Home Gaya Hirup Implik-implik ‘Hate Leutik’ Siap Ngaramékeun Blantika Musik
Implik-implik

‘Hate Leutik’ Siap Ngaramékeun Blantika Musik

Share
Share

Lagu Haté Leutik bakal ngeuyeuban lagu lagu Sunda nu geus ti heula aya. Wandana (génréna) kaasup kana Pop, sangkan bisa ditarima ku kaum milénial. Kumaha lalakonna nepi ka ‘Haté Leutik’ bisa ngawujud? Manglé ngobrol jeung Kang Yana KD, nu jadi penyanyina. ***

Sanggeus ditunggu-tunggu sababaraha waktu lilana, antukna Lagu Haté Leutik bisa nepungan keur nu mikacinta kana lagu-lagu Sunda. Kitu téh sanggeus resmi ‘direalese’ 10 Januari 2025, dina Chanel You Tube Guscihuy Production bogana Kang Gustiawan.

Gaya Yana KD mun keur nyanyi.

Hal éta dilisankeun ku Yana KD basa ngobrol di RDR Fitness, Jalan Sadang Sérang Kota Bandung, tempat biasa dirina olahraga, Senén, 6 Januari 2025.

Nurutkeun Yana KD, Lagu Haté Leutik karya Kang Wantika anu diaransemén ku Kang Adi Gunawan  saeutikna bisa ngeuyeuban lagu-lagu Sunda anu geus ti heula aya. Boh anu dinyanyikeun ku biduan séjén, atawa anu mémang dinyanyikeun ku dirina.

“Harepanana, hoyong tiasa ditampi ku kaum milénial,” ceuk Yana KD.

Yana KD jeung Adi Gunawan réngsé rékaman ‘Hate Leutik’ di Studio DND.

Lain tanpa alesan lamun Kang Yana harepanana saperti kitu. Sabab lagu-lagu daérah anu nganasional téh kiwari mah henteu didominasi ku lagu-lagu Jawa wungkul saperti lagu Stasiun Solo Balapan nu  dinyanyikeun ku Didi Kempot almarhum.

“Lagu ‘Runtah’ karya Doel Sumbang gé pan kaétang viral. Nganasional. Saha nu terang upami ‘Haté Leutik’ gé siga kitu,” Yana KD nandeskeun.

Pikeun ngahontal kayakinan éta, Yana KD boga bekel nyaéta sora anu halimpu. Kitu deui dirina geus biasa manggung sarta saméméhna kungsi ngaluarkeun albeum atawa lagu saperti ‘Jalir Jangji’, ‘Kalangkang Anjeun’ jeung anu lianna.

Bandung Musik

Yana KD dina acara Katumbiri TVRI Jawa Barat.

“Saleresna awalna mah sim kuring aya di Bandung Musik anu ngaluarkeun albeum ‘Jalir Jangji’ (Dayu AG), ‘Kalangkang Anjeun’ (Yanto Esa), ‘Anjeun’ (Yana Kermit) sareng nu sanésna. Teras ogé di Gasentra Musik Pajampangan Sukabumi ngaluarkeun lagu ‘Miang’ sareng ‘Kasiksa’,” ceuk Yana deui.

Malah ceuk Kang Yana, kungsi ogé di SL Musik Chanel-na Kang Sule nyaéta lagu ‘Sabeulah Leungeun’. Kitu deui di Chanel Hj. Puspitawati kungsi nyanyi lagu ‘Wibawa Cinta’ jeung ‘Ukur Kalangkang’ duét jeung Hj. Puspitawati.

“Kantos ogé kana lagu dangdut di label Rajawali Musik sarta kiwari lagu Haté Leutik nu diorbitkeun dina Chanel You Tube di Guscihuy Production gaduhna Kang Gustiawan,” Kang Yana nétélakeun.

Ceuk Yana KD, eusi lagu Haté Leutik téh nyaritakeun lalaki anu dihianat cintana sabab bébénéna boga kabogoh deui. Tapi henteu nepi ka jadi ngéwa, malah ngaridokeun sabab embung jadi kagoréngan.

“Kantun langkung dipromosikeun di Radio Dahlia Bandung, sarta sababaraha radio sanésna anu aya di Bandung, Tasik sareng Garut. Kitu deui sareng sababaraha TV swasta” ceuk Yana deui.

Ku sabab saméméh resmi ‘launching’ di You Tube ogé geus diuar-uar saperti dina Tik-Tok, geus loba nu ménta idin ‘Haté Leutik’ rék di’cover’keun.

“Kantun ‘deal-dealan’ sareng penciptana. Da ayeuna mah teu hariwang. Lagu-lagu Sunda tos seueur nu di ‘cover’keun,” Yana nandeskeun.

Lian ti lagu Sunda, Yana gé ngeureuyeuh kana lagu réligi. Rencanana Pébruari keur nyanghareupan Ramadan, geus siap tayang lagu Munajat Cintaku karya Kang Nino Mandala nu kungsi boga ngaran dina  AKSI Indosiar.

Nu geus ti heula tayang mah nyaéta ‘Yaa Rahman Yaa Rahim’ nu dina taun 2019 asup 10 besar Top Like SHI sa-Asia Tenggara. Komo di Malaysia mah sohor pisan. Kitu deui nu mangrupa ‘cover’ mah geus réa pisan. “Mudah-mudahan wé ku gebrakan Lagu Haté Leutik, kaum milénial anu tadina teu resep kana lagu Sunda janten resep,” Yana KD pinuh harepan. ***

Mangle No. 3011

Share
Written by
EEP NR -

Wartawan Majalah Basa Sunda Mangle yang tegabung dalam Persatuan Wartawan Indonesia Jawa Barat. Juga Atlet Tenis Meja Porwanas Jawa Barat.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Implik-implik

Banjarmasin Kota Sarébu Walungan

Unggal daérah atawa kota sok boga jujuluk. Contona Garut nu sok disebut...

Implik-implik

Lalampahan ka Prambanan

Candi Prambanan geus kasohor ka mamana. Pada ngadatangan lain waé ku wisatawan...

Implik-implik

Tebing Karaton Éndahna Pamandangan di Lamping Gunung

Tebing Keraton atawa Tebing Karaton mangrupa déstinasi wisata bagian tina Taman Hutan...

Implik-implik

Abah Udin Milu Ngaramékeun Pasar Kopi di Tatar Jabar

Keur sabagian jalma, kopi dianggap jadi kabutuh nu utama. Malah nginum kopi...