lain éta taksiran kuring mah. Aya leuwihna ti sakadar mantuan gawé. Atuh indung nya kitu deui, aya cukang komo meuntas. Sakalieun kuring gawé sorangan di huma, nu nganteuran téh lain adi, sok dititipkeun ka Niah bubuhan henteu pajauh, huma kuring jeung huma pimitohaeun téh. Balukar tina kaayaan kitu sigana, kaharti mun hiji waktu kuring wani pok nyarita:

“Kami mah asa robah pipikiran ieu téh,” ceuk kuring basa manéhna hiji waktu nganteuran. Kumaha ceuk Niah lamun urang kawin ayeuna-ayeuna? Laju togmol baé ngomong téh. Manéhna ukur mencrong, teu némbal bari teu méré semu nanaon. Bangunna geus boga sangka yén kuring rék ngomong kitu, atawa bisa jadi nyumputkeun rasa. Kitu perbawana.

“Maksud ayeuna téh engké, mun paré geus gedé, waktuna nunggu huma. Jadi mun engké panén ceuk Ibu hayang raraméan téh teu lila teuing,” nu diajak nyarita ngeluk baé. Ngan keurna teu kedal ogé kuring geus bisa nyasar jero-jerona. Lelembutanana moal jauh jeung naon-naon anu kapikir atawa karasa ku kuring. Nu matak asa teu perlu kuring nyedek ménta jawaban manéhna téh. Pamulu awéwé kitu umumna, keurna panuju ogé moal tepi ka pok ngaenyakeun.

Cunduk usum paré gedé, huma geus waktuna ditunggu. Batur-batur geus ketab parindah ka huma, saanak-pamajikan. Ukur hiji dua baé nu didongkangan ti lembur téh, nu humana teu pati jauh.

Réngsé walimahan kuring gé terus riringkid, niat rék tetep cicing di huma. Kitu harita pok-pokanana ka nu jadi kolot; ari geus boga batur mah sugan leuwih jejem digawé. Teu réa engké sabada panén? Ari jinisna geus pada-pada cop mah bari papasinian, itu ieu laju sapuk baé. Naon bédana ayeuna jeung daék tarabah, ulah harésé urang kawinkeun baé, ceuk pimitohaeun.

Nya harita, wanci layung hurung konéng, kuring miang ka huma ngiringkeun pamajikan.

Manéhna nu mindeng diiringkeun mun indit atawa balik ti huma, harita mah bet béda ketegna béda héabna kana haté. Rasa manéhna gé moal teu kitu, bari teu kuat kawasna mun kudu nyumputkeun kasuka. Bérag, jigrah, maké bisa ngaheureuyan sagala rupa.

“Ulah meuting di humana nya, Ka?”

“Naha?”

“Sieun, Niah mah.”

“Sieun?”

“Enya, sieun aya nu ngarontok, iy!”

“Da moal dirontok, rék laju di … gégél!”

Keur leumpang téh malik heula, nyiwit kana pigeulang. Wuwuh asa beuki gereget baé. Hayang geura peuting.

Lain, lain duméh rasa kuring nu keur kebek baé. Harita mah manéhna mémang béda katénjona, henteu sakumaha sasari. Di imahna ogé osok manéhna papakéan biasa, maksud téh henteu rudin cara ari keur gawé di huma, tapi harita leuwih nyurup téténjoan kuring. Manéhna ogé ngahaja kawasna, mapantes manéh. Baju sipon héjo lukut, semu carang tepi ka kulitna témbong ngelemeng. Buukna digelungkeun ka luhur, gelung jucung tangka pundukna ngaliglag.

Nu sasari ngajak rusuh mun sakalieun bareng ka huma, harita mah antaré naker. Malah nepi ka hiji mumunggang manéhna maké ngarandeg heula, tatanggahan nyérangkeun layung nu mimiti surem rék karungkup indung peuting.

Peuting harita, mimitian meuting di huma. Mimitian panganténan.

Handapeun saung, seuneu paruman ruhay ngagurah. Haneut karasa ngahéab kana palupuh. Beunang ngahaja sasadiaan ti anggalna, suluh paruman téh catang kihiang méh sagedé-gedé cangkéng. Bisa ruhay tepi ka isuk.

Réngsé dahar, Niah satengah dipaksa diajak ka rorah sina kukumbah wadah. Rada nganah-naha, isukan ogé moal matak nanaon cenah. Ngan manéhna tuluy kéom bari ngabalieus miceun beungeut barang kuring ngaharéwos: “Engké tuluy mandi, nyah?”

Kawas harita pepetaan kuring téh. Sanggeus nancebkeun obor culu sisi tampian, tuluy mundur rada ngajauhan. Ngajanteng nyérangkeun manéhna nu keur mandi tanpa babasah, nu katénjo remeng-remeng dina cahaya obor. Karasa aya nu nyéak saurat-urat. Lebah dieu boa puncakna duriat. Aworna rasa bogoh, héman, katut birahi nu mahabu dina dada kuring. Lalaki!

Waktu ngagayuh lalaunan. Ti huma-huma séjén nu sapiheuleutan, sada nu geureuh ukur kadéngé hawar-hawar. Daun paré ngahéar katebak angin, ditéma ku sosoraan sato leuweung nu maceuh mapagkeun peuting.

Niah lalaunan masangkeun samping kebat, mindingan pangsaréan tina cahaya cempor. Duaan tuluy bareng asup kana kurungan. Nepungkeun kageugeut reujeung duriat, dina kelemengna cahaya, dina ahéngna rasa.

Angin peuting ngoyagkeun deui daun paré, ngaguruh neumbag babatangan sisi huma. Jempling saharita, taya deui nu kadéngé iwal ti gumuruhna rasa nu awor gumulung. Jajantung rosa ngagedur lir ngaduruk saban lulurung. Mumunggang mana nu kudu disaba, leuweung mana nu kudu dibukbak, ieu tanaga deuk dipupugkeun najan késang geus ngucur saluar awak. Ulah mopo tengah jalan, komo bari nginghak rambisak. Urang kudu terus lumampah. Leumpang laun di pudunan, leumpang gancang di tegalan. Lumpat, hayu lumpat sing kuat dina tanjakan. Urang ngudag mumunggang. Mumunggang…, saléngkah deui, sajeujeuh deui. Urang geus tepi ka ieu puncak!

Dina peuting nu beuki jempling, di antara héarna daun paré nu dioyagkeun deui ku angin, kuring jeung manéhna ngajepat namperkeun rasa. Ngulur wangwangan, neuteup poé isuk mangsa huma geus hibar ku paré konéng ….

Angin selatan masih kénéh ngaguruh neumbag babatangan, muragkeun kalakay demi kalakay sempur. Tingkoléang kalakay murag ka sisi lamping, kana lahunan jeung embun-embunan.

Aya nu beuki nyangkaruk dina lelembutan sanggeus ngaheneng nataan udat-udat panineungan.

Saukur haeubna nu bisa dibawa ku angin. Haeub tina mangsa katukang. Kasono nu lawas namper, nu nguntab deui mun cunduk waktuna ngahuma boa kudu hantem terus dipeper. Saha nu bisa mulang deui malikan poé kamari?

Ngan rasa nu bisa ngararampa naon-naon nu ngalangkang dina ingetan, kajadian demi kajadian.

Di dieu, di mumunggang nu ieu, manéhna kungsi tatanggahan nyérangkeun layung. Di pamatang nu itu, nu ayeuna geus salin rupa jadi tegalan eurih, kungsi hibar paré konéng sapamatang. Nya harita aya nu beuki kokolébatan dina kongkolak mata, isukan tulus rék hajat kariaan. Tapi dina hiji waktu, ceuk manéhna:

“Urang moal tulus kariaan téh, Ka!”

Ngan éta nu kedal. Kalimah panungtung sanggeus manéhna ku kuring dipayang ti tengah huma. Getih baloboran tina bitisna. Peurah oray gangas nyaliara, ngaremus urat-uratna tepi ka geuneuk ngabiru.

Manéhna teu kungsi manggihan panén. Teu nyaksian ngembatna paré beungkeutan dina lantayan‒ladang késang paduduaan nu diancokeun pikeun hajat panganténan. Daun sempur ngoléang murag deui ku angin.

Kuring cengkat lalaunan, mudun ninggalkeun éta mumunggang. Haté geus leler. Sadrah teu kudu tumanya, naha manéhna mulang, atawa ka mana ngaleungitna huma-huma pananggeuhan saréréa. Keun baé angin selatan terus gumuruh ‘na babatangan. Ngoyag-ngoyag tegalan eurih di lahan-lahan nu ngagarung.

Edisi majalah: 3005

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Carpon Saéfudin Firmansyah-WAYAHNA
Carita Pondok

Wayahna

Pamajikanna deuih loba kahayang. Samarukna salaki jadi kepala téh kawas batur. Ieu...

Carpon Lemoel-Taun Anyar Nu Ayeuna
Carita Pondok

Maleman Taun Anyar

Harga diri salaku lalaki ancur, asa hina jeung taya guna. Tapi akal...

Carpon Kiki Oke Yasminiati-Nu Nyampeurkeun di Candi
Carita Pondok

Nu Nyampeurkeun di Candi

Dirina pasrah tumarima kana papastén ti nu Maha Kawasa. Geus kudu kitu...

Carita Pondok

Surat dina Buku Agénda

Méméh asup katingali mahasiswa ngagimbung hareupeun rohangan kuliah. Mahasiswa lalaki sawaréh katingali...