Kota Bandung-Fakultas Syariah Universitas Islam Bandung (Unisba) ngimeutan deui hilal 1 Syawal 1446 H, nu dilaksanakeun di Observatorium Albiruni Unisba, Saptu (29/3/2025). Kagiatan éta dilaksanakeun kalayan rukun gawé jeung Kanwil Kementerian Agama Provinsi Jawa Barat sarta Badan Hisab dan Rukyat Daerah (BHRD) Jawa Barat.
Dekan Fakultas Syariah Universitas Islam Bandung (UNISBA) Dr. N. Eva Fauziah, Dra., M.Ag., dina biantarana nétélakeun yén kagiatan ngimeutan hilal téh maneuh dilaksanakeun dina raraga nangtukeun 1 Romadon jeung 1 Syawal. Demi kagiatan lianna mah keur neuleuman paélmuan.
“Lian ti mahasiswa, kantos aya akademisi ti Malaysia nun giring kagiatan di Observatorium Albiruni,” pokna.
Kepala Observatorium Albiruni Unisba, Encep Abdul Rojak, nétélakeun yén langit Kota Bandung téh béngras. Maju ka sareupna éndah dipulas layung. Ngan wanci surup panon poé hilal henteu némbongan.
“Janten hilal téh masih sahandapeun 3 darajat, teu tiasa katingal,” ceuk Encep tandes naker.
Luyu jeung data astronomis, surup panon poé pukul 17.52 WIB, ngimeutan hilal dimimitian pukul 17.59 WIB. Luyu jeung konjungsi. Konjungsi téh mangsana bulan jeung panon poé aya dina sagaris astronomis.

Ngimeutan di Observatorium Albiruni dilaksanakeun kalayan dirojong ku pakakas canggih. Ti pukul 13.30 WIB, tim tas ngalaksanakeun kalibrasi, ngéker-ngéker sarngéngé. Kalibrasi éta mastikeun akurasi pakakas saacan lumangsungna prosés rukyat.
“Sadayana peserta rukyat tiasa ngimeutan laju laporan upami tiasa ningal hilal,” pokna.
Hasil ngimeutan hilal nu dilaksanakeun di Unisba téh dilaporkeun ke Kementerian Agama RI pikeun bahan sidang isbat. Dumasar sidang isbat, Kementerian Agama (Kemenag) netepkeun 1 Syawal 1446 Hijriah atawa Idulfitri 2025 ninggang poé Senén, 31 Maret 2025, Hal éta ditepikeun ku Menteri Agama RI Nasaruddin Umar di Auditorium HM Rasjidi, Jalan MH Tamrin, Jakarta Saptu (29/3/2025).
“1 Syawal 1446 H téh ninggang dinten Senén kaping 31 Maret 2025 maséhi,”
Anapon netepkeun 1 Syawal atawa Lebaran 2025 téh ditepikeun dina konferensi pers Sidang Isbat nu bahanna tina laporan hasil ngimeutan di 33 titik lokasi.***
Leave a comment