Home Atikan Budaya Hidroponik Tatanén Téréh Panén
Budaya

Hidroponik Tatanén Téréh Panén

Hidroponik mangrupa cara tatanén anu teu ngagunakeun taneuh (soiles) pikeun média pelakna, tapi ngagunakeun cai jeung média pelak nu disebut ‘inert’ nyaéta média pelak nu teu ngabogaan unsur hara.

Share
Hidroponik Tatanén Téréh Panén
Hidroponik
Share

Ku: Edoy Suhendar

Naha enya tatanén hidroponik téréh ka panén? Enya. Sababna, pepelakan nu digedékeun ku sistem hidroponik mah tumuwuhna leuwih gancang dibandingkeun jeung pepelakan nu dikokolakeun maké sistem tatanén konvénsional. Sistem hidroponik dirarancang pikeun méré nutrisi nu luyu jeung pangabutuh pepelakan nepi ka pepelakan teu ngarandapan ‘defisiensi nutrisi’. Lian ti téréh gedé, tatanén hidroponik bébas tina hama nu ngaganggu pepelakan (gulma), nutrisi bisa diatur ku cara basajan, resiko polusi nutrisi kimia leutik, gampang dikokolakeun di imah, sarta sirkulasi cai tuluy tumuluy; bisa dipaké keur kaperluan séjén saperti akuarium. Hasilna tangtu leuwih mucekil.

Hidroponik mangrupa cara tatanén anu teu ngagunakeun taneuh (soiles) pikeun média pelakna, tapi ngagunakeun cai jeung média pelak nu disebut ‘inert’ nyaéta média pelak nu teu ngabogaan unsur hara. Média pelak inert biasana dipaké pikeun  ngadogong pepelakan supaya jadina bisa ajeg, henteu doyong. Conto inert : keusik, batu apung, spons, ‘rockwool’, bulu domba, bubuk bata, jsb.  Nu dipelak maké sistem hidroponik biasana sayuran daun jeung sayuran buah saperti bayem, kangkung, saladah, sasawi, tomat jeung cabé. Salian ti sayuran, bungbuahan saperti mélon jeung kekembangan (tanaman hias) ogé bisa dipelak ku cara hidroponik. Tapi saayeunaeun mah nu dipelak maké sistem hidroponik téh lolobaba sayuran daun.

Salian ti butuh cai jeung média pelak, pepelakan hidroponik kudu dibéré nutrisi nyaéta zat-zat anu dipikabutuh ku pepelakan hidroponik. Cara méré nutrisina nambahkeun unsur hara kana média pelak. Normalna unsur hara saperti nitrogén, fosfor keur kakuatan akar, kalium keur ngabantu prosés fotosintésis, sulfur jeung magnésium  nyampak dina taneuh. Tapi lantaran média pelak henteu ngagunakeun taneuh, kudu aya nutrisi husus sangkan pepelakan hidroponik bisa jadi kalawan subur. Nutrisi hidroponik gé kudu ngabogaan unsur mikro saperti beusi, mangan, seng, boron, klor jeung molibdenum.

Aya sababaraha rupa nutrisi hidroponik nu dijual di toko, di antarana AB-Mié anu di jerona aya nitrogén, fosfor, kalium, kalsium, jeung mangan. Aya deui VeggieMié nu diformulasikeun husus keur pelak sayur, jeung Royal Hidroponik nu diformulasikeun keur pelak sayur daun. Biasana, nutrisi dina kemasan geus dilengkepan ku pituduh cara ngagunakeunana. Ulah méré nutrisi ngaleuwihan dosis nu dirékoméndasikeun lantaran pepelakan bisa paéh. Méré nutrisi awal teuing gé goréng akibatna keur pepelakan.

Urang ogé bisa nyieun nutrisi hidroponik tina bahan-bahan alami saperti jarami, huut, tai kelenci, gula beureum, sangu haseum, gula bodas, tai hayam, cikiih kelenci, alga, cikalapa, gedebong cau, jeung bioaktivator. Bioaktivator  nyaéta bahan pikeun nyieun gemuk anu ngabogaan mikroorganismeu aktif nu bisa mantuan nga-dékomposisi jeung férméntasi runtah organik nepi ka jadi gemuk.  Bioaktivator bisa dibeuli di toko gemuk, toko kembang, atawa toko usaha tani. Mun euweuh di toko,  bioaktivator bisa dijieun tina susu murni, tarasi, peujit hayam atawa lauk, ganas, cai jeung bakatul. Nutrisi hidroponik jieunan sorangan biasana diantepkeun salila 7 -10 poé supaya ngaluarkeun ‘cairan’ hasil férméntasi nu engkéna dipaké keur nutrisi hidroponik.

Tatanén hidroponik loba kaunggulanana upama dibandingkeun jeung tatanén konvénsional. Tatanén hidroponik teu loba ngagunakeun cai. Contona, keur ngahasilkeun sakilo tomat, umumna butuh cai 400 liter. Upama ngagunakeun sistem hidroponik ngan butuh cai kira-kira 70 liter. Ngirit cai tangtu alus pisan, miara lingkungan ka hareupna. Lian ti éta, wewengkon nu hésé cai boga solusi pikeun ngahasilkeun sayuran atawa bungbuahan. Métodeu hidroponik méré lolongkrang ka daérah anu arang hujan pikeun produktif, teu salawasna gumantung ka daérah séjén.

Kaunggulan séjén sistem hidroponik di antarana hasil panén leuwih loba, leuwih stéril jeung beresih boh prosésna boh hasilna. Média pelak bisa digunakeun sababaraha kali sarta pepelakan téréh gedé. Tatanén hidroponik bisa dilaksanakeun di imah lantaran beresih jeung ‘ramah lingkungan’. Pepelakan anu diteundeun di jero imah atawa di buruan henteu ngagunakeun taneuh, jadi moal aya taneuh nu ragrag matak kotor. Husus keur kekembangan, kelir kembang bisa diatur nurutkeun kahayang. Carana ku ngatur tingkat ‘keasaman dan kebasaan’ nutrisi. Tapi, ieu téhnik mah butuh kaahlian husus.

Kakurangan hidroponik, di antarana modal awalna gedé utamana upama nyieunna skala gedé. Modal nu gedé téh keur ngawangun instalasi tina pipah paralon, selang, mesin kompa aquarium, média pelak jsb. Bahan jeung alat hidroponik gé rada hésé. Teu sakabéh toko usaha tani ngajual alat jeung bahan hidroponik. Umumna, alat jeung bahan dijual di toko husus hidroponik. Patani nu ngokolakeun hidroponik kudu boga katapis dina sual pepelakan saperti nyieun bibit jeung ngarawat pepelakan luyu jeung karakterna. Tatanén hidroponik, nutrisi jeung pH cai kudu dikontrol tulatén.

Aya sababaraha téhnik tatanén hidroponik anu bisa dipilih upama arék mitembeyan jadi patani hidroponik/patani urban. Téhnik-téhnik tatanén hidroponik téh di antarana DFT (Deep Flow Technique), NFT (Nutrient Film Technique), Wick atawa sumbu, rakit apung, vertikular atawa tower, bubbleponic jeung sajaba ti éta.

1. Téhnik DFT (Deep Flow Tehnique)

Téhnik hidroponik DFT (Deep Flow Technique) nyaéta sistem hidroponik nu ngagunakeun cai nu ngamalir (‘mengalir’) pikeun méré nutrisi ka pepelakan. Akar pepelakan kudu kakeueum sangkan bisa nyumponan pangabutuh nutrisi teu kendat salila 24 jam. Jadi, hidroponik nu ngagunakeun téhnik DFT, cai tina bak tandon nu geus dinutrisian disirkulasikeun ka sakabéh instalasi hidroponik. Sanggeus ngaliwatan jeung ngeueum akar pepelakan, cai balik deui kana bak tandon. Kitu saterusna.

Sirkulasi cai tina bak tandon kana instalasi ngagunakeun mesin kompa cai. Kakuatan mesin kompa cai diluyukeun jeung luhurna instalasi jeung lobana jalur instalasi nu baris dikocoran cai. Luhurna cai dina instalasi idéalna 1 – 3 cm. Ulah luhur teuing. Lamun luhur teuing, akar pepelakan bakal buruk, lila-lila paéh.

2. Téhnik NFT (Nutrient Film Technique)

Hidroponik nu ngagunakeun téhnik NFT rék sarua jeung nu ngagunakeun téhnik DFT. Bédana, nu ngagunakeun téhnik NFT cai dina instalasi leuwih leutik. Aya nu nyebut caina ipis, nepi ka dibandingkeun jeung keretas film. Cai dina instalasi hidroponik téhnik NFT ipis siga keretas film.  Ku kituna, téhnik NFT leuwih irit cai ti batan téhnik DFT. Tapi téhnik NFT aya éfék négatifna. Lamun pareum listrik atawa mesin kompa cai ruksak, instalasi bakal garing. Lamun instalasi garing pepelakan bakal déhidrasi, terus paéh.

Sarua jeung téhnik DFT, sirkulasi cai tina bak tandon kana instalasi ngagunakeun mesin kompa cai nu diluyukeun jeung kapasitas instalasina. Lantaran cai dina instalasina saeutik, ipis, mesin kompa caina nu dipakéna gé leuwih leutik batan mesin kompa cai keur instalasi DFT nu kapasitasna sarua.

3. Téhnik Wick atawa Sumbu

Téhnik wick atawa téhnik sumbu jadi pavorit keur nu ngalalanyahan tani hidroponik. Malahan, téhnik sumbu jadi matéri dasar pangaweruh hidroponik. Tatanén hidroponik maké téhnik sumbu nyaéta sistem hidroponik nu ngagunakeun sumbu kapilér keur ngahubungkeun cai tina bak tandon kana akar pepelakan. Sumbu dina téhnik wick biasana ngagunakeun lawon flanél atawa bahan séjén nu miboga daya kapilér hadé. Téhnik sumbu bisa diaplikasikeun ti mimiti hidroponik skala leutik nepi ka skala industri.

4. Téhnik Rakit Apung

Téhnik rakit apung atawa ‘floating raft’ nyaéta sistem hidroponik nu ngahijikeun/ ngintegrasikeun bak tandon jeung pepelakan. Bédana jeung téhnik wick, téhnik rakit apung mah henteu ngagunakeun sumbu kapilér keur ngahubungkeun akar pepelakan jeung cai tandon. Akar pepelakan ditémpélkeun langsung kana bak tandon ku cara diambangkeun dina beungeut cai.  Sangkan pepelakan bisa ngambang, bisa ngagunakeun ‘stereoform’ atawa bahan séjén nu bisa ngambang. Keur optimalisasi oksigén, hadéna bak tandon dilengkepan ku aérator supaya pepelakan téréh gedé, téréh dipanén.

5. Téhnik Vértikular atawa Tower

Téhnik vértikular kaasup téhnik pangéfisiénna lantaran pepelakan dipelak sacara vértikal atawa ngawangun tower. Téhnik vértikular béda jeung téhnik séjénna utamana dina sual irigasi. Dina hidroponik téhnik vértikular, akar pepelakan disiram ku ‘bintik’ cai nutrisi (nyarupaan ibun) terus-terusan. ‘Bintik’ cai dijieun ku cara ngompa cai tina bak tandon ka luhur terus dikaluarkeun lalaunan. Salah sahiji kakurangan téhnik vértikular lamun aya gangguan mesin kompa cai. Mun elat nyiram, pepelakan bisa déhidrasi.

5. Téhnik Bubbleponic

Bubbleponic nyaéta téhnik hidroponik nu ngandelkeun ‘gelembung udara’ nu dihasilkeun ku sistem aérasi supaya pepelakan jaradi lantaran cukup oksigén. Ku ngagunakeun téhnik bubbleponic, akar pepelakan tetep aya jero cai nu geus dinutrisian. Ku cara kieu, pepelakan hidroponik jaradi,  salubur.

Edisi majalah: 2996

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Pedaran Budaya-Batik Trusmi
Budaya

Trusmi, Puseur Batik Cirebonan

Ku: Ceuceu Gumilang Sing saha nu kungsi ulin ka wewengkon Cirebon nu...

BMKG
Budaya

BMKG Nalingakeun Galagat Alam

Ku : Edoy Suhendar Lamun karasa aya lini, nu didagoan ku masarakat...

tradisi badud
Budaya

Badud, Hirup Teu Neut Paeh Teu Hos

Ditulis ku: Ummi Annadzriel Wanoh jeung seni badud téh mareng jeung apal...

Kuliner Basisir Kaler
Budaya

Kuliner Basisir Kalér

Ku: Ceuceu Gumilang Cirebon kaceluk ku ayana makam salah saurang Wali Songo,...